Fiji

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Matanitu ko Viti
Fijī Ganarājya
फ़िजी गणराज्य
Republic of Fiji
Républik Fiji
Bandéra Fiji Lambang Fiji
Motto
Rerevaka na Kalou ka Doka na Tui
Sieun ka Gusti jeung Hormat ka Ratu
Lagu

God Bless Fiji
Location of Fiji
Ibu kota
(jeung kota panggedéna)
Suva
18°10′S 178°27′E
Basa resmi Inggris, Bau Fiji, jeung Hindi Fiji[1]
Démonim Fiji Islander, Fijian
Pamaréntah Pamaréntahan Tetepan Militér jeung Républik parleménter
 -  Présidén Epeli Nailatikau
 -  Perdana Mentri Frank Bainimarama
 -  Pamingpin GCC Ratu Epeli Nailatikau
 -  Pupuhu Luhur Ratu Elizabeth II1
Kamerdékaan
 -  ti Britania Raya 10 Oktober 1970 
 -  Républik 28 Séptémber 1987 
Aréa
 -  Total 18.274 km² (ka-155)
7.056 mil² 
 -  Cai (%) tiasa teu dipadulikeun
Populasi
 -  Perkiraan  2009 849.000[2] (ka-156th)
 -  Sénsus 2007 837.271 jiwa 
 -  Kapadetan 46,4 /km² (ka-148)
120,3 /mil²
GDP (PPP) Perkiraan 2010
 -  Total $3,869 milyar[3] 
 -  Per kapita $4.347[3] 
GDP (nominal) Perkiraan 2010
 -  Total $3,131 milyar[3] 
 -  Per kapita $3.518[3] 
HDI (2010) Red Arrow Down.svg0,669[4] (sedeng) (ka-86)
Mata uang Dolar Fiji (FJD)
Zona wanci +11 (UTC+12)
 -  Usum panas (DST)  (UTC+13[5])
TLD Internét .fj
Kode telepon +679
1 Diakuan ku Déwan Ageung Pupuhu Séké.

Fiji (/ˈfiːdʒiː/ ( dangukeun); basa Fiji: Viti; basa Hindi Fiji: फ़िजी), resmina Républik Fiji[6] (basa Fiji: Matanitu ko Viti; basa Hindi Fiji: फ़िजी गणराज्य[7] Fijī Gaṇarājya), mangrupakeun hiji nagara kapuloan di Mélanesia di Samudra Pasifik kidul, kira-kira 1,100 nautical miles (2,000 km; 1,300 mi) kalér-wétaneun Pulo Kalér Selandia Anyar. Tatanggina nu pangdeukeutna nya éta Vanuatu di kulon, Kaledonia Anyar Perancis di kidul-kulon, Kapuloan Kermadec Selandia Anyar di kidul-wétan, Tonga di wétan, Samoa, Wallis jeung Futuna Perancis di kalér-wétan jeung Tuvalu di kalér.

Kalobaannana kapuloan Fiji diwangun tina aktivitas vulkanis nu dimimitian kira-kira 150 yuta taun baheula. Ayeuna, sababaraha aktivitas géotérmal masih aya dina kapuloan Vanua Levu jeung Taveuni.[8] Fiji geus didumukan ti milénium kadua SM. Nagara ieu diwangun ti hiji kapuloan nu miboga leuwih ti 332 pulo, nu mana 110 didumukan permanén, jeung leuwih ti 500 pulo leutik. Dua pulo utama, Viti Levu jeung Vanua Levu, miboga 87% ti populasi nu ampir nepi ka 850.000. Ibu kotana nya éta Suva. Kalobaannana urang Fiji cicing di basisir Viti Levu, boh di Suva atawa padumukan nu lian. Bagian jero Viti Levu jarang dicicingan ku lantaran daratanna.[9]

Dina abad ka-17 jeung ka-18, Walanda jeung Britania ngajelajah Fiji.[10] Fiji mangrupa hiji koloni Britiania nepi ka 1970; panjajahan Britania aya méh hiji abad.[11] Ku lantaran lobana leuweung, mineral, jeung sumber lauk, Fiji mangrupakeun salahsahiji nu ékonomina pangmekarna di wewengkon kapuloan Pasifik. Kiwari, sumber utama dévisa nya éta industri pelesir jeung ékspor gula.[12] Mata uang nagara ieu nya éta Dolar Fiji.

Fiji miboga hiji sistem pamaréntahan lokal nu mana déwan dayeuh jeung kota aya dina kawasa umum Kamentrian Pamaréntahan Lokal jeung Pamekaran Kota.[13] Présidén Ratu Epeli Nailatikau minangka présidén Fiji, sanggeus hiji mahkamah luhur maréntah yén kapamingpinan militér ditetepkeun tampa hukum sanggeus kudéta 2006.[14] Dina Perang Dunya II, Britania Raya ngidinkeun raloba urang Fiji nulungan Sakutu liwat panunggalanna sareng tentara Selandia Anyar jeung Australia. Angkatan Pakarang Républik Fiji (RFMF), diwangun ti unit darat jeung laut.

Babagian administratif[édit | sunting sumber]

Red right arrow.svg
 Artikel utama: Pamaréntahan Lokal Fiji.
Peta babagian Fiji.

Fiji dibagi kana Opat Divisi Mayor:

Divisi-divisi ieu dibagi deui kana 14 propinsi:

Fiji dibagi ogé kana 3 Konféderasi Pamaréntahan dina rézim Cakobau, sanajan teu dianggap salaku babagian politis, tapi tetep penting dina babagian sosial:

Tempo ogé[édit | sunting sumber]

Catetan suku[édit | sunting sumber]

  1. Dr. A. Tschentscher, LL.M.. "Section 4 of Fiji Constitution". Servat.unibe.ch. Diakses pada 3 Méi 2009. 
  2. Department of Economic and Social Affairs Population Division (2009). "World Population Prospects, Table A.1".
  3. a b c d "Fiji". International Monetary Fund. Diakses pada 21 April 2011. 
  4. "Human Development Report 2010". United Nations. 22 Oktober 2010. Diakses pada 5 Nopémber 2010. 
  5. "Timeanddate.com". Timeanddate.com. Diakses pada 2 Méi 2010. 
  6. Dina Pébruari 2011, Biro Perdana Mentri nyebutkeun yén ngaran nagar geus resmi dirobah ka Républik Fiji, jeung yén ngaran nu aya dina konstitusi 1997 ayeuna teu laku deui (constitution is suspended since April 2009). Tempo Fijivillage.com (2011-02-03). "Country is now officially called Republic of Fiji". Diakses pada 4 Pébruari 2011. 
  7. "Measles On Long Island". wn.com. 22 Oktober 2010. Diakses pada 15 Séptémber 2010. 
  8. "Fiji Geography". fijidiscovery.com. 22 Oktober 2005. Diakses pada 15 Séptémber 2010. 
  9. "Fiji: People". state.gov. 28 Juni 2010. Diakses pada 15 Séptémber 2010. 
  10. "Fiji: History". infoplease.com. 22 Oktober 2005. Diakses pada 15 Séptémber 2010. 
  11. "Tourism Fiji : A Social, Political and Environmental Case Study". tamu.edu. 22 Oktober 2007. Diakses pada 15 Séptémber 2010. 
  12. "CIA World Factbook: Fiji: Economy". cia.gov. 19 Agustus 2010. Diakses pada 15 Séptémber 2010. 
  13. "Fiji: Our Government". fiji.gov.fj. 9 Nopémber 2009. Diakses pada 15 Séptémber 2010. 
  14. "Fiji's president takes over power", bbc.co.uk, 2009-04-10. Disalin 2010-09-15.[tumbu nonaktif]

Réferénsi[édit | sunting sumber]

  • Wright, Ronald (1986). On Fiji Islands, Original from the University of Michigan, Digitized 5 December 2006. Mutalaah panjajahan kapuloan Fiji, nerangkeun kumaha Fiji bisa nahankeun basa jeung budaya maranéhna, jeung ngadéskirpsikeun masarakat Fiji.
  • Derrick, Ronald Albert (1951). The Fiji Islands: A Geographical Handbook, Govt. Print. Dept Fiji, 334 pages, Original from the University of Michigan, Digitized 11 July 2006. Rincian dina Fiji sajarahna jeung géografina.
  • Lal, Brij V. (1992). Broken Waves: A History of the Fiji Islands in the Twentieth Century, University of Hawaii Press. Rincian dina Sajarah, Géografi, jeung Ékonomi Fiji.
  • Back to the Chessboard: The Coup and the Re-Emergence of Pre-colonial Rivalries in Fiji. Dina: Kolig/Mückler (eds.) (2002). Politics of Indigeneity in the South Pacific, 143–158, LIT Verlag, Hamburg.
  • Miller, Korina, Jones, Robyn; Pinheiro, Leonardo (2003). Fiji, Lonely Planet. Pitunjuk pelesir.

Pustaka[édit | sunting sumber]

  • Derrick, Ronald Albert (1957). A History of Fiji, Suva, Fiji: Government Printer.
  • David Routledge: Matanitu - The Struggle for Power in Early Fiji, University of the South Pacific, Suva 1985
  • Scarr, Deryck (1984). Fiji: A Short History, Sydney, Australia: Allen & Unwin.
  • Waterhouse, Joseph (1998). The King and People of Fiji, University of Hawaii Press.

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]

Mangga paluruh émbaran nu langkung seueur ngeunaan Fiji ku jalan nyungsi proyék sawargi Wikipedia
Wiktionary-logo-en.png Définisi kamus ti Wiktionary
Wikibooks-logo.svg Buku téks ti Wikibooks
Wikiquote-logo.svg Cutatan ti Wikiquote
Wikisource-logo.svg Téks sumber ti Wikisource
Commons-logo.svg Gambar jeung média ti Commons
Wikinews-logo.svg Warta ti Wikinews
Wikiversity-logo-en.svg Sumber pangajaran ti Wikiversity
Pamaréntah
Informasi umum
Pelesir

Wikivoyage-Logo-v3-icon.svg   Tingali ogé Fiji di Wikivoyage

Koordinat: 18°S 179°E / 18°S 179°E / -18; 179





Countries.png