Emih
Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Emih nya éta adonan ipis tur panjang anu geus digulung, digaringkeun, tuluy di masak dina cai nu ngagolak.[1] Urang Italia, Tionghoa, jeung Arab mangrupa nagara anu nyiptakeun emih, sanajan tulisan anu kahot ngeunaan emih ayana di Dinasti Han Timur, antara taun 25 jeung 220 Maséhi.[1] Oktober 2005, emih kahot anu umurna 4.000 taun kapanggihna di Qinghai, Tiongkok.[1]
Rupa-rupa emih [édit]
Ilaharna emih digolongkeun jadi dua nya éta emih garing jeung emih baseuh.[2] Unggal nagara miboga rupa-rupa emih, kalayan bahan, bentuk jeung rasa anu béda, diantarana:
- Bihun -- emih asalna ti Tiongkok, bahan bakuna tipung béas.[3]
- Dangmyeon -- emih asalna ti Korea, dari tepung ubi jalar.[3]
- Fettuccine -- emih asalna ti Italia, mirip spageti, gépéng tur leuelus dibandingkeun linguine.[3]
- Ifu mie -- emih asalna ti Tiongkok, tipung tarigu (gandum).[3]
- Kwetiau -- emih asalna ti Tiongkok, tipung béas.[3]
- Linguine -- emih asalna ti Italia mirip spageti, gépéng tur leuleus.[3]
- Makaroni -- emih asalna ti Italia, dibeulahan parondok melengkung tur aya bolongan di tengahna. [3]
- Memil guksu -- emih asalna ti Koréa, ti buckwheat, sarua jeung soba. [3]
- Mi Cina -- emih asalna ti Tiongkok, bahana tina tipung tarigu.[3]
- Misoa -- emih asalna ti Tiongkok, bahana tina tipung tarigu.[3]
- Mi instan.[3]
- Mi sagu, tipung sagu.[3]
- Olchaengi guksu -- emih asalna ti Korea tina tipung jagong, asalna ti provinsi Gangwon-do di Koréa Selatan.[3]
- Ramén -- emih asalna ti Jepang.[3]
- Reshteh -- emih asalna ti Timur Tengah.[3]
- Soba -- emih asalna ti Jepang, warnana kacoklatan tina tipung buckwheat.[3]
- Somyeon - emih asalna ti Korea tina tipung gandum, bentukna ipis mirip sōmen'.[3]'
- Soun -- emih asalna ti Tiongkok, tina tipung kacang héjo.[3]
- Spageti -- emih asalna ti Italia.[3]
- Spätzle -- emih asalna ti Jerman warnana konéng lir endog.[3]
- Udon --emih asalna ti Jepang, tina tipung tarigu.[3]
- Wai Wai -- emih asalna ti India.[3]
- Bakmi Pundong atawa emih jawa -- emih asalna ti jawa, Indonésia, tina tipung sampeu.[3]