Dursala

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi

Dursala (atawa Dusala atawa Dussala) nyaéta ngaran saurang inohong dina wiracarita Mahabarata nyaéta adina Duryodana, pamingpin para Kurawa. Manéhna mangrupakeun hiji-hijina awéwé di antara anak-anakna Drétarata jeung Gandari.

Dina pawayangan Sunda jeung Jawa, Dursala mangrupakeun saurang lalaki, nyaéta anakna Dursasana. Sedengkeun ngaran adi awéwé Duryudana vérsi Sunda jeung Jawa mah nyaéta Dursilawati

Silsilah Vérsi Mahabharata[édit | sunting sumber]

Dina Mahabarata, Dursala mangrupakeun anak awéwé ti pasangan Dréstarata jeung Gandari. Manéhna ngabogaan saratus lanceuk lalaki, anu kakabéhanana kawéntar ku sebutan para Kurawa. Sajaba ti éta, Dursala ogé ngabogaan baraya anu lahir ti selir nu ngaranna Yuyutsu.

Dursala ngadahup ka Jayadrata raja Karajaan Sindu sarta Karajaan Sauwira. Ti kawinan kasebut, lahir saurang anak nu dingaranan Surata. Jayadrata sorangan tiwas dina perang Baratayuda ku leungeun Arjuna. Sawatara taun sanggeus perang lekasan, incu Surata sempet tarung jeung Arjuna sabot Arjuna ménta upeti ti Karajaan Sindu dina raraga upacara Aswaméda anu diayakeun ku Yudistira.

Pancakaki Dursilawati[édit | sunting sumber]

Dina vérsi pawayangan Sunda jeung Jawa, adi awéwé para Kurawa anu kawin jeung Jayadrata ngaranna Dursilawati. Manéhna ngabogaan tabéat goréng nyaéta resep ngaheureuyan lalaki gandang, diantarana Arjuna, misanna sorangan.

Mimitina Jayadrata datang ka Karajaan Astina pikeun guguru élmu pamaréntahan ka Pandu, bapana para Pandawa. Tapi alatan Pandu geus maot, Sangkuni usaha narik Jayadrata pikeun jadi balad Kurawa. Diantarana manéhna ngagunakeun kageulisan Dursilawati pikeun narik haté Jayadrata.

Jayadrata katarik atina sarta daék kawin jeung Dursilawati. Tapi nyanghareupan poé kawinan, Dursilawati leungit diculik ku hiji gajah bodas. Arjuna mantuan Jayadrata nimukeun Dursilawati sarta maéhan gajah kasebut.

Jayadrata jeung Dursilawati boga dua urang anak nu dingaranan Kartiwindu jeung Antisura. Kartiwindu saprak leutik diangkat anak ku Sangkuni. Dina perang Baratayuda Kartiwindu kabur ti médan perang mangsa kakuatan pihak Kurawa beuki ngipisan.

Antisura mah leutik kénéh sabot perang lumangsung téh. Manéhna meunangkeun pangampunan sarta ditarima jadi perwira Karajaan Astina dina mangsa pamaréntahan Parikesit, incu Arjuna. Antisura kawéntar songong sarta resep ngagulkeun diri sorangan. Balukarna, hubungan manéhna jeung para perwira séjénna anu masih katurunan Pandawa kurang alus.

Dua anak Dursilawati, nyaéta Kartiwindu jeung Antisura jadi karaman dina pamaréntahan Parikesit. Kartiwindu ngarusak katingtriman Astina ti luar, sedengkeun Antisura ti jero kadaton.

Dursilawati sorangan tilar dunya mangsa perang Baratayuda lumangsung alatan nyawana dicabut ku Batara Basa minangka tumbal pikeun kameunang pihak Kurawa, hususna Jayadrata. Minangka buktina nyaéta kajayaan Kurawa dina poé ka-13 maéhan Abimanyu, anakna Arjuna.

Dursala vérsi Sunda jeung Jawa[édit | sunting sumber]

Dina pawayangan Sunda jeung Jawa, Dursala nyaéta ngaran hiji lalaki, nyaéta anakna Dursasana, Kurawa nu kadua. Dina kalimah séjén, Dursala vérsi Sunda jeung Jawa nyaéta alona Dursilawati.

Di antara para Kurawa, Dursala nyaéta anu pangsaktina. Manéhna ngabogaan aji pangabaran anu bisa ngalumpuhkan kasaktian musuh. Dursala saterusna mingpin serangan pikeun ngarebut Karajaan Amarta jeung maéhan para Pandawa. Dina serangan kasebut, manéhna hasil ngéléhkeun Gatotkaca, anakna Bimasena, Pandawa nu kadua.

Gatotkaca ahirna hasil ngéléhkeun Dursala sanggeus manéhna meunangkeun élmu kasaktian anyar nu ngaranna aji narantaka anu diajarkeun ku Arya Seta, hiji pangéran ti Karajaan Wirata. Dina perang tanding kasebut, Dursala tungtungna tiwas ku leungeun Gatotkaca.

Tempo ogé[édit | sunting sumber]

Wiracarita Mahabarata ku Krishna Dwaipayana Wyasa
Para palaku
Dinasti Kuru Palaku séjén
Santanu | Bisma | Satyawati | Citrānggada | Wicitrawirya | Ambika | Ambalika | Widura | Dréstarata | Gandari | Sangkuni | Subadra | Pandu | Kunti | Madrim | Yudistira | Bima | Arjuna | Nakula | Sadéwa | Duryodana | Dursasana | Yuyutsu | Dursala | Drupadi | Arimbi | Gatotkaca | Ahilawati | Utara | Utari | Ulupi | Citrānggadā Amba | Barbarika | Babruwahana | Irawan | Abimanyu | Parikesit | Wirata | Kicaka | Krépa | Dorna | Aswatama | Ékalaya | Kertawarma | Jarasanda | Satyaki | Mayasura | Durwasa | Sanjaya | Janaméjaya | Abiyasa | Karna | Jayadrata | Kresna | Baladéwa | Drupada | Arimba | Dréstajumena | Burisrawa | Salya | Adirata | Srikandi | Rada
Jejer pamungkas
Pandawa Lima | Kurawa | Astinapura | Indraprahasta | Karajaan dina Mahabarata |
Perang di Kurusétra | Bagawad Gita | Karajaan Kuru | Silsilah Pandawa jeung Kurawa