Dréstarata

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Dréstarata
Dréstarata
Dréstarata
Déwanagari: धृतराष्ट्र
Éjahan Sansakerta: Dhṛ(ri)tarāṣ(sh)ṭra
Asal: Astinapura, Karajaan Kuru
Papasangan: Gandari

Dréstarata (basa Sansekerta: धृतराष ; Dhritarāshtra) dina wiracarita Mahabarata, nyaéta anak ti Wicitrawirya jeung Ambika. Manéhna lolong ti mimiti lahir alatan indungna nutupan panon sawaktu ngalakonan upacara Putrotpadana anu diayakeun ku Resi Abiyasa pikeun meunangkeun turunan. Dréstarata mangrupa lanceuk téré Pandu. Sabenerna Dréstarata anu mibanda hak jadi Raja Astinapura alatan manéhna mangrupa anak Wicitrawirya anu pangkolotna. Tapi manéhna lolong antukna pamaréntahan kudu dibikeun ka adina. Sanggeus Pandu mangkat, manéhna ngagantikeun kalungguhan adina kasebut. Dréstarata nyaéta salakina Gandari sarta bapana para Kurawa.

Kalahiran[édit | édit sumber]

Sanggeus Wicitrawirya mangkat tanpa mibanda turunan, Satyawati ngirim dua randa Wicitrawirya, nyaéta Ambika jeung Ambalika, pikeun manggihan Resi Abiyasa (anak Satyawati ti Resi Parasara), lantaran Sang Resi baris ngayakeun hiji upacara pikeun maranéhanana sangkan meunangkeun turunan. Satyawati ngajurung Ambika sangkan manggihan Resi Abiyasa di rohangan upacara. Sanggeus Ambikaasup ka rohangan upacara, manéhna nempo beungeut Sang Resi anu pohara pikasieuneun sarta panonna anu hurung ngempur. Hal éta ngajadikeun Ambika nutupan panonna. Alatan Ambika nutupan panon salila upacara lumangsung, mangka anakna lahir lolong. Anakna kasebut sanggeus lahir dingaranan Dréstarata.

Mangsa pamaréntahan[édit | édit sumber]

Alatan Dréstarata lahir lolong, mangka tahta karajaan dibikeun ka adina, nyaéta Pandu. Sanggeus Pandu mangkat, Dréstarata ngagantikeun manéhna salaku raja (kadangkala disebut pajabat pamaréntahan pikeun samentara waktu). Dina maréntah, Dréstarata diréndéngan ku kulawarga sarta barayana, nyaéta para pinisepuh Wangsa Kuru kawas Bisma, Widura, Dorna, sarta Krépa.

Waktu anak kahijina nyaéta Duryodana lahir, Widura jeung Bisma nganaséhatan Dréstarata sangkan miceun anakna kasebut alatan tanda-tanda goréng anu nyimbutan waktu kalahiranana. Tapi alatan rasa asihna ka anak kahijina kasebut, manéhna henteu téga ngalakonanana sarta tetep ngasuh Duryodana salaku anakna.

Parebutan kakawasaan[édit | édit sumber]

Duryodana boga ambisi ngajadikeun dirina salaku panerus tahta Karajaan Kuru di Astinapura. Dréstarata ogé boga kahayang anu sarua, tapi manéhna kudu laku adil ka Yudistira, anu leuwih kolot manan Duryodana. Waktu Dréstarata nyalonkeun Yudistira jadi raja, hal éta malahan ngabalukarkeun rasa kuciwa anu pohara pikeun Duryodana. Sanggeus ngaliwatan sawala sarta ku bongbolongan Bisma, Karajaan Kuru dibagi dua. Wewengkon Astinapura dibikeun ka Duryodana sedengkeun Yudistira dibéré wewengkon anu tandus sarta padumukna jarang, anu dipikawanoh sabagé Kandawaprahasta. Ku bantuan ti dulur misan Yudistira, nyaéta Kresna jeung Baladéwa, maranéhanana ngarobah wewengkon tandus kasebut jadi makmur jeung agréng, sarta dipikawanoh sabagé Indraprahasta.

Maén dadu[édit | édit sumber]

Dréstarataa nyaéta salah sahiji ti sawatara pinisepuh Wangsa Kuru anu hadir nyaksian kaulinan dadu antara Duryodana, Dursasana, sarta Karna anu diwakilan ku Sangkuni, ngalawan Pandawa anu diwakilan ku Yudistira. Yudistira kaleungitan sagala kakayaanana dina kaulinan dadu kasebut, kaasup kailangan baraya sarta pamajikanana. Waktu Drupadi ditaranjangan ku Dursasana di hareupeun para hadirin dina baleriung kaulinan dadu, Dréstarata henteu ngedalkeun sakecap ogé. Manéhna henteu ngahulag tindakan Dursasana anu rék ngalaan pakéan Drupadi. Sanggeus usaha Dursasana pikeun naranjangan Drupadi henteu hasil, Bima sumpah yén jaga manéhna baris maéhan Dursasana sarta nginum getihna. Saterusna Dréstarata ngarasakeun wirasat goréng yén turunanana baris binasa. Manéhna gancang nyieun hiji kawijakan, maréntahkeun Duryodana sangkan sagala harta Yudistira anu baris jadi milik Duryodana gancang dipulangkeun. Manéhna ogé ngajurung sangkan Yudistira jeung barayana geura balik ka Indraprahasta.

Tapi, alatan pangrojong Duryodana jeung Sangkuni, kaulinan dadu diayakeun deui pikeun anu kadua kalina. Ayeuna tarohanana lain harta, tapi saha anu éléh kudu ngabuang diri ka leuweung salila 12 taun, sanggeus éta hirup dina mangsa nyamur salila sataun, sarta sanggeus éta kaci balik ka karajaanana. Yudistira ogé henteu nampik ku harepan baris meunang, tapi sabalikna Yudistira éléh maén. Ahirna, Yudistira reujeung pamajikan sarta dulur-dulurnaa ngasingkeun diri ka leuweung sarta ninggalkeun karajaan maranéhanana.

Waktu Pandawa ninggalkeun karajaanana, Dréstarata masih baluas ku sumpah Bima akibat panghina anu dipigawé ku anak-anakna. Alatan tindakan Dréstarata anu henteu ngomong sakecap ogé waktu Drupadi rék ditaranjangan di hareupeun umum, manéhna dicawad supaya leuwih mentingkan kawajiban salaku raja batan rasa asih salaku bapa ka anak.

Perang di Kurusétra[édit | édit sumber]

Dréstarata mibanda saurang panungtun nu ngaranna Sanjaya. Sanjaya téh nyaéta alona Dréstarata alatan manéhna mangrupa anakna Widura, adi téré Dréstarata. Sanjaya dibéré kasinugrahan ku Resi Abiyasa sangkan manéhna bisa nempo mangsa nu geus kaliwat, mangsa ayeuna, sarta mangsa nu bakal disanghareupan. Sanjaya anu ngadongéngkeunkajadian di Kurusétra salila perang rongkah ka Dréstarata.

Waktu Dréstarata dipinuhan ku kahariwang bakal ancurna Kurawa, manéhna sok nanya ka Sanjaya ngeunaan kaayaan di médan Kuru atawa Kurusétra. Warta anu dicaritakeun ku Sanjaya lolobana mangrupa warta sedih pikeun Dréstarata, lantaran anakna hiji-hiji nungtutan gugur ditelasan ku Arjuna jeung Bima. Sanajan warta ti Sanjaya mindeng ngaleutikkeun haté Dréstarata, tapi Dréstarata satia merhatikeun satiap kajadian anu lumangsung dina perang di Kurusétra.

Ngancurkeun patung Bima[édit | édit sumber]

Dretarastra kabeuleum ku seuneu di leuwueng di gunung Himalaya

Dina wekasan perang, Dréstarata nahan rasa kasedih sarta kaambek ku gugurna para Kurawa. Waktu manéhna papanggih jeung para Pandawa anu ménta restuna alatan maranéhanana jadi pawaris tahta, manéhna ngarangkul maranéhanana hiji-hiji. Sabot anjog giliran Bima, pikiran jahat ngarasuk Dréstarata sarta rasa dendamna mecenghul ka Bima. Kresna nyaho yén sanajan Dréstarata lolong, manéhna mibanda kakuatan anu sarimbag jeung saratus gajah. Mangka kalayan gancang Kresna ngadorong Bima sarta ngagantina ku hiji patung nu nyarupaan Bima. Dina waktu harita ogé Dréstarata ngancurkeun patung kasebut nepi ka jadi lebu. Ahirna Bima salamet sarta Dréstarata mimiti ngarobah rarasaanana sarta méré kasinugrahan ka para Pandawa.

Kahirupan saterusna jeung ajalna[édit | édit sumber]

Sanggeus perang rongkah di Kurusétra lekasan, Yudistira diangkat jadi Raja Indraprahasta sakaligus Astinapura. Sanajan kitu, Yudistira tetep némbongkeun rasa hormatna ka Dréstarata kalayan netepkeun yén tahta Raja Astinapura masih dicekel ku Dréstarata. Ahirna Dretarastra mutuskeun pikeun ninggalkeun kahirupan kadunyaan sarta ngumbara di leuweung minangka patapa babarengan jeung Gandari, Widura, Sanjaya, sarta Kunti. Di jero leuweung di Himalaya, maranéhanana palastra alatan leuweung kabeuleum ku seuneu.

Wiracarita Mahabarata ku Krishna Dwaipayana Wyasa
Para palaku
Dinasti Kuru Palaku séjén
Santanu | Bisma | Satyawati | Citrānggada | Wicitrawirya | Ambika | Ambalika | Widura | Dréstarata | Gandari | Sangkuni | Subadra | Pandu | Kunti | Madrim | Yudistira | Bima | Arjuna | Nakula | Sadéwa | Duryodana | Dursasana | Yuyutsu | Dursala | Drupadi | Arimbi | Gatotkaca | Ahilawati | Utara | Utari | Ulupi | Citrānggadā Amba | Barbarika | Babruwahana | Irawan | Abimanyu | Parikesit | Wirata | Kicaka | Krépa | Dorna | Aswatama | Ékalaya | Kertawarma | Jarasanda | Satyaki | Mayasura | Durwasa | Sanjaya | Janaméjaya | Abiyasa | Karna | Jayadrata | Kresna | Baladéwa | Drupada | Arimba | Dréstajumena | Burisrawa | Salya | Adirata | Srikandi | Rada
Jejer pamungkas
Pandawa Lima | Kurawa | Astinapura | Indraprahasta | Karajaan dina Mahabarata |
Perang di Kurusétra | Bagawad Gita | Karajaan Kuru | Silsilah Pandawa jeung Kurawa