Ganas Madu

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi

Ganas madu, Danas madu nya éta salasahiji ganas anu mangrupa bungbuahan tropis jeung subtropis[1].Bungbuahan anu asalna ti nagara Brazil ieu téh bisa tumuwuh kalayan nyugemakeun di daérah tropis, utamana di sabudeureun daérah khatulistiwa[2]. Indonesia jadi nagara katilu anu ngaeksportir ganas sabada Filipina jeung Thailand. Jenis ieu téh jadi kaonjoyan ganas ti subang disebutna ganas "Si Madu"[3]. Sebutan éta asalna tina rasa ganasna sorangan anu kareueut pisan[3].Si Madu geus jadi trade mark atawa ciri has oleh-oleh ti daerah Subang[4]. Ganas si madu geus lila dipelak ku para patani di daerah Tambakan, Tambak mekar, Bunihayu, Jalancagak jeung Kumpay anu ngajadikeun Subang jadi kawéntar di Indonesia malah nepi ka dunya internasional ogé[4].Si madu mah beuratna kurang leuwih 1kg nepi ka 2,5kg[2]. Ganas si Madu jarang di kebon ganas kusabab ganas si madu lain rupa/ varietas ganas[5].Ganas si madu mangrupa segregasi atawa penyimpangan genetika ganas subang[5]. Biasana dina sakali panén ganas si maduna kurang ti dua puluh[5].Ganas mah panénna téh teu usum-usuman, jadi ganas si madu téh primadona teu ngan saukur di subang tapi jadi primadona nasional ogé[5]. Dina taun 1970-an, ganas anu dibudidayakeun di subang jang dikomersilkeun nya éta jenis ganas smooth cayenne jeung queen tapi nalika taun 1980-an, Subang museurkeun kana jenis smooth cayenne[5].


Kiwari, loba patani-patani anu asalna ti Kalimantan jeung Sumatera anu meuli ganas si Madu jang dipelak tur dibudidayakeun di kebon maranéhna[4]. Numutkeun Balai Penelitian Pertanian Bogor ganas asal Subang miboga loba vitamin kusabab dina ganasna loba caian[4]. Ganas si Madu gampang ditéangan kusabab di sapanjang jajalananeun ka Subang loba warung-warung anu ngajual si Madu, atawa bisa ogé langsung meuli ka patanina[4].Disagédéngeun boga potensi pasar anu hadé, ganas ogé boga rupa-rupa mangpaat[2]. Dina ganas aya rupa-rupa zat anu alus jang kaséhatan urang diantarana vitamin B, vitamin C, fosfor, kalium, magnesium, besi, natrium, kalium, dekstrosa, sukrosa, sarta enzim bromelain[2]. Lian ti éta ogé ganas bisa ngajauhkeun urang tina sababaraha kasakit kayaning jantung, beri – beri, stroke jeung réa-réa deui kasakit anu bisa disingkahan kulantaran ngadahar ganas[2]. Ganas kaasup kana bungbuahan anu babari ruksak atawa buruk kusabab loban kandungan air dina ganas anu dibalukarkeun ku ''mikroorganisme pembusuk'' , ku kituna cara ngungkulanana nya éta ganas dijieun kadaharan séjén kayaning dodol ganas, kiripik ganas, jeung réa-réa deui[6]. Di daérah subang kawéntar ku dodol ganasna anu rasana ngeunah tur seger Tapi anu dijadikeun dodol ganas atawa kiripik ganas téh lain Si madu da lamun si madu mah moal aya rasa haseum pasti ngeunah pisan bari hanjakalna hargana moal kaberik,moal aya untung kanu ngajual kulantaran harga si madu langkung awis batan ganas anu biasa.[5]

Ciri Ganas si Madu[édit | sunting sumber]

Ganas si Madu miboga ciri husus diantarana nya éta:

  1. Rasana kareueut[7]
  2. Teu buleud tapi lonyod[7]
  3. Warna dagingna konéng pias[7]
  4. Warna cangkangna biru kakonéng-konéngan[7].

Cara ngabudidayakeun Si Madu[édit | sunting sumber]

Ganas si Madu langka kapanggih kusabab éta mah penyimpangan tina genetika ganasna sorangan, tapi ayeuna aya tarékah pikeun ngabudidayakeun Si Madu, Léngkah-léngkahna nya éta:


  • Léngkah mimiti taneuh disaeur kira-kira 20cm-30cm, tuluy diratakeun[7].
  • Pupuk alami contona tai domba atawa sapi anu geus asak kurang leuwih 1000 karung nu gedéna 50 kg diawurkeun jang 1 héktar kebon, tapi saméméh diawurkeun pupuk kandang téh dicampur heula jeung kapur pertanian anu babandinganana 10:1[7].
  • Tuluy, bibit anu umurna 6 bulan,jangkungna 40 cm dipelakeun dina liang anu geus disadiakeun[7].Pilih bibit anu hadé anu bisa dicirikeun ku warna daunna nu héjo [7]. Sangkan hasilna optimal usahakeun maké pola tanam ganda[7].
  • Bibit dipelak kalawan jarak dina sajajarna 40 cm x 50 cm[7]. pikeun ngababarikeun ngurus jeung panén, jarak unggal baris ganas téh 1 m[7]. Jarak melak dijieun anggang sangkan persaingan nyerep unsur hara teu kajadian[7].
  • Sanggeus tilu bulan, dipupuk deui ku Urea, TSP, jeung KCl[7]. Dosisna 20 gr-25 gr per tatangkalan maké babandingan 2:1:1[7]. Lamun maké pupuk NPK lengkep ganas si maduna bisa nepi ka 90%, tapi lamun teu maké KCl ngan ukur 20-30%[7].
  • Dua bulan sabada mupuk mimiti, dibéré pupuk susulan anu jenis, dosis, jeung babandingana sarua jeung nu mimiti[7]. Nalika ganas geus umur 6-8 bulan,pembungaan dirempegkeun ku cara nyemprotkeun zat anu ngatur tumuwuhna anu eusina bahan aktif ethephon(2-chloroethylphosphonic acid)anu lobana 2 cc tuluy dicampurkeun jeung cai 1L[7]. unggal tatangkalan dibéré dosis 20-25 ml[7].
  • Biasana 6-7 bulan sabada diétrélan ganas geus asak jeung geus bisa diala[7].

Buah ganas anu asak rasana kareueut nu miboga kadar air 40%-50% kalawan tingkat amisna 150-170 briks[7].

Khasiat Ganas Madu[édit | sunting sumber]

Ganas biasana dipercaya jadi bungbuahan anu ngajadikeun keputihan ka awéwé nu matak awéwé loba nu teu resep kana ganas, tapi numutkeun kana hasil panalungtikan mah dina jero ganas téh aya antioksidan jeung fitokimia anu miboga khasiat pikeun ngungkulan kokoloteun, ambéyen, kanker, jantung jeung ngaleungitkeun stres[8]. Salaku sumber antioksidan, ganas miboga kandungan vitamin C jeung vitamin A (retinol) anu masing-masing gedéna 24,0 miligram jeung 39 miligram dina 100 gram[8]. Vitamin-vitamin éta geus lila dipikawanoh salaku antioksidan anu mampuh ngajaga awak tina rupa-rupa panyakit kawas anu geus disebutkeun tadi[8]. Antioksidan éta mampuh ngahalangan oksidasi molekulel target anu bisa geureunkeun réaksi tuluy-tumuluy ngawangun radikal bébas dina awak urang anu dianggap provokator tina rupa-rupa panyakit[8]. Hasil panalungtikan ilmiah nètèlakeun yèn zat fenolik diantarana myricetin, quercitin, tyramine, jeung ferulic acid[8].Ganas mampu ngungkulan rèaksi radikal bèbas dina awak anu tungtungna nepi ka bisa ngaminimalisir panyakit kangker[8]. Hal anu sarupa dipigawè ku vitamin antioksidan-asam askorbat dan betakarotenoid anu bisa nganormalkeun membran sel lensa (panon) jeung ngajaga konsentrasi glutation tereduksi[8].Bromelin Anu sacara alami aya dina ganas bisa ngagancangkeun penyembuhan urut operasi sarta pembengkakan jeung teu ngareunah awak[8]. Jang anu boga panyakit ambeyen diusahakeun ngadahar ganas 4-5 kali sapoè kusabab bromelinna bisa ngeureunkeun pendarahan jeung serat anu aya dina ganasna bisa ngalancarkeun kabeuratan[8]. Nyinglarkeun stréss numutkeun Wen jeung Wrolstad ti Jurusan Ilmu dan Teknologi Pangan, Oregon State University (2002) ngalaporkeun sari ganas tèh ngawengku serotonin kira-kira 1,7 miligram-3,15 miligram/100 gram[8]. Serotonin lian ti nyingkahan kangker ogè bisa ngaleungitkeun stress kusabab sacara filogénétik nya èta neutrotransmitter primitif anu boga fungsi pikeun nyambungkeun kadaharan jeung otak[8].Supaya awak bisa kuat nyanghareupan stréss anu sering karandapan dina kahirupan urang boh di kantor atawa di kulawarga, urang kudu ngadahar serotonin dina awak[8].Lamun urang leuwih rajin ngadahar ganas, awak urang bisa leuwih awèt ngora jeung bisa nyinglarkeun tina panyakit anu teu aya pakuat-pakaitna jeung kokoloteun kayaning stréss, kangker jeung jantung koronér[8].

catetan[édit | sunting sumber]

  1. Definisi Nanas 17 September 2011
  2. a b c d e Inilah Kandungan Pada Nanas Simadu Subang
  3. a b Nanas Si Madu, Manis Tapi Sulit Ditemukan19 September 2011
  4. a b c d e [Teguh Meinanda, SUBANG Menuju Masa Depan]
  5. a b c d e f Manisnya Nanas Si Ma Hu2 Oktober 2011
  6. MEMBUAT DODOL NENAS SECARA SEDERHANA (ENAK, KENYAL DAN TAHAN TENGIK) 26 september 2011
  7. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t Nanas “Si Madu”, Manis Rasa dan Rezekinya2 Oktober
  8. a b c d e f g h i j k l m Manfaat Nanas3 Oktober 2011