Cimulya, Cimahi, Kuningan

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Désa  Cimulya

Peta lokasi Cimulya
Propinsi Jawa Barat
Kabupatén Kuningan
Kacamatan Cimahi
Nami Kuwu
Lega
Jumlah pangeusi
 - Kapadetan

Cimulya nyaéta salasahiji désa di kacamatan Cimahi, Kabupatén Kuningan, Propinsi Jawa Barat, Indonésia.

Sajarah[édit | sunting sumber]

Cimulya kapungkurna mangrupakeun hiji kampung nu namina Girangcimuncang, lebet ka desa Gunungsari. Dina tahun 1942, kampung Girangcimuncang katarajang wabah panyakit nu katelah botoleun, katambih deui kaayaan kampungna kaancam ku longsor. Ahirna para tokoh kampung ngayakeun musawarah, hasilna nyaeta supaya kampung Girangcimuncang pindah lokasi ka tempat nu tiasa kakeunaan ku cahaya panonpoe enjing-enjing. Tempat nu kapilih nyaeta di handapeun Gunung Puncakmanik palih wetan nu aya tanda kapungkur mangrupi kuburan tongkat Sunan Kalijogo nu katelah Buyut Dukuh. Jumlah masarakat kampung Cimuncang dina danget eta kirang langkung 100 jalmi.

Di pakampungan nu enggal ieu, para tokoh muda musawarah nangtukeun nami kampung. Ahirna diputuskeun nami kampung enggal ieu nyaeta Kampung Cimulya nu ngandung harti Ci = Cai/Air, Mulya = kamulyaan/kabahagiaan. Cimulya hartosna kampung nu bisa ngamulyakeun. Dasar pamikiran ieu nyaeta ku calageurna para warga nu kasorang panyakit botoleun. Saterasna di kampung Cimulya diangkat pamingpin kampung nyaeta lurah Dongkol. Kampung Cimulya rame didongkapan ku jalmi-jalmi ti manca desa sapertos Gebang, Cibeureum, Dodog, Cirebon, Luragung, jeung nu sanesna. Para pengunjung loba nu netep jadi warga malih mah aya katurunan ti Cina dongkap. Dasar hukum nu nguatkeun posisi Kampung Cimulya nyaeta taun 1945 nalika Indonesia merdeka teras Presiden Soekarno mengumandangkeun maklumat hadiah kamerdekaan ka masarakatna mangrupi bebas nangtukeun tempat tinggal. Taun 1988 kampung Cimulya dimekarkeun janten Desa Cimulya. Kaayaan desa Cimulya dugi ka danget ieu masih sangketa sareng tanah kahutanan, padahal nurutkeun sejarah ngalihna kampung Girangcimuncang ka desa Cimulya dina tahun 1942 sateuacana merdeka, dupi kahutanan (Perumperhutani) diresmikeun taun 1970-an.

Pangwangunan desa Cimulya pesat pisan malihmah kiwari tos aya SMP Satu Atap. Di sabeulah kulon desa Cimulya aya gunung nu bentukna jiga parahu tibalik. Konon gunung ieu kaasup legenda Sangkuriang ti daerah Cirebon. Gunung Tangkuban Parahu nu aya di Cimulya namina gunung Puncakmanik nu dina Babad Cirebon dikenal Gunung Cupumanik. Gunung Puncakmanik ngagaduhan sagudang carita jeung riwayat nu aya patula-patalina sareng Kasultanan Cirebon, Adipati Kuningan, Raden Kiansantang, Raden Walangsungsang, Ratu Larasantang, sareng Pangeran Gebang.

Perjuangan masyarakat desa Cimulya kanggo ngesahkeun desana supados gaduh pangakuan nu syah ti pamarentah pusat tos dugi ka meja DPR pusat mudah-mudahan tiasa enggal kenging pangakuan ti Bapak Presiden RI. Desa Cimulya palih kidul berbatesan sareng desa Sukadana, palih kaler desa Gunungsari atawa desa induk asal, palih wetan desa Cisaat kacamatan Cibingbin, palih kulon desa Margamukti. Kapala desa nu kantus mimpin nyate Bapak Suyatno (alm), Bapak Dastam Sanusi sampe danget kiwari. Kaayaan pendudukna ramah, rukun, jeung makmur ku pertanian sareng peternakan. Nurutkeun carita rakyat Cimulya luluhur asalna nyaeta ti Puncakmanik katurunan Buyut Odog sareng Buyut Jaksa.

Profil Pamaréntahan[édit | sunting sumber]

Profil Daérah[édit | sunting sumber]

Wates Wilayah[édit | sunting sumber]

Géografis[édit | sunting sumber]

Démografi[édit | sunting sumber]

Atikan[édit | sunting sumber]

Poténsi[édit | sunting sumber]

Pertanian[édit | sunting sumber]

Pakebonan[édit | sunting sumber]

Tumbu Luar[édit | sunting sumber]



Gnome-home.svg