Daniel Craig
Daniel Wroughton Craig (leuwih dikenal ku nami Daniel Craig) (gumelar di Chester, Inggris, 2 Maret 1968; yuswa 45 taun) adalah saorang bintang film TV sareng bioskop anu asalna ti Inggris.
Profil[édit]
Craig merupakan actor kagenep anu merankeun agen rahasia James Bond 007 salian Sean Connery, George Lazenby, Roger Moore, Timothy Dalton, jeung Pierce Brosnan. Film pertama Craig salaku James Bond adalah Casino Royale anu diputer akhir 2006 tiheula.
Ayeuna Daniel Craig nuju ngabereskeun syuting film James Bond lainna anu judulna Quantum of Solace. Film ieu dijadwalkeun beres bulan November 2008. Salian ti James Bond, Craig oge ngabintangi film-film sapertos Lara Croft: Tomb Raider jeung The Golden Compass.
Craig kantos nikah di tahun 1992 sareng Fiona Loudon, tapi malah cerai di tahun 1994. Kabarna ayeuna Craig nuju ngadeukeutan Sienna Miller.
Daniel Craig merupakan saorang bobotoh ti tim maenball Liverpool FC. Dirina leuwih milih matuh di London dibanding di Los Angeles. Kaping 3 April kamari, Craig dinobatkeun sebagai selebritis Inggris anu nganggo acuk paling rapih sapanjang 2007.