Cingcin
|
|
Eusi ieu kaca keur diropéa saheulaanan. Ngarah henteu pagedrug, salila ieu tangara aya kénéh mah ulah waka ngédit. Ieu kaca panungtungan dirobah jam 11:35, 10 Maret 2013 (UTC) (2 kaliwat). Mangga hapus ieu citakan mun ieu kaca teu diédit salila sababaraha jam. Mun anjeun anu nambahkeun ieu citakan, mangga hapus atawa ganti ku {{diropéa}} lamun keur teu ngédit. |
Cincin nya éta perhiasan anu wangunna buleud leutik anu dipaké dina jariji, aya nu maké permata aya ogé nu henteu[1].
Daptar eusi |
Sajarah Cingcin [édit]
Sajarah Cingcin Kawin [édit]
Sajarah cingcin kawin mimitina ti Pharaohs of Egypt (pharaoh ti Mesir) anu ngajadikeun buleudan salaku simbol[2]. Buleudan mangrupa salasahiji hal anu teu miboga tungtung, ngawakilan simbol kaabadian[2].Ti mimiti jaman Romawi cingcin dijadikeun simbol kawin[2]. Mimitina cingcin kawin bahanna tina beusi[2]. Tuluy robah jadi emas kusabab katingali leuwih alus komo lamun dihijikeun jeung permata[2]. Simbol mimiti anu paling dipikawanoh salaku pamaés cingcin nya éta batu ruby beureum anu nandakeun haté[2], Batu safir warna biru tandaning surga, tapi anu pangdipikahayang mah nya éta berlian, hiji batu anu teu bisa diancurkeun[2]. Tradisi tukeur cingcin nalika kawin mimitina diwanohkeun di gereja Yunani Orthodox kurang leuwih taun 1300-an[2]. Cingcin nepi ka ayeuna masih jadi simbol acara kawinan[2]. Sanajan unggal jaman, wangunna robah-robah ngigelan trend tapi ma'na nu nyangkaruk dina cingcin éta teu robah salaku pamatri,tandaning hiji pernikahan anu teu meunang peunggas luyu jeung wangun cingcin anu buleud nu teu miboga tungtung[2].
Cingcin Tunangan [édit]
Archduke Maximilian ti Austria, mangrupa jalma nu kudu “disalahkeun” kusabab ngawanohkeun cingcin berlian[2]. Nalika taun 1477, Maximilian méré ka kabogohna Mary of Burgundy cingcin berlian, ti harita mimiti gelarna cingcin tunangan jadi dipikawanoh[2].
Rupa-Rupa Cingcin [édit]
1. Cingcin belah rotan nya éta cingcin anu teu aya permataan, buleud diluar jeung datar dijerona[1].
2. Cingcin berapit nya éta cingcin anu miboga tilu permata, hiji permata aya ditengah-tengah di barengan ku dua permata nu laleutik[1].
3. Cingcin cap nya éta cingcin anu maké cap atawa ngaran[1].
4. Cingcin dalima nya éta cingcin anu maké batu dalima(permata anu warnana beureum ngora jiga dalima)[1].
5. Hidung Tern nya éta cingcin anu dipaké dina sekat irung sapi jalu sangkan babari ditéwak atawa diuruskeun[1].
6. Cingcin kawin nya éta cingcin polos, anu biasana teu aya permataan dibagéan jerona aya ngaran salaki atawa pamajikanana salaku tanda yén maranéhna geus kawin[1].
7.Cingcin mata Tern nya éta kulit anu wangunna jiga cingcin anu ngurilingan panon hayam[1].
8.Meterai cingcin cap nya éta penyetel Tek parabot jang ngukur atawa "menyetel kedudukan cincin" dina piston, cingcin tunangan salaku tanda geus aya pertunangan resmi[1].
8.Pintal tiga cingcin nya éta cingcin anu dijieun tina kawat emas anu pinilih[1].
Referensi [édit]
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |