Congcorang

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Congcorang
Ameles decolor01.jpg
Congcorang kelir coklat
Klasifikasi ilmiah
Karajaan: Animalia
Fila: Artropoda
Kelas: Insékta
Ordo: Mantodea
Kulawarga

Chaeteessidae
Metallyticidae
Mantoididae
Amorphoscelidae
Eremiaphilidae
Hymenopodidae
Mantidae
Empusidae

Congcorang nu mangrupa hiji ordo Mantodea diwangun ku 1.800 nepi ka 2.000 spésiés, nu lolobana kaasup Mantidae. Dulur congcorang pangdeukeutna nyaéta ordo Isoptera (rinyuh) jeung Blattodea (cucunguk). Sababaraha éntomologis ngagolongkeun congcorang jeung cucunguk dina hiji ordo.

Congcorang kawentar ku ukuranana nu katémbong badag tur lincah. Kadaharanana biasana mah serangga hirup samodél laleur; spésiés congcorang nu leuwih badag sok ngamangsa kadal leutik, bangkong, jeung manuk ku cara ditéwak ku "leungeun"na.

Congcorang téh manukna dina nyaru mah, utamana ngaluyukeun manéh jeung kelir dangdaunan tempat hirupna sahingga bisa nyumput ti nu rék ngamangsa, sakaligus ngadodoho mangsana. Spésiés nu di Afrika jeung Australia mah aya nu bisa robah kelirna jadi hideung dina jangka sababaraha poé. Malah lain kelirna wungkul, sabab panémbongna gé bisa nyaru dangdaunan, jukut, atawa babatuan.

Baranahan[édit | sunting sumber]

Congcorang téh kanibal. Lian ti ngamangsa serangga séjén, dulurna sorangan gé sok dihakan, malah mah batur jalanganana pisan (najan dongéngna sok dileuwih-leuwihkeun). Dina mangsa kawin, biasana mah dina mangsa usum gugur, congcorang jalu kudu ati-ati pisan mun ngadeukeutan bikangna. Nu jalu biasana ngadeukeutan ti tukang, laju tumpak tonggong bikangna pikeun ngasupkeun sél-sél spérma dina kantong husus dina beuteung bikangna. Congcorang bikang biasana nyerang/ngégél hulu jaluna, malah bisa ogé jalangan lumangsung bari jaluna dihakan.

Gumantung ka spésiésna, congcorang bikang bisa ngahasilkeun sapuluh nepi ka opat ratus endog, diteundeun dina busa nu dihasilkeun ku kelenjar dina beuteungna. Busa ieu laju ngaheurasan, ngabentuk kapsul dina dangdaunan atawa dina taneuh. Aya spésiés nu ngajaga endogna, aya ogé nu henteu. Endog ieu kadang sok dihakan ku sabangsa nyiruan.

Congcorang ngalaman tilu hambalan métamorfosis: endog, larva, sawawa. Para élmuwan mah sok nyebutna téh métamorfosis teu anggeus, sabab larva jeung nu geus sawawa méh sarupa, iwal ukuranana leuwih leutik jeung teu jangjangan. Larva congcorang ngabadagan awakna ku jalan ngaganti awak luarna ku éksoskeleton nu liat jeung ganti kulit mun perlu. Ieu bisa lumangsung lima nepi ka sapuluh kali, gumantung spésiésna, nepi ka tungtungna ngahasilkeun jangjang nu sampurna.

Anggapan[édit | sunting sumber]

Keur ngahakan laleur

Pangebon nu ngarti mah mikaresep ka congcorang téh, sabab sok ngahakan rupa-rupa hama nu ngaruksak. Para patani organik nu teu maké péstisida sok maké congcorang salaku kontrol hama biologis. Di sabagian tempat mah malah endogna geus bisa dibeuli di pasar.

Di sagigireun ngamangsa hama, congcorang ogé ngahakan serangga nétral/nu nguntungkeun, pokona mah naon baé, kaasup kukupu jeung kolibri.

Status konservasi[édit | sunting sumber]

Ngan aya hiji spésiés congcorang nu aya dina daptar Rada Kaancam, nyaéta Apteromantis aptera ti Spanyol.

Sajarah[édit | sunting sumber]

Dadaran pangheubeulna ngeunaan congcorang aya dina sajak na naskah kuna Cina Erh Ya nu ngagambarkeun kawani jeung kaludeung. Naskah lianna, Pen ts'ao (taun 1108), ngagambarkeun wangun endog congcorang, daur tumuwuhna, anatomi, kaasup fungsi anténeuna.

Dina abad ka-18, biologi jeung morfologi congcorang geus kaitung akurat, di antarana dina buku Insekten-Belustigungen (Kalangenan Serangga) karya Roesel von Rosenhof.

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]

Rujukan[édit | sunting sumber]