Gandari

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Gandari
Déwanagari: गांधारी
Éjahan Sansakerta: Gāndhārī
Asal: Karajaan Gandara
Papasangan: Dréstarata

Gandari (basa Sansakerta:गांधारी; Gāndhārī) nyaéta ngaran salah saurang inohong dina wiracarita Hindu, Mahabarata. Dina carita ieu, manéhna mangrupa puteri Subala, Raja Gandara (nu kiwari disebut Kandahar), nyaéta wewengkon anu ngawengku Pakistan kulon ngalér sarta Afganistan wétan. Gandari ngadahup ka Dréstarata, anak Pandu pangkolotna. Saprak boga salaki ka Dréstarata, Gandari ngahaja nutupan panonna ambéh henteu bisa ngarasakeun keéndahan dunya alatan hayang milu ngarasakeun kasusah salakina nu teu busa nénjo.

Indung para Kurawa[édit | sunting sumber]

Gandari boga saratus urang anak lalaki (kabéhanana disebut Kurawa) sarta saurang anak awéwé nu ngaranna Dursala anu ngadahup ka Jayadrata. Dina waktu kakandungan, manéhna ngarasa sirik ka Kunti anu geus ngabogaan anak, sedengkeun manéhna sorangan tacan dibéré kasinugrahan mangrupa turunan. Sabot anakna lahir, anu kaluar tina kandunganana lain orok tapi sagumpal daging. Gandari saterusna ménta tulung ka Abyasa, saurang resi sakti anu geus noreh yén manéhna baris ngabogaan saratus urang anak. Abyasa satuluyna nyiksikan daging kasebut jadi saratus potong, sarta diasupkeun kana gentong tuluy dikubur salila sataun. Sanggeus gentong-gentong kasebut digali deui, ti saban potongan daging éta tumuwuh saurang anak, anu satuluyna jadi Kurawa.

Di antara Kurawa, anu kasohor nyaéta Duryodana jeung Dursasana, inohong antagonis dina Mahabarata, sarta maranéhanana kabéh perlaya dina perang ngalawan dulur misan maranéhanana, nyaéta Pandawa, di Kurusétra.

Sanajan kabeh anak Gandari disebut inohong nu jahat, ajaran moral anu luhur dina Mahabharata bisa dipetik ti Gandari. Manéhna tutuluyan mamatahan anakna ambéh ngalakonan darma sarta damé jeung Pandawa. Gandari deukeut jeung Kunti anu ngahormat jiga ka lanceuk.

Kasinugrahan Gandari[édit | sunting sumber]

Dina waktu lumangsungna perang antara Kurawa jeung Pandawa, anak Gandari hiji-hiji nungtutan garugur nepi ka ahirna ngan Duryodana anu nyésa. Sieun turunanana ancur, Gandari méré kasinugrahan ka Duryodana ambéh anakna kasebut weduk tina sagala rupa serangan musuh. Manéhna ngajurung Duryodana supaya mandi sarta sanggeus éta datang manggihan indungna dina kaayaan buligir. Dina waktu Duryodana indit pikeun manggihan indungna, manéhna papanggih jeung Kresna anu karék ngadatangan Gandari. Kresna moyok Duryodana anu teu boga kaéra alatan daék nyanghareup ka indungna dina kaayaan buligir teu dibaju sacewir-cewir acan. Ku alatan éra ku pamoyok Kresna, Duryodana nyokot lawon sarta nutupan larangananan ogé pingpingna. Sanggeus éta manéhna indit deui manggihan indungna.

Sabot Duryodana anjog, Gandari langsung muka panutup panonna sarta nempo Duryodana. Dina waktu panonna kabuka, sinar ajaib mecenghul sarta méré kakuatan ka Duryodana. Tapi waktu manéhna nyaho yén anakna nutupan bagian sabudeureun laranganana, Gandari nyarita yén bagian kasebut moal weduk ku serangan musuh alatan henteu meunang siraman kakuatan. Ramalan Gandari jadi kanyataan. Dina waktu Duryodana tarung jeung Bima dina perang poé kadalapan belasna, Duryodana gugur alatan pingpingna anu henteu weduk digebug ku gada Bima.

Supata Gandari[édit | sunting sumber]

Sanggeus perang di Kurusétra lekasan, Gandari nyeungceurikan gugurna saratus anakna. Gandari ngahujat Kresna anu ngantep perang lumangsung. Manéhna ogé menyalahkan Kresna anu henteu sanggup nyegah peperangan sarta henteu bisa ngadamékeun dua pihak. Kresna nyarita yén kawajibanana nyaéta nangtayungan bebenaran, lain nyegah peperangan. Saterusna Gandari nyupata Kresna, yén kulawarga Kresna, nyaéta Wangsa Wresni, baris tumpur alatan silih binasakeun. Kresna nampa supata kasebut bari imut sarta sadar yén Wangsa Wresni moal bisa diéléhkeun kajaba ku sasamana. Tilu puluh genep taun sanggeus supata kasebut diucapkan, Wangsa Wresni ngarandapan perang rongkah jeung bangsana sorangan. Maranéhanana silih paéhan. Ngan Kresna, Baladéwa, sarta para wanoja anu bisa tahan hirup. Sanggeus éta, padumukan Wangsa Wresni, nyaéta Karajaan Dwaraka, tikerelep kana jero laut sarta ngamusnahkeun bangsa kasebut. Kresna jeung Baladéwa tatapa dina jero leuweung samentara para wanoja ngungsi ka Kurusétra.

Pati[édit | sunting sumber]

Sanggeus Pandawa meunang perang di Kurusétra, Yudistira meunang restu pikeun jadi raja. Samentara éta, Dréstarta mimiti sadar ku umurna anu kolot sarta mutuskeun pikeun ngumbara jadi patapa di jero leuweung di Himalaya. Gandari ngabaturan salakina bareng jeung baraya sarta iparna, kawas Widura, Kunti, jeung Sanjaya. Di dinya, Gandari, salakina katut barayana kabeuleum ku seuneu leuweung nu kahuruan.

Tempo ogé[édit | sunting sumber]


Wiracarita Mahabarata ku Krishna Dwaipayana Wyasa
Para palaku
Dinasti Kuru Palaku séjén
Santanu | Bisma | Satyawati | Citrānggada | Wicitrawirya | Ambika | Ambalika | Widura | Dréstarata | Gandari | Sangkuni | Subadra | Pandu | Kunti | Madrim | Yudistira | Bima | Arjuna | Nakula | Sadéwa | Duryodana | Dursasana | Yuyutsu | Dursala | Drupadi | Arimbi | Gatotkaca | Ahilawati | Utara | Utari | Ulupi | Citrānggadā Amba | Barbarika | Babruwahana | Irawan | Abimanyu | Parikesit | Wirata | Kicaka | Krépa | Dorna | Aswatama | Ékalaya | Kertawarma | Jarasanda | Satyaki | Mayasura | Durwasa | Sanjaya | Janaméjaya | Abiyasa | Karna | Jayadrata | Kresna | Baladéwa | Drupada | Arimba | Dréstajumena | Burisrawa | Salya | Adirata | Srikandi | Rada
Jejer pamungkas
Pandawa Lima | Kurawa | Astinapura | Indraprahasta | Karajaan dina Mahabarata |
Perang di Kurusétra | Bagawad Gita | Karajaan Kuru | Silsilah Pandawa jeung Kurawa