Ernest Adams
Ernest Adams nya éta salah saurang nu katélah dina dunia video game, nya éta saurang Desainer Game.[1] Adams lulus ti Universitas Stanford, California, Amerika Serikat taun 1986.[1]
Awal Karir [édit]
Mimitina Adams digawé jadi Software Engineer dina hiji industri elektronik, tapi pindah kana video game dina taun 1989 di na hiji parusahaan nu ngaranna Interactive Productions.[1] Didieu Adams nyieun game Online Amerika, nya éta RabbitJack's Casino.[1]
Adams jadi desainer game nalika pindah ka Electronic Arts dina taun 1992.[2] Adams ngarancang game John Madden Football dina édisi CD-ROM, tina pangalaman proyék éta, Adams jadi produser audio/video pikeun séri game Madden pikeun lima taun kahareup.[2] Salila di Electronic Arts, Adams ogé mantuan pikeun nyieun Computer Gama Developers Conference (nu ayeuna GDC) jeung ngadegkeun International Game Developers' Association (IGDA).[2] Anjeunna ngajabat sabagé presiden jeung pupuhu IGDA salila dua taun satengah.[2]
Dina taun 1999, Adams pindah ka Inggris pikeun jadi produser anu mingpin Bullfrog Production, salah sahiji anak parusahaan ti parusahaan EA.[2] Didinya Adams gawé dina dua proyék nya éta Genesis:The Hand of God jeung Dungeon Keeper 3.[2]
Rujukan [édit]
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |