Dévisa

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
wangun devisa

Dévisa nyaéta pakakas pembayaran luar nagari anu bisa ditukeurkeun ku duit luar nagari.[1] Dévisa ogé diperlukeun pikeun ngaimpor barang sarta jasa, méré hibah, méré injeuman, mayar injeuman, sarta nyimpen modal di luar nagri.[2]Fungsi utama dévisa nyaéta ngagampangkeun patukeuran sarta pembayaran antarnegara.[2] Wangun dévisa éta sorangan bisa mangrupa valuta deungeun, emas watangan, wesel deungeun, sarta surat-surat berharga.[2]

Pakakas Pembayaran Internasional[édit | sunting sumber]

Sawatara wangun umum pakakas pembayaran internasional anu mindeng dipaké nyaéta (1) Cable Order (transfer telegrafis) mangrupa cék anu diteruskeun ngaliwatan taleks atawa telepon ku bank di nagara panarima warta pikeun mayarkeun ka jelema atawa pihak anu ngabogaan hak narimana.[2] (2) Bill of Exchage (wesel) nyaéta surat paréntah pikeun mayar sajumlah duit ka jelema anu ngaranna ditunjuk dina surat éta dina mangsa anu baris datang. (3) Letter of Credit nyaéta surat anu dijieun bank kana paréntah importir anu dijerona aya pernyataan yén bank nyatujuan pikeun mayar wesel anu baris dikenyang ku éksportir.[2] (4) Sedengkeun Pribadi Compensation nyaéta cara pembayaran anatar jelema anu utang-piutang antar dua nagara tampa ngalakonan transaksi kaluar atawa aya arus duit kaluar ti salah sahiji nagara. Contona, urang boga hutang ka saurang bangsaan Malaysia tapi urang ogé miboga piutang kana jelema séjén di ditu; pikeun méréskeun hutang-piutang bisa dibéréskeun ku maranéhanana duaan tampa kudu mayar ka Indonésia.[2]

Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. [1]
  2. a b c d e f (id) Syukur, Abdul. dkk. 2005. Ensiklopedia Umum untuk Pelajar. PT Ichtiar Baru Van Hoeve
Nulis.jpg