Daptar babasan jeung paribasa

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi

Babasan jeung paribasa teh nuduhkeun hiji gambaran nu rupa-rupa ngeunaan kahirupan masarakat Sunda.

Babasan jeung paribasa nu nuduhkeun hubungan papada jalma[édit | sunting sumber]

Ieu di handap sawatara conto babasan jeung paribasa nu nuduhkeun hubungan papada jalma.

  1. Buruk-buruk papan jati = sanajan ngewa atawa ngambek ka dulur (baraya) anu landes, tapi ari manehna meunang karerepet mah, teu weleh hayang nulungan jeung ngahampura kasalahanana. Teu tega ngantep.
  2. Datang katingali tarang, undur katingali punduk = datang kanyahoan, balik (indit) oge kanyahoan, menta idin heula.
  3. Galéhgéh gado = saréséh, soméah, akuan.
  4. Gedé gunung pananggeuhan = boga baraya atawa sobat luhur pangkat, gedé dunya anu dipaké andelan pibisaeun nulungan.
  5. Hade gogog hade tagog = hade basa, budi parangi, jeung sikep: nyaho tata – titi.
  6. Hadé ku omong goréng ku omong = sagala rupa perkara biasana dianggap hade atawa goréng ku batur gumantung kana caritaan urang atawa basa anu dipake ku urang.
  7. Handap asor = daek ngahargaan atawa ngahormat ka batur.
  8. Indung tunggul rahayu, bapa tangkal darajat = kasalamatan jeung kabagjaan nu jadi anak gumantung kana karidoan jeung do’a indung–bapa.
  9. Kabawa ku sakaba-kaba = kabawakeun teu puguh lampah ku batur, kapangaruhan ku batur nepi ka teu eucreug.
  10. Kawas gula jeung peueut = sarua layeutna atawa geugeutna.
  11. Kawas hayam panyambungan = talamba-tolombo dina riungan lantaran euweuh nu wawuh.
  12. Kawas himi-himi = meh salilana babarengan duaan, tara daek papisah.
  13. Kawas lauk asup kana bubu = hese kaluar tina hiji lingkungan atawa organisasi lantaran katalian ku jangji atawa ku aturan.
  14. Kawas tatah = teu hideng sorangan kudu di utuh-etah bae.
  15. Lantip budi = gancang ngarti kana maksud atawa kahayang batur sanajan teu diceplakkeun.
  16. Letah leuwih seukeut manna pedang = raheut hate ku omongan leuwih peurih karasana tibatan raheut biasa.
  17. Lolondokan = bisa ngaluyuken diri jeung kaayaan lingkungan atawa kaayaan jaman.
  18. Lungguh tutut bodo keong, sawah sakotak kaider kabeh = siga nu lungguh katenjona, padahal bangor.
  19. Macan biungan = jelema anu teu akur jeung batur salembur.
  20. Mani hayang utah iga = ngarasa kacida sebelna nenjo atawa ngadenge kalakuan batur anu pikaijideun.
  21. Maot nulah manggih tungtung, paeh ulah manggih beja = sing bener waktu keur hirup supaya ulah diomongkeun ari geus maot.
  22. Matak andeul-andeuleun = matak ngurangan kapercayaan nepi ka handeueul nu nitah.
  23. Matak pajauh huma = matak teu silipikanyaah, tara dibere rejeki jeung dulur lantaran parasea.
  24. Maung ompong, bedil kosong, kareta kosong = jelema anu boga komara mah sanajan geus teu nyekel kakawasaan oge teu weleh dipikaserab.
  25. Maung sarungkun = tunggal baraya, lain nu lian (sakaruhun), tapi dina bendengna (teu hadena) alah batan jeung deungeun-deungeun haseum.
  26. Mipit teu amit ngala teu menta = naon-naon the kudu bebeja heula.
  27. Misah badan misah nyawa = teu sarua boh lahir boh batin.
  28. Nepi ka pakotrek iteuk = nepi ka pakokolot.
  29. Nepung-nepung bangkelung = ngaraketkeun kabarayaan ku jalan bebesanan.
  30. Nyiruan teu resepeun nyeuseup nu pait-pait = umumna jalma tara resep sosobatan jeung nu miskin.
  31. Nyoo gado = ngaheureuykeun jalma nu pantes dihormat.
  32. Pindah cai, pindah tampian = ngaluyukeun diri kana adat jeung kabiasaan di tempat anyar.
  33. Pindah cai dibawa tampianana = aya di pangumbaraan mageuhan adat kabiasaan sorangan.
  34. Pondok jodo, panjang baraya = sanajan pondok jodo, sing nuluy (ulah pegat) jadi baraya.
  35. Sabata sarimbangan = sauyunan, layeut.