Ciung Wanara

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi

Ciung Wanara nya éta tokoh sunda anu kawéntar di tatar sunda ngaliwatan carita pantun anu nyaritakeun ciung wanara néang indung bapana.[1]

Carita Ciung wanara[édit | sunting sumber]

Prabu Barma Wijaya Kusuma maréntah karajaan Galuh anu pohara lega. Permaisurina 2 jelema, anu kahiji ngaranna Pohaci Naganingrum sarta anu kadua ngaranna Dewi Pangrenyep,duanana keur ngandung. Dina bulan ka salapan bulan Dewi Pangrenyep ngababarkeun saurang putra. Raja pohara bungah kacida sarta sang putra dibéré ngaran Hariang Banga. Hariang Banga geus umurna 3 bulan, tapi permaisuri Pohaci Naganingrum tacan ogé ngababarkeun. Salempang lamun-lamun Pohaci ngababarkeun saurang putra anu engké bisa ngarebut kaasih nyaah raja ka Hariang Banga, Dewi Pangrenyep boga maksud rék nyilakakeun putra Pohaci. Sanggeus bulan ke-13 Pohaci ogé ngababarkeun, gedé usaha Dewi Pangrenyep teu saurang dayang ogé diidinan nulungan Pohaci, iwal ti Pangrenyep sorangan. Ku pangabisa Pangrenyep, putra Pohaci digantian kalayan sabuntut anjing, disebutkeunana yén Pohaci geus ngababarkeun sabuntut anjing tuluy orok Pohaci diasupkeun dina kandaga emas dibiruyungan endog kotok sarta dipalidkeun ka walungan Citandui. Alatan aib anu dibawa Pohaci Naganingrum anu geus ngababarkeun sabuntut anjing, raja pohara murka sarta ngajurung Si Lengser (pagawé karaton) pikeun maéhan Pohaci tapi Si Lengser henteu nepi ka hatéan ngalaksanakeun paréntah raja ka Pohaci, permaisuri junjunganna. Tuluy waé Pohaci dianteurkeun ka désa tempat kalahiranana, tapi dilaporkeunana geus dibunuh. Nya éta saurang Aki babarengan pamajikanana, Nini Balangantrang, cicing di désa Geger Sunten , Geus lila maranéhanana nikah, tapi tacan boga budak. Hiji peuting Niningimpi kalagragan bulan purnama, ngimpi éta diceritakeun ka salaki sarta salakina nyaho harti ngimpi éta, yén maranéhanana baris meunang rezeki. Peuting éta ogé Aki indit ka walungan mawa jala pikeun néwak lauk. Kacida reuwasna sarta atoh manéhna meunangkeun kandaga emas anu eusina orok reujeung endog kotok. Tuluy waé éta orok diasuh kalayan sabar sarta pinuh kaasih. Endog kotok éta ogé tulul jadi hayam anu dipiara nepi ka jadi sabuntut kotok jalu anu ajaib sarta perkasa. Anak angkat éta maranéhanana béré ngaran Ciung Wanara. Sanggeus badag Ciung Wanara nanya ka indung sarta bapa angkatna, tuluy Aki sarta Nini nyaritakeun ngeunaan asal-usul Ciung Wanara. Sabada ngadéngé carita nini jeung aki, Ciung Wanaranyaho jati dirina. Singket carita hiji poé Ciung Wanara pamit pikeun ngadu hayamna jeung hayam kotok raja, alatan raja miboga kalangenan ngadu hayam. Ciung wanara nawaran ka raja lamun manéhna éléh, manéhna daék paéh pikeun raja tapi lamun raja anu éléh raja kudu ngangkat manéhna jadi budakna. Saméméh hayam ciung wanara diadu jeung [[hayam raja , hayam kotok Ciung Wanara nyora kalayan ahéngna, ngagambarkeun kajadian baheula ngeunaan permaisuri anu dihukum paéh sarta kandaga emas anu eusina orok anu dipalidkeun. Raja henteu nyadar hal éta, tapi sabalikna Si Lengser pohara kana hal éta. Komo manéhna nyadar ayeuna Ciung Wanara anu aya di hareupeunana nyaéta putra raja sorangan. Sabada bérés ngadu hayam, kotok raja éléh sarta kotok Ciung Wanara meunang. Tuluy raja ngajadikeun Ciung Wanara jadi putra makuta. Dina pesta pengangkatan putra makuta, raja ngabagi 2 karajaan pikeun Ciung Wanara sarta Hariang Banga. Réngsé pesta pengangkatan putra makuta Si Lengser nyaritakeun ka raja ngeunaan hal anu saéstuna ngeunaan permaisuri Pohaci Naganingrum sarta Ciung Wanara. Ngadéngé carita éta raja maréntahkeun ponggawa ambéh Dewi Pehgrenyep ditéwak. Balukarna timbul goréng antara Hariang Banga jeung Ciung Wanara. Hariang Banga dialungkeun ka peuntas walungan Cipamali anu keur caah badag. Saprak éta pisan karajaan Galuh dibagi jadi 2 bagian jeung wates walungan Cipamali. Di bagian kulon diparéntah ku Hariang Banga.[2]

Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. (id)Hj.Patimah,spk. Ensiklopedi Sunda : Alam, Manusia dan Budaya termasuk Budaya Cirebonan dan Betawi. PT Dunia Pustaka Jaya. Jakarta 2000.
  2. (id)ciung wanara (diaksés tanggal 27 Oktober 2011)


Nulis.jpg