Domba Garut

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi

Domba Garut mangrupa salasahiji jenis domba nu asalna ti daérah Garut perenahna ti kacamatan Limbangan nu tuluy sumebar ka sakuliah Jawa Barat ogé ka sakuliah nusantara.[1][2] Tagogna kacida gagah tur pinuh ku wawanén tapi katingalina mah kalem.[1] Alatan éta ogé, domba Garut lolobana dijadikeun domba adu daripada domba angonan.[3] Domba Garut nu geus gede hargana bisa kana puluhan juta nepi ka ratusan juta lantaran nepi ka kiwari domba Garut masih kénéh jadi domba unggul dibandingkeun domba lianna .[3] Domba nu kasohor ku masarakat ku sebutan domba Garut ieu, katelah ogé ku sebutan domba Priangan.[4]

Sajarah Domba Garut[édit | sunting sumber]

Domba Garut nu dina basa laténna disebut ovis aries mangrupa campuran antara domba lokal jeung domba jenis capstaad ti Afrika Selatan sarta domba merino ti Australia.[2] Domba capstaad leuwih tiheula aya di Garut sedengkeun domba merino didatangkeun ka Garut dina abad ka-19.[3] Tina tilu jinis domba éta ngalahirkeun variétas anyar nu disebut domba Garut. [3]
Daérah-daérah nu kasohor jadi sentra domba Garut nya éta Banyuresmi, Wanaraja, Singajaya, Banjarwangi, jeung Bungbulang.[3] Sanajan kitu dina kanyataanana, kiwari domba Garut ogé loba di daérah lain.[3] Nalika aya acara adu domba atawa pasanggiri domba hias, nu jadi jawara téh domba Garut nu dipiara di luar daérah.[5] Nepi ka taun 1999 waé, tina 329.975 populasi domba nu aya ngan 30% nu mangrupa domba Garut sedengkeun domba Garut unggul lolobana mah aya di daérah Bogor, Bandung, jeung Sukabumi.[5]

Ciri-ciri Domba Garut[édit | sunting sumber]

  1. Awakna rada gedé. Domba jalu nu geus kolot ngabogaan beurat antara 60-80 kilo, sedengkeun domba bikang ngabogaan beurat 30-40 kilo.
  2. Tanduk domba jalu kawilang gedé, melengkung ka tukang nu tungtung tandukna malik ka hareup, siga spiral. Tanduk kenca jeung katuhu ampir ngahiji
  3. Domba bikang teu ngabogaan tanduk.
  4. Buntutna pondok sarta rada gedé.
  5. Beuheungna rada kuat.
  6. Wangun ceulina rada panjang, pondok jeung sumedeng nu aya dina pangkal tanduk.
  7. Buluna leuwih panjang jeung lemes dibandingkeun jeung domba asli, warnana bodas, hideung, coklat atawa upa-rupa.
  8. Domba Garut alus pikeun jadi produsen daging. [4]

Catur Bangga Domba Garut[édit | sunting sumber]

  • Ules beungeut: kasép, ngaménak, ngaules
  • Panon: kupa
  • Ceuli: rumpung, rumpung sapotong, ngadaun hiris jeung ngadaun nangka saeutik.
  • Tanduk: ngabendo, golong tambang, setengah gayor, gayor, léang-léang sogong
  • Kualitas tanduk: poslén, waja, beusi, gebog
  • Warna bulu: sambung, riben sebak, belang sapi, macan, jog-jog, laken, baracak, monyét, kunyuk, lunglum, pérak, bodas apu, jogja jeung riben méncéngés.
  • Buntut: ngabuntut beurit, ngabuntut bagong, ngadaun waru.
  • Scrotum: laér, ngarandu, ngajantung
  • Suku: mancuh, kuda, regang waru, meureup ucing.[2]

Istilah Khusus Domba Garut[édit | sunting sumber]

  1. Adeg-adeg: saimbangna wangun awak éta domba ti mimiti hulu nepi ka suku nu ditingali tina postur (awak, beuheung, jeung hulu), jingjingan (ukuran jeung wangun tanduk), ules (pasemonna).
  2. Baracak:kombinasi warna kulit domba antara dominasi warna hideung atawa dominasi warna bodas nu acak-acakan teu tangtu.
  3. Baralak:bulu domba nu wangunna siga bercak nu leuwih gedé. [2]

Seni Kaparigelan Domba Garut[édit | sunting sumber]

Ieu pasanggiri mangrupa tempat kumpulna jalma-jalma nu miboga minat leuwih kana domba, ti mimiti nu boga domba, nu ngurusna, tokoh domba Garut sarta paguyuban organisasi profesi nu dihimpun dina HPDKI (Himpunan Peternak Domba Kambing Indonesia). [2]
Miara domba Garut minangka domba nu parigel (domba laga) geus lila dilakukeun ku masarakat Garut. [2] Biasana nu boga éta domba disebut juragan.[2] Nu miara domba Garut kudu miboga jiwa seni nu husus sarta bisa akrab jeung éta domba.[2] Loba tarékah nu dilakukeun ku para pamilik jeung nu ngurus domba sangkan bisa ngahasilkeun domba nu unggul, lantaran ieu patalina jeung harga jual domba éta sorangan.[2] Lantaran miara domba Garut asup kana bagéan miara seni, aya kabungah ti diri pamilik domba nalika domba manéhna nu tandang di lapang mintonkeun hiji kaparigelan saluyu jeung wirahma ketukan kendang. [2] Dina seni kaparigelan domba Garut ieu diajén ku sawatara jalma diantarana: [2]

  1. Dewan hakim
  2. Girang pangajén
  3. Wasit

Domba garut minangka domba laga ngawengku sababaraha kelas diantarana: [2]

  1. Kelompok kelas A kalawan beurat 60-80 kg
  2. Kelompok kelas B kalawan beurat 40-59 kg
  3. Kelompok kelas C kalawan beurat 25-39 kg

Aya ogé nu disebut kelas pasangan nya éta kelas dumasar sasaruaan cicirén nu husus. Kelas pasangan diayakeun pikeun domba nu ngabogaan ciri nu sarua, misalna waé tina warna bulu, wangun tandukna, beuratna, jangkungna, jeung réa-réa deui. [2]


Referensi[édit | sunting sumber]

  1. a b Suhardiman, Budi&Darpan. 2007. Seputar Garut. Garut: Komunitas Srimanganti Kaca 39
  2. a b c d e f g h i j k l m Profil Domba Garut (Diakses tanggal 29 September 20011)
  3. a b c d e f Suhardiman, Budi&Darpan. 2007. Seputar Garut. Garut: Komunitas Srimanganti Kaca 40
  4. a b Domba Garut (Diakses tanggal 29 September 2011)
  5. a b Suhardiman, Budi&Darpan. 2007. Seputar Garut. Garut: Komunitas Srimanganti Kaca 41