Ganas
| Ganas | |
|---|---|
| Ganas dina tangkalna | |
| Klasifikasi ilmiah | |
| Kingdom: | Plantae |
| Division: | Magnoliophyta |
| Class: | Liliopsida |
| Order: | Poales |
| Family: | Bromeliaceae |
| Subfamily: | Bromelioideae |
| Genus: | Ananas |
| Species: | A. comosus |
| Ngaran binomial | |
| Ananas comosus (L.) Merr. |
|
| Sinonim | |
|
Ananas sativus |
|
Ganas atawa danas (Ananas comosus) nyaéta tutuwuhan jeung buah tropis, nu sigana asalna ti Uruguay, Brazil, atawa Paraguay.
Daptar eusi |
Étimologi[édit]
Ngaran ilmiah ganas, Ananas comosus, ananas, dicokot tina ngaran asli buahna dina basa Tupi (Rio de Janeiro, Brazil), nanas, luyu jeung catetan André Thevenet taun 1555.
Buahna[édit]
Penyerbukan alami buah ganas biasana dibantuan ku kolibri. Penyerbukan ieu perlu pikeun ngabentuk siki; ayana ieu siki ngurangan kualitas buah. Di Hawai, nu loba tatané ganas, impor kolibri dicaram ku alesan ieu.
Pangaruh gizi[édit]
Buah ganas ngandung énzim protéolitik bromelain, nu ngarecah dahareun ku cara ngancurkeun protéinna. Ku kituna, sari ganas sok dipaké pikeun ngaleuleuskeun daging. Ieu énzim bisa bahya pikeun nu nandangan kakurangan atawa cacad protéin, misalna baé sindrom Ehlers-Danlos.
Kapercayaan tradisional nyebutkeun yén ganas bisa jadi ubar keur gangguan pencernaan, ogé cénah bisa ngabantu pikeun ngalahirkeun.[1]
Ganas seger kadang bisa ngabalukarkeun iritasi kana tungtung létah, anu karasana semu peuheur atawa pahang. Pikeun ngurangan gangguan ieu, biasana ganas sok dikeueum heula dina ciuyah.
Buah ganas téh sumber mangan anu hadé (91%DV tina sagelas) sarta loba ngandung vitamin C (94%DV tina sagelas) jeung Vitamin B1 (8%DV tina sagelas).[2]
Sajarah budidaya[édit]
Ganas sumebar ti tempat asalna (tengah Amérika Kidul) ku cara dipelak. Mangsa Christopher Columbus datang (1492), ganas geus sumebar ka Amérika Kidul jeung Tengah, Méksiko kidul, jeung Karibia (Hindia Kulon). Bangsa Spanyol mawa ieu pepelakan ka Pilipina, pulo Hawai (kira awal abad ka-19, budidaya komersil munggaran 1886), jeung Guam. Di Éropa, ganas bisa dipelak di rumah kaca. Kultivar anu biasa dipelak nyaéta 'Red Spanish', 'Hilo', 'Smooth Cayenne', 'St. Michael', 'Kona Sugarloaf', 'Natal Queen', jeung 'Pernambuco'.
Galeri[édit]
-
Ganas di supermarket.
-
'Victoria', kultivar ganas anu leutik, amis, jeung seungit anu kawentar di Réunion Island.
Rujukan[édit]
- Pineapple. Wikipédia basa Inggris (5 Dés. 2007).
- ↑ Adaikan, P. Ganesan, Adebiyi, Adebowale (Désémber 2004). "Mechanisms of the Oxytocic Activity of Papaya Proteinases". Pharmaceutical Biology 42 (8): 646–655.
- ↑ Nutrition Facts for pineapple
Tumbu kaluar[édit]
- USDA Hawaii Agricultural Statistics - Pineapple yields 2001-2005
- Social History of the Pineapple - a look at the symbolism behind the pineapple
- Pineapple Fruit Facts - Information on pineapples from California Rare Fruit Growers, Inc.
- The price of pineapples - Pesticide pollution in Costa Rica
- FAO. Tropical Fruits Commodity Notes, 2003
- Francesca Beauman, 'The Pineapple', ISBN 0-7011-7699-7, publisher Chatto and Windus
- Pineapple Nutrition
- Jahn, G. C. 1990. The role of the big-headed ant in mealybug wilt of pineapple. In G.K. Veeresh, B. Malik, and C. Viraktamath [eds.] "Social Insects and the Environment." Oxford & IBH Publishing Co., New Delhi, 614-615.
- Jahn, G. C. 1995. Gray pineapple mealybugs, Dysmicoccus neobrevipes Beardsley, found inside of pineapple fruit. Proc. Hawaiian Entomol. Soc. 32: 147-148.
- Jahn, Gary C., J. W. Beardsley and H. González-Hernández 2003. A review of the association of ants with mealybug wilt disease of pineapple. Proceedings of the Hawaiian Entomological Society. 36:9-28.