Frékuénsi sélulér
| Standar telepon mobil jeung data |
| Kulawarga GSM / UMTS
|
| 2G |
| 3G |
| Pre-4G |
| Kulawarga cdmaOne / CDMA2000
|
| 2G |
| 3G |
| Pre-4G |
| Tehnologi sejen
|
| 0G |
| 1G |
| 2G |
| Pre-4G |
Pita frékuénsi
|
Frekuensi seluler nyaeta frekuensi nu dipake ku jaringan seluler pikeun nyadiakeun jasana ka nu ngalanggan.
Alatan alesan sajarahna, frekuensi radio beda-beda dipakena ku jaringan seluler di Amerika, Eropa, jeung Asia. Standar komersial munggaran keur hubungan mobile di Amerika Sarikat nyaeta AMPS, nu make piat frekuensi 800 MHz. Di Eropa, jaringan mobile otomatis nu sumebar lega munggaran dumasar kana standar NMT-450, dina pita 450 MHz. Ku sabab telepon mobil jadi kasohor tur ngahasilkeun, nu nyadiakeun jasa mobil teu sanggup nyanghareupan masalah nalika kudu ngalayanan beuki loba palanggan. Ku kituna, maranehna ngamekarkeun jaringan nu aya sarta ngawanohkeun standar anyar, nu mimindengna dumasar kana frekuensi sejen. Standar GSM, nu mucunghul di Eropa keur ngaganti NMT-450 sarta standar lianna, munggaranna make pita 900 MHz. Ku sabab pamenta beuki tuwuh, nu mawa (carrier) ditambahan jadi dina 1800 MHz. (Mindeng katelah, frekuensi handap nyababkeun carrier bisa ngawengku wewengkon nu lega, sedengkeun frekuensi luhur bisa nyababkeun carrier nyadiakeun jasa ka leuwih loba nu ngalanggan di hiji wewengkon.)
Di A.S., standar AMPS analog nu make pita Sélulér (800 MHz) diganti ku sistim digital. Mimitina mah, sistim nu dumasar kana model telepon mobil AMPS teh kasohor, kaasup IS-95 (mindeng disebut "CDMA", dumasar kana tehnologi antarbeungeut udara nu dipakena) sarta IS-136 (mindeng disebut D-AMPS, Digital AMPS, atawa "TDMA", dumasar kana tehnologi antarbeungeut udara nu dipakena.) Ahirna, IS-136 di frekuensi ieu diganti ku kalolobaan operator ku GSM. GSM geus jalan sawatara wanci dina frekuensi PCS AS (1900 MHz).
Sarta, sababaraha jaringan analog NMT-450 diganti ku jaringan digital nu make frekuensi nu sarua. Di Rusia jeung sababaraha nagara sejen, carrier lokal narima lisensi keur frekuensi 450 MHz pikeun nyadiakeun mobile CDMA.
Loba telepon GSM ngarojong tilu pita (900/1800/1900 MHz atawa 850/1800/1900 MHz) atawa opat pita (850/900/1800/1900 MHz), sarta biasana disebut telepon pita tilu (tri band) jeung pita opat (quad band), atawa telepon jagat; numana telepon ieu bisa dibawa ka sakuliah dunya make handset nu sarua. Kaportabelan ieu henteu bisa ari keur telepon IS-95 mah, sabab jaringan IS-95 henteu aya di kalolobaan nagara di Eropa.
Jaringan mobil dumasar kana standar nu beda-beda bisa make range frekuensi nu sarua; contona, AMPS, D-AMPS, N-AMPS jeung IS-95 sakabehna make pita frekuensi 800 MHz. Urang bisa manggihan jaringan AMPS jeung IS-95 dipake dina frekuensi nu sarua di wewengkon nu sarua nu henteu silih interferensi. Hal ieu bisa dihontal ku jalan make kanal nu beda keur mawa data. Frekuensi aktual nu dipake ku telepon husus bisa beda-beda gumantung tempatna, gumantung setting stasion basis carrierna.
Daptar eusi |
Pita frekuensi nu disarankeun ku ITU [édit]
ITU-R nyatujuan pita ieu dina Juni 2003 keur telekomunikasi mobil terrestrial IMT-2000: 806-960 MHz, 1710-2025 MHz, 2110-2200 MHz jeung 2500-2690 MHz.
Pita frekuensi nu dipake di AS [édit]
| Sistim | Pita | Frekuensi (MHz) |
|---|---|---|
| SMR iDEN | 800 | 806-824 and 851-869 |
| AMPS, IS-95 (CDMA), IS-136 (D-AMPS), GSM | Cellular | 824-849, 869-894, 896-901, 935-940 |
| GSM, IS-95 (CDMA), IS-136 (D-AMPS) | PCS | 1850-1910 jeung 1930-1990 |
| 3G | AWS | 700 range |
| 3G | AWS | 1432-1435 |
| 3G | AWS | 1710-1755 |
| 3G | AWS | 2110-2170 |
| 3G | AWS | 2500-2690 |
Pita frekuensi nu dipake ku GSM [édit]
| Sistim | Pita | Uplink | Downlink | Channel Number |
|---|---|---|---|---|
| GSM 400 | 450 | 450.4 - 457.6 | 460.4 - 467.6 | 259 - 293 |
| GSM 400 | 480 | 478.8 - 486.0 | 488.8 - 496.0 | 306 - 340 |
| GSM 850 | 850 | 824.0 - 849.0 | 869.0 - 894.0 | 128 - 251 |
| GSM 900 (P-GSM) | 900 | 890.0 - 915.0 | 935.0 - 960.0 | 1 - 124 |
| GSM 900 (E-GSM) | 900 | 880.0 - 915.0 | 925.0 - 960.0 | 0 - 124, 975 - 1023 |
| GSM-R (R-GSM) | 900 | 876.0 - 880.0 | 921.0 - 925.0 | 955 - 973 |
| DCS 1800 | 1800 | 1710.0 - 1785.0 | 1805.0 - 1880.0 | 512 - 885 |
| PCS 1900 | 1900 | 1850.0 - 1910.0 | 1930.0 - 1990.0 | 512 - 810 |
Pita frekuensi GSM nu didefinisikeun dina ETS 05.05.
Wewengkon sejen [édit]
| Sistim | Nagara | Uplink | Downlink |
|---|---|---|---|
| CDMA | China | 2300-2400 | |
| CDMA | Jepang | 887-924 | 832-869 |
| CDMA | Korea Kidul | 1740-1770 | 1840-1870 |
Tempo oge [édit]
- 3GPP
- Dual band
- GSM frequency bands
- Quad band
- Roaming
- Tri band
- UMTS frequency bands
- 700 Mhz wireless spectrum auction
Rujukan [édit]
Tumbu luar [édit]
| Telepon Mobil | |||
|---|---|---|---|
|
|||