Folklor

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Ilustrasi legenda Sangkuriang nu kaasup kana foklor lisan

Folklor nya éta adat istiadat tradisional jeung carita ra’yat nu diwariskeun sacara turun-tumurun tapi heunteu dibukukeun; élmu adat istiadat tradisional jeung carita rahayat anu henteu dibukukeun. [1] Sacara étimologi folklor asalna tina kecap folk jeung lore.[2] Folk hartina kolétif atawa ciri-ciri fisik jeung kabudayaan nu sarua dina masarakat, sedengkeun nu dimaksud lore nya éta tradisi tina folk.[2]
Numutkeun Danandjaja foklor nya éta sakelompok jalma nu miboga ciri-ciri fisik, sosial, jeung kabudayaan nepi ka bisa dibédakeun ti kelompok-kelompok lianna. [2] Harti folklor sacara umumna nya éta sabagéan kabudayaan hiji koléktif nu sumebar tur diwariskeun sacara turun-tumurun di antara koléktif naon waé, sacara tradisonal dina vérsi nu béda boh dina wangun lisan boh dina wangun conto nu dibarengan ku isarat atawa hal naon waé sangkan teu gancang poho (mnemonic device).[3]
Numutkeun Soeryawan, folklor nya éta wangun kasenian nu lahir ti masarakat tur sumebar di masarakat.[4] Ciri tina ieu seni budaya mangrupa ébréhan pangalaman manusa nu has dina wangunna éstétis-atistis.[4]
Numutkeun Rusyana foklor téh mangrupa bagéan tina carita nu geus lila hirup dina tradisi hiji masarakat. [4] Sedengkeun numutkeun Iskar dina H.U. Pikiran Rakyat (22 Januari 1996) folkor nya éta kajian kabudayaan rahayat leutik boh unsur matéri boh unsure nonmatéri.[4] Éta kajian museur kana masalah kapercayaan rahayat, adat istiadat, pangaweruh rahayat, basa rahayat (dialék), sastra rahayat, kasenian rahayat, sarta pakéan rahayat.[4]

Sajarah kamekaran folklor[édit | sunting sumber]

William John Thoms

Folklor mangrupa salasahiji kabeungharan sastra heubeul.[4] Ieu sastra folklor mekar sanggeus William John Thoms, salah saurang ahli kabudayaan ti Inggris ngabéwarakeun artikelna dina majalah Athenaeum No. 982 tanggal 22 Agustus 1846 kalawan sandi asma Ambrose Merton.[5]
Dina éta majalah Thoms nyieun istilah folklor pikeun kasopanan Inggris, tahayul, balada, jeung ngeunaan hal-hal dina mangsa katukang nu saméméhna disebut antiquities, popular antiquities, atawa popular literature.[5] Tisaprak harita, folklor jadi istilah anyar dina kabudayaan.[5] Tapi dina taun 1865 E.B. Taylor ngawanohkeun istilah culture kana basa Inggris.[5] Éta istilah mimiti diwanohkeun dina karanganana kalawan judul Researches into the Early History of Mankind and the Development of Civilization.[5]
Alatan hal éta, istilah culture diidéntifikasikeun jeung kabudayaan dina umumna, sedengkeun istilah foklor ngan ngawengku kabudayaan nu sumebar sacara lisan wungkul.[5]
Di sawatara nagara, masih kénéh aya nu ngagunakeun istilah lain pikeun foklor saperti di Prancis nu ngagunakeun tradision populair, sarta di nagara-nagara Eropa lianna nu ngagunakeun istilah volkskunde jeung fol-liv (folk life). [5]

Ciri-ciri Folklor[édit | sunting sumber]

Foklor tangtuna waé béda jeung kabudayaan lianna, kulantaran miboga karakteristik atawa cicirén nu tangtu.[6]
Numutkeun Danandjaja 1997, ciri-ciri utama folklor nya éta:

  1. Sumebarna ngaliwatan lisan.[6]
  2. Sipatna tradisional nu sumebar dina wangun nu relatif sarua.[6]
  3. Miboga varian-varian nu béda. Hal ieu balukar tina cara sumebarna nu ngaliwatan lisan nepi ka aya prosés interpolasi.[7]
  4. Sipatna anonim nya éta ngaran nu nyiptakeunana teu dipikanyaho ku masarakatna.[7]
  5. Miboga rumus atawa pola nu tangtu tur ngagunakeun kekecapan nu nyamuni ma’nana (implisit).[7]
  6. Miboga pungsi minangka sarana atikan, hiburan, protés sosial, sarta proyéksi (eunteung) tina kahayang hiji masarakat.[7]
  7. Sipatna pralogis, miboga logika sorangan nu teu saluyu jeung ilaharna logika umum.[7]
  8. Milik hiji koléktif, lantaran sipatna anu anonim téa nepi ka ngabalukarkeun unggal anggota kolektif ngarasa miboga éta budaya.[7]
  9. Folklor sacara umum sipatna polos, lugu, tur spontan alatan mangrupa proyéksi émosi manusa nu maniféstasina pangjujurna. [7]

Folklor di masarakat Sunda[édit | sunting sumber]

Folklor nu aya dina hirup kumbuh masarakat Sunda sarua jeung folklor di daérah lianna nu ngawengku folklor lisan (verbal folklore), folklor satengah lisan (partly folklore), jeung foklor lain lisan (nonverbal folklore).[4]

Folklor lisan (verbal folklor)[édit | sunting sumber]

Numutkeun Rusyana (1976) folklor lisan atawa sastra lisan miboga kalungguhan minangka kabeungharan budaya hususna kabeungharan sastra; minangka modal aprésiasi sastra lantaran sastra lisan geus bisa ngarahkeun masarakat nepi ka bisa ngaprésiasi sarta weruh kana ide jeung hal-hal puitik dumasar prakték nu geus jadi tradisi; minangka dasar komunikasi antara nu nyipta jeung masarakat dina harti ciptaan dumasar sastra lisan.[4]

Carita prosa rahayat[édit | sunting sumber]

  • Mite

Mite nya éta carita nu miboga kasang tukang sajarah, dipercaya ku masarakat minangka carita nu bener-bener kajadian sarta dianggap suci jeung di jerona loba hal-hal goib.[8] Biasana tokoh dina ieu carita nya éta déwa-déwi. [8]

  • Legénda

Legénda nya éta carita rayat bihari nu aya patalina jeung sajarah.[8] Di jerona aya kajadian-kajadian nu dibayangkeun aya dina sajarah.[4] Biasana kajadianana ogé lain hal nu biasa. [4]

  • Dongéng

Dongéng nya éta babad beunang ngaréka, babad karangan anu heunteu kajadian saenyana anu mohal jadina.[9] Rusyana nétélakeun yén dina sastra Sunda, dongéng bisa dipasing-pasing jadi:[4]

  • Carita karuhun

Carita nu lalakonna manusa nu laku lampahna dianggap miboga mangpaat pikeun hiji kelompok masarakat.[4] Masarakat nganggap tokoh éta carita salaku karuhun saperti sesepuh nu geus tilar dunya sarta éta sesepuh téh dipihurmat.[4]

  • Carita kajajadén

Carita nu lalakonna manusa nu sanggeus tilar dunya tuluy robah jadi sato kajajadén.[4]

  • Sasakala

Carita nu tokoh utamana atawa tokoh lianna ngan saukur mangrupa benda nu dianggap hiji asal-usul ngaran atawa kaayaan.[4]

  • Carita dedemit

Dongéng nu palaku utamana nya éta dedemit atawa siluman.[4] Biasana ieu dedemit téh ngahukum manusa nu ngarempak hiji larangan di hiji tempat. [4]

Puisi rayat[édit | sunting sumber]

Sajak atawa puisi rayat nya éta kasusastraan rayat nu geus tangtu wangunna, biasana diwangun ku sababaraha kalimah, aya nu dumasar kana mantra, panjang pondokna hiji kecap, alon henteuna tekenan sora, atawa ngan dumasar kana iramana wungkul.[10]
Dina foklor Sunda aya dua wangun puisi Sunda nu bisa disebut arkais nya éta ajimantra jeung carita pantun.[4] Istilah ajimantra dicutat tina naskah kuno Sanghyang Siksa Kandang Karesian nu ditulis taun 1518, nu hartina sarua jeung mantra kiwari.[4] Sedengkeun puisi dina carita pantun aya dua nya éta rajah jeung nataan.[4] Rajah nya éta doa salamet ti juru pantun saméméh jeung sanggeus bagéan carita pantun nu disebut nataan.[4] Conto tina puisi rayat nya éta pantun, wawacan, jeung jampé. [4]

Basa rayat (folkspeech)[édit | sunting sumber]

Wangun foklor Indonesia nu kaasup kana kelompok basa rayat nya éta logat (dialék) basa Nusantara, misalna logat basa Jawa ti Indramayu nu kapangruhan ku basa Sunda, logat basa Sunda ti Banten, logat basa Jawa Cirebon, jeung logat basa Cirebon Sunda.[11]
Salian ti éta basa rayat di tatar Sunda ogé disebut basa wewengkon, misalna waé basa wewengkon Bogor (topo, sodét, pelanding, jeung sajabana), basa wewengkon Kuningan (ula, teoh, menit, agéh, jeung sajaban), basa wewengkon Banten (cawéné, kotok, dia, jeung sajabana) sarta basa-basa wewengkon lianna. [4]

Ungkapan tradisional[édit | sunting sumber]

Ungkapan tradisonal ngawengku paribasa, babasan, papatah, jeung pamali.[4]

Pertanyaan tradisional[édit | sunting sumber]

Pernyataan tradisional di Indonesia leuwih kasohor ku sebutan teka-teki, contona nya éta tatarucingan jeung sisindiran.[4]

Nyanyian rayat[édit | sunting sumber]

Nyayian rayat nya éta salasahiji genre atawa wangun foklor nu ngawengku kekecapan jeung laguna, sumebar sacara lisan di antara anggota koléktif nu tangtu, wangunna tradisional sarta loba varianna. [12]
Contona nya éta kakawihan urang lembur (tokécang, eundeuk-eundeukan, ayang-ayagung, prang-pring, bulantok, cing cangkeling, jeung sajabana), kawih gondang, kawih calung, lagu-lagu celempungan, lagu panyawer, lagu pangjampé, jeung sajabana. [4]

Folklor satengah lisan (partly verbal folklore)[édit | sunting sumber]

Jaipongan nu kaasup kana folklor satengah lisan

Folklor lain lisan (nonverbal folklore)[édit | sunting sumber]

Folklor lain lisan bisa dipasing-pasing jadi dua bagéan nya éta folklor materil jeung folklor lain materil.

Folklor materil[édit | sunting sumber]

kendang nu kaasup kana folklor lain lisan materil

Folklor lain materil[édit | sunting sumber]


Referensi[édit | sunting sumber]

  1. Arti Folklor (Diakses tanggal 24 Oktober 2011) (id)
  2. a b c Danandjaja, James.2007.Folklor Indonesia.Jakarta:Grafiti kaca 1 (id)
  3. Danandjaja, James.2007.Folklor Indonesia.Jakarta:Grafiti kaca 2 (id)
  4. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab ac ad ae af ag ah ai aj ak al am an ao ap Folklor (Diakses tanggal 24 Oktober 2011) (id)
  5. a b c d e f g Danandjaja, James.2007.Folklor Indonesia.Jakarta:Grafiti kaca 6 (id)
  6. a b c Danandjaja, James.2007.Folklor Indonesia.Jakarta:Grafiti kaca 3 (id)
  7. a b c d e f g Danandjaja, James.2007.Folklor Indonesia.Jakarta:Grafiti kaca 4 (id)
  8. a b c Departemen Pendidikan dan Kebudayaan.1995.Kamus Besar Bahasa Indonesia.Jakarta:Balai Pustaka (id)
  9. Danadibrata, R.A.2006.Kamus Basa Sunda.Jakarta:Balai Pustaka
  10. Danandjaja, James.2007.Folklor Indonesia.Jakarta:Grafiti kaca 46 (id)
  11. Danandjaja, James.2007.Folklor Indonesia.Jakarta:Grafiti kaca 22-23 (id)
  12. Danandjaja, James.2007.Folklor Indonesia.Jakarta:Grafiti kaca 141 (id)