Dalima

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Dalima
Buah dalima
Klasifikasi ilmiah
Kingdom: Plantae
Division: Magnoliophyta
Class: Magnoliopsida
Subclass: Rosidae
Order: Myrtales
Family: Lythraceae
Genus: Punica
Species: P. granatum
Ngaran binomial
Punica granatum
L.

Dalima (Punica granatum) ngarupakeun tangkal leutik nu jangkungna 'ukur' 5–8 m, asalna ti wewengkon Iran nepi ka Himalaya di India kalér, tapi geus dipelak di sakuliah tatar Méditerania ti jaman kuna[1]. Kiwari, ieu tutuwuhan bisa dipanggihan nepi ka wilayah tropis Asia Tenggara jeung Afrika.

Daun & buah[édit | sunting sumber]

Ilustrasi Dalima karya Otto Wilhelm Thomé, 1885.

Daun dalima mah patonggong-tonggong atawa rada nyingsal, hérang, heureut (panjang 3–7 cm, lébar 2 cm). Kembangna beureum (rupa-rupa, ti kayas nepi ka burahay), diaméterna 3 cm, diwangun ku lima makuta atawa leuwih. Bentuk buah Dalima buleud héksagonal, gedéna 7–12 cm (diaméter). Cangkangna rada kandel, kelirna beureum (atawa leuwih ngora nepi ka semu héjo), ngabungkus 600-an siki[2]. Bagian anu bisa didahar nyaéta daging nu ngabungkus sikina, nu matak ngirut kusabab kelirna anu beureum.

Tangkal Dalima bisa tahan hirup dina usum halodo, sarta bisa tumuwuh di patempatan nu garing. Di patempatan nu leuwih baseuh, tangkal Dalima leuwih gampang ruksak alatan inféksi akar. Dina usum tiis, Dalima bisa tahan hirup nepi ka hawa kira −10 °C.

Hiji-hijina spésiés séjén dina genus Punica, Punica protopunica, ukur aya di pulo Sokotra. Nu ieu mah kembangna kayas, sedengkeun buahna leuwih leutik jeung kurang amis.

Étimologi[édit | sunting sumber]

Ngaran genus Punica dicokot ti bangsa Funisia nu boga jasa nyumebarkeun ieu tutuwuhan (pikeun alesan ageman), sedengkeun granatum dicokot tina ngaran buah ieu dina basa Prancis (kasebut dina catetan taun 1532.

Melak & mangpaatna[édit | sunting sumber]

Daun & buah dalima

Di Georgia jeung Armenia ka wétankeun nepi ka Laut Hideung, tangkal Dalima tumuwuh liar di sabudeureun padumukan kuna nu teu dipiara. Sésa-sésa nu kapanggih nunjukkeun yén ieu pepelakan téh geus aya 3000 taun ka tukang[3]. Sumebarna ka Cina jeung Asia Tenggara sigana mah dibawa ngaliwatan Jalur Sutra atawa ngaliwatan laut.

Katuangan[édit | sunting sumber]

Tangkal dalima

Nu diala tina buah Dalima téh daging nu ngabungkus sikina. Rasana biasana amis, tapi sok aya kesedna, alatan kandungan taninna. Di Timur Tengah jeung India, jus Dalima ilaharna dijus. Jus dalima nu geus diamisan dikentelkeun disebutna sirop grenadin, dipaké dina rupa-rupa katuangan Pérsia, tapi kadieunakeun mah kagusur ku tomat.

Di India, Pakistan, jeung Timur Tengah, siki Dalima liar sok ogé dipaké salaku bungbu, katelahna anardana (tina basa Pérsia: siki dalima). Dijieunna ku cara meresihan siki tina dagingna, lajeng digaringkeun salila 10–15 poé. Ngarah teu nyelap dina huntu, sikina ieu kadang sok terus ditipungkeun. Di Azérbaijan jeung Armenia, dalima ogé dipaké keur nyieun arak.

Pikeun kawarasan[édit | sunting sumber]

Buah dalima beunang murak

Hiji buah Dalima (gumantung kana kualitasna) bisa nyukupan 40% pangabutuh vitamin C sapopoé manusa sawawa, ogé beunghar ku asam folat jeung antioksidan. Ieu buah euyeub ku polifénol, lolobana tanin nu bisa dihidrolisis, di antarana punikalagin, antioksidan nu bisa meungkeut radikal bébas.

Siki dalima

Dina sababaraha uji klinis, jus Dalima kabuktikeun jitu pikeun ngurangan sababaraha faktor résiko jantung, kayaning oksidasi LDL, status oksidatif makrofag, jeung formasi sél budah, nu sadayana bisa ngabalukarkeun atérosklérosis jeung kasakit jantung[1]. Dalima bisa ngurangan tekenan getih sistolik ku cara nginhibisi énzim pangobah angioténsin (ACE, angiotension converting enzyme) dina sérum[4]. Jus dalima ogé sigana mah bisa diinum pikeun merangan kangker prostat[5][6] and osteoarthritis.[7]. Panalungtikan séjén di Universitas Wisconsin - Madison nunjukkeun yén jus dalima bisa ogé dipaké pikeun ngerém tumuwuhna kangker bayah [8].

Rujukan[édit | sunting sumber]

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]