Endog asin

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi

Nyieun Endog Asin[édit | sunting sumber]

Milih Endog[édit | sunting sumber]

Pikeun mikanyaho kumaha kondisi endog nu rék diasinkeun, kudu dipariksa heula sakaligus milihan nu alusna(sortasi)[1].Anu kudu dipikanyaho tiheula yén endog anu rék dipariksa mangrupa endog anu can pernah disileungleuman, nepi ka euweuh kamungkinan ayana janin[1]. Lian ti éta kudu disingkahan pamakéan endog anu geus beulah cangkangna, kusabab nalika dikeueum nu bobodasna bakal kaluar anu antukna larutan jang ngeueumna jadi bau bangké[1]. Milih jeung mariksa endog carana nya éta ngasupkeun endog kana wadah atawa bak palastik anu geus dieusian cai, tuluy ditingali posisi endog-endogna dina éta cai[1].Lamun endogna ngambang kudu tuluy dipisahkeun tapi lamun endogna teu ngambang atawa satengah ngambang diantepkeun nepi ka kokotorna jadi babari diberesihkeun[1]. Endog anu alus éta, tuluy dikumbah maké sabun jeung dikumbah ku cai nepi ka beresih, tuluy digaringkeun[1].

Lian ti nu geus disebutkeun diluhur, cara mariksa endog bisa ogé ku:
1. Kelompokeun endog dumasar kana kaberesihanana,tuluy beresihkeun ti mimiti kelompok endog anu kotor nepi ka anu kotor pisan[1].
2. Endog anu kurang beresih bisa diberesihkeun maké kaén atawa busa anu lemes jeung garing atawa maké hampelas anu nomor 0[1]. Endog anu kotor jeung kotor pisan dipisahkeun dina wadah séjén tuluy diberesihkeunana ku cara dikeueuman dina cai detergent anu haneut lilana 2 menit jang meresihkeun kokotorna anu geus gararing[1].
3.Toong endog anu geus garing,talingakeun keutuhan kerabang, eusi endog jeung rongga hawana[1]. pilih endog anu kerabangna komplit kénéh jeung nu eusi endogna beresih sarta miboga rongga hawa anu leuwih leutik[1].

Nyieun Adonan jeung Larutan[édit | sunting sumber]

Saméméh ngamimitian nyieun endog asin, kudu nyieun heula adonan uyah atawa ci uyah jang ngeueum endog[1].Lamun urang ngamimitian nyieun endog asin, urang kudu nalingakeun ukuran media atawa uyah anu rék dicaian, supaya karasa asin dina endog téh teu kaleuleuwihi atawa kakuranngan kusabab prosés nyieun endog asin ieu bisa dilakonan ku sababaraha cara[1].

1. Nyieun ci uyah

Prosés nyieun ci uyah ieu miboga pungsi jang larutan pikeun ngeueum endog[1].Anapon prosés nyieun ci uyah mimitina naheur cai nepi ka suhu anu tangtu (teu kudu nepi ka ngagolak) sakirana bisa ngabantuan prosés téésna uyah jeung saltpeter[1]. Tuluy asupkeun uyah jeung ''saltpeter'', kucek-kucek nepi ka ngahiji[1]. Sabada éta angkat éta larutan uyah tina kompor, tiiskeun[1].
2. Nyieun Adonan uyah

Kusabab media adonan anu rék dijieun aya tilu rupa, jadi ukuranana urang tangtukeun tina media séwang-séwangan[1].
a. Adonan 1 maké media taneuh liat
Takaranna jang endog hayam atawa meri 30 siki, taneuh liat 20 keupeul,sekam padi 0,5 kg, uyah 1 kg, cai beresih samahina[1].
b. Adonan 2 maké media lebu
jang endog hayam atawa endog meri 30 siki, maké lebu 60 keupeul, uyah 1 kg, cai beresih samahina[1].
c. Adonan 3 maké media bubuk bata beureum
jang endog hayam atawa meri 30 siki, diperyogikeun bubuk bata beureum 60 keupeul, uyah 1 kg, salpeter atawa sendawa 50 gram, cai beresih samahina jeung sabun seuseuh samahina[1].

Cara nyieunna nya éta[1]:

  • Salah sahiji bahan adonan (taneuh liat, lebu, jeung bubuk bata beureum), dicampurkeun jeung uyah, salpeter luyu jeung ukuran anu geus ditangtukeun[1].
  • galo-galo adonan nepi ka ngahiji[1].
  • tuluy, tambahan cai saeutik-saeutik bari digaley-galey nepi ka adonan jadi kentel supaya bisa ditapelkeun kana kulit endog[1].

supaya bisa kentel, adonan bisa dicobaan ditapelkeun kana kulit endog[1]. Lamun adonan bisa napel, hartina tingkat kakentelanana geus hadé[1].Ku cara kitu,saeutik-saeutik (5%-10%) tina uyah bakal kaserep ka jero endog[1]. Kusabab kitu, lamun adonan pembalut bisa dipaké deui, kudu ditambahan uyah kana adonan éta kurang leuwih 5%-10% tina jumlah beurat garam kabéh[1].Dina nyieun unggal adonan, kadar air anu dibutuhkeun disaluyukeun jeung tingkat kagaringan media[1]. Leuwih garing adonanana mangka leuwih loba cai anu dibutuhkeunana[1].

Kandungan Gizi[édit | sunting sumber]

Endog asin biasana dijieun tina endog meri atawa endog bébék kusabab pori-pori cangkangna garedé jeung kandel[2]. Tapi teu kabéh jalma wani ngadahar endog asin, kusabab bisa ngaronjatkeun kadar koléstérol jeung tekanan darah dina awak[2]. Sanajan endog asin angger mangpaat kusabab miboga kalsium anu loba[2]. Ngadahar endog asin 2-3 siki unggal minggu jang anu umurna kurang ti 30 taun teu ngaganggu kana kaséhatan malahan alus kusabab kolesterol miboga pungsi jang ngabentuk uyah hamperu anu diperlukeun jang pencernaan lemak jeung komponen penting séjénna jang jaringan otak, serat, saraf, haté, ginjal jeung kelenjar adrenalin[2].Kolesterol ogé mangrupa bahan dasar anu ngawangun hormon progesteron, estrogen, testosteron jeung kortison anu miboga mangpaat jang ngatur fungsi jeung aktivitas biologis[2].Endog asin dianjurkeun jang didahar ku barudak nalika masa pertumbuhan, ibu hamil, menyusui, kolot, jalma nu keur gering atawa aya dina tahap rék cageur tina panyakitna kusabab ampir kabéh zat gizi anu aya dijerona babari dicerna ku awak[2].Mineral anu aya dina jero endog asin teu ruksak lantaran ayana prosés pengasinan tapi nambahan kalsiumna[2].Kalsium miboga mangpaat jang nurunkeun resiko kanker usus, ngubaran nyeri nalika ''haid'' jeung ''menopouse'', ngurangan resiko keropos tulang nalika hamil jeung nyusuan, ngajaga kauatan huntu sangkan teu babari bolong, ngaaktifkeun saraf, ngalancarkeun perdedaran darah, melenturkan otot, nganormalkeun tekanan darah, ngajaga kasaimbangan cairan awak jeung nyingkahan panyakit jantung[2]. Endog asin mangrupa sumber vitamin D nu panggedéna sabada minyak lauk hiu[2].

Referensi[édit | sunting sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab ac ad ae Proses Pembuatan Telur Asin(diakses 23 Oktober 2011)
  2. a b c d e f g h i Telur Asin(diakses 1 November 2011)
Nulis.jpg