Direktorat Jenderal Pajak

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Sajarah[édit | édit sumber]

Dina mangsa anyar kénéh merdeka, mungut jeung ngumpulkeun pajeg dilaksanakeun ku Djawatan Pajeg nu posisina di handapeun Direktur Iuran Nagara Departemen Keuangan. Taun 1958 Djawatan Pajeg dirobah jadi organisasi vertikal langsung di handapeun Departemen Keuangan. Taun 1959 diadegkeun Direktorat Pajeg Hasil Bumi di handapeun Departemen Iuran Nagara.

Taun 1964 Djawatan Pajeg dirobah jadi Direktorat Pajeg nu posisina di Pembantu Menteri Pendapatan Nagara. Taun 1965 Direktorat Pajeg Hasil Bumi dirobah jadi Direktorat Ipeda di handapeun Menteri Iuran Nagara. Taun 1966-1967 Direktorat Pajeg dirobah jadi Direktorat Jenderal Pajeg (Ditjen Pajeg) sedengkeun Direktorat Ipeda dirobah jadi Direktorat Jenderal Keuangan. Duanana aya di handapeun Departemen Keuangan. Taun 1976 Direktorat Ipeda digabungkeun ka Direktorat Jenderal Pajeg.

Organisasi Unit Vertikal[édit | édit sumber]

Disain organisasi disaluyukeun jeung sistem pamajegan nu diterapkeun. Baheula keur maké kénéh Sistem Official organisasi leuwih negeskeun fungsi netepkeun jeung pangawasan ku pagawe pajeg nepi ka kantor gé dingaranan Kantor Inspeksi Pajeg (KIP). Dina kamekaranna dina taun 1983 Sistem Self-Assessment diterapkeun mangka masarakat nu kudu leuwih aktif ngajalankeun kawajiban pajegna, antukna kantor pajeg leuwih negeskeun kana aspek ngalayanan. Unit-unit vertikal Ditjen Pajeg nyoko kana tilu tihang fungsi pamajegan, nyaéta: penyuluhan, palayanan, jeung pangawasan. Katilu tihang ieu ngabentuk kantor pajeg ti Kantor Inspeksi Pajeg jadi (1) Kantor Panyuluhan; (2) Kantor Palayanan Pajeg (KPP),jeung (3) Unit Pamariksaan jeung Panyidikan Pajeg (UPP)nu diubah jadi Kantor Pamariksaan jeung Panyidikan Pajeg (Karikpa). Di pihak ejen ku diterapkeun Undang-undang pajeg lemah jeung wangunan (PBB) taun 1985 maka IPEDA diganti jadi PBB, nya Direktorat Ipeda diganti jadi Direktorat PBB. Atuh Kantor Inspeksi PBB diganti jadi Kantor Pelayanan PBB (KP PBB).

Parobahan nu badag dilakukeun taun 2002 ku dibentukna Kantor Wilayah jeung KPP modérn dumasar kana Program modérnisasi Administrasi Pamajegan. Kantor modérn mibanda ciri, nyaéta:

  1. Digabungkeun jadi hiji fungsi ti tilu kantor palayanan, pamariksaan & panyidikan, sarta PBBB di hiji KPP;
  2. Wajib pajeg dikobongkeun ka wajib pajeg nu gedé, menengah (madya), jeung leutik (pratama);
  3. KPP modérn dasar gawena ka fungsina lain ka jenis pajeg;
  4. Ningkatkeun wahana jeung sistem nu ningkatkeun palayanan ka wajib pajeg.

Peradilan Pajeg[édit | édit sumber]

Paradilan Pajeg (PP) nyaéta institusi nu ngokolakeun sengketa pajeg. Di awal ngadegna nagara, sengketa pajeg diatur dumasar kana Ordonansi 1927 nomer 29 ngeunaan Regelling van het Beroep in Belastingzaken. Pangaturan ieu diubah, nu pangahirna di Lambaran Nagara 1959 No. 13 tanggal 9 Maret 1959 nu ngajurukeun badan ngabéréskeun sengketa pajeg nu disebut Majelis Pertimbangan Pajeg (MPP) nu mangrupa isntansi paradilan administrasi (di luar paradilan sipil) nu ngajrek di Jakarta.

Waktu MPP diadegkeun, manéhna méré kaputusan ka sakabéh sengketa di widang pajeg, hususna pajeg langsung, dina tingkat luhur jeung panungtung. Rengrengan majelis ngawengku Pupuhu Majelis, Wakil Pupuhu jeung anggota nu diangkat ku présidén. Anggota majelis ti hakim-hakim nu asalna ti Mahkamah Agung jeung ti lingkungan pangusaha.

Ku dilakukeun reformasi pamajegan, hususna dijurukeuna UU No. 6 taun 1983 ngeunaan Katangtuan Umum jeung Tatacara Pamajegan (UU KUP) diatur alternatip ngabéréskeun sengketa pajeg nyaéta: kabeuratan, pangurangan atawa ngabatalkeun katetapan pajeg, pangurangan atawa mupuskeun sanksi administrasi, ngabenerkeun sarta banding. Ti 5 alternatif eta, ngabéréskeun sengketa pajeg ngan banding nu prosésna dilakukeun di MPP memeh dijurukeun Badan Peradilan Pajeg. Alternatif laena dilakukeun di Ditjen Pajeg.

Ngabéréskeun sengketa pajeg tuluy diatur dumasar kana UU No. 5 taun 1986 ngeunaan Paradilan Tata Usaha Nagara (PTUN). Di ieu UU disebutkeun yén kaputusan MPP henteu final. Ku kituna wajib pajeg masih aya hak ngajukeun banding ka PTUN, ogé bisa kasasi ka Mahkamah Agung (MA). Saterusna ieu prosedur disampurnakeun deui ku diadegkeunanan Badan Penyelesaian Sengketa Pajeg (BPSP) nu mangrupa lembaga paradilan di luar pangbinaan MA nu tugas jeung kawenanganana di luar Paradilan Umum jeung PTUN. Ieu lembaga diadegkeun dumasar kana UU No. 17 taun 1997 ngeunaan BPSP. Putusan BPSP ditegeskeun jadi putusan ahir/final jeung lain kaputusan PTUN. Hal ieu negeskeun BPSP mangrupa badan paradilan nyorangan.

Peran BPSP saterusna diganti ku Pangadilan Pajeg (PP) dumasar kana UU No. 14 taun 2002 ngeunaan PP. PP ngalaksanakeun kakuasaan kahakiman keur wajib pajeg nu néang kaadilan tina sengketa pajeg, banding atawa gugatan nu ngawengku pajeg puseur ogé pajeg daerah. PP aya dilingkungan PTUN jeung dibingbing ku MA jeung ngajrekna di Puseur Nagara, teu meunang dipindahkeun. Dina hal wajib pajeg teu nampa kana kaputusan PP, manéhna bisa nyerenkeun kasusna maké Peninjauan Kembali (PK) ka MA.

Rujukan[édit | édit sumber]

  • Koperasi Pegawai Kantor Pusat Direktorat Jenderal Pajak (2006). Tinjauan Perpajakan Indonesia (éd. Revisi). GIGIH Publishing.

Tempo ogé[édit | édit sumber]