Coldplay
Coldplay nya éta grup musik asal Inggris anu anggotana nya éta Chris Martin (vokal, gitar, piano), Guy Berryman (bass), Jonny Buckland (lead guitar) dan Will Champion (drum)[1][2]. Coldplay dibentuk di London, Ingggris taun 1997[2]. Sakapeung, Coldplay sok disaruakeun jeung Radiohead), jeung Jeff Buckley[2]. Coldplay ogé osok ngayankeun proyék amal, jeung proyék-proyék séjénna anu patalina jeung kaayaan sosial jeung pulitik[2].
Diskografi [édit]
Coldplay mulai kasohor ngaliwatan single anu judulna Yellow di Taun 2000, nuturkeun suksésna album PARACHUTES[1]. Ieu album dibéré panglélér Best Alternative Music Album dina acara Grammy Awards taun 2002[1]. Lian ti éta lagu-lagu séjénna saperti speed of sounds, jeung viva la vida ngajieun pamor coldplay naék[1].
Taun 2002, Coldplay ngaluarkeun album A RUSH OF BLOOD TO THE HEAD anu suksés ku single in my place, the scientist, jeung th clocks[1]. Ieu album dilélér 2 katégori Grammy Awards taun 2003 nya éta Best Alternative Music Album jeung Best Rock Performance by a Duo or Group with Vocal, katambah Record of the Year pikeun Clocks dina Grammy Awards taun 2004[1][2].
Album katilu Coldplay X&Y diriis tanggal 6 Juni 2005, total penjualanna 8,3 juta di Dunya[1]. Lagu-lagu anu kasohor dina ieu album diantarana Speed of Sounds, fix you, jeung Talk. Taun 2006, Coldplay meunang panglélér Best Album and Best Single dina BRIT Awards[1][2].
Album kaopatna dijudulan VIVA LA VIDA OR DEATH AND ALL HIS FRIENDS dirilis tanggal 12 Juni 2008 di Inggris kalayan single violet hill[2]. Tanggal 24 Oktober 2011, album kalimana MYLO XYLOTO dirilis[3].
Référénsi [édit]
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |