Ganitri
| Ganitri | |
|---|---|
| Hiji tangkal ganitri di Rishikesh | |
| Buah dina tangkal ganitri | |
| Klasifikasi ilmiah | |
| Kingdom: | Plantae |
| Division: | Magnoliophyta |
| Class: | Magnoliopsida |
| Order: | Oxalidales |
| Family: | Elaeocarpaceae |
| Genus: | Elaeocarpus |
| Species: | E. ganitrus |
| Ngaran binomial | |
| Elaeocarpus ganitrus (Roxb.) |
|
Ganitri (Elaeocarpus ganitrus) nyaéta ngaran tangkal anu sikina teuas kalawan beungeutna kawas anu kahakan cacing sarta ngabentuk rupa-rupa ukiran anu éndah. Di Cipagalo jeung Cipadung, Bandung, ieu tatangkalan dijadikeun ngaran patempatan nyaéta Ciganitri. Kiwari, siki ganitri réa dimangpaatkeun pikeun hiasan kembang garing, sarta pikeun pangagem ageman Hindu mah siki ganitri téh dipaké pikeun sarana ibadah upamana waé dijadikeun tasbé.
Di India, ieu tatangkalan dingaranan rudraksa. Ceuk sakaol, dina hiji waktu, cai panon Siwa ragrag, tuluy tumuwuh jadi tangkal rudraksa sarta sumebar di Naari Baratawarsa jeung sabudeureunana, satuluyna sumebar nepi ka kapuloan Indonesia, kalayan ngaran populerna teh génitri atawa genitri.
Rudraksa, asalna ti kecap rudra (Siwa) sarta aksa (panon). Rudraksa éta buah kadeudeuh Siwa sahingga dianggap suci. Siki panon Siwa ieu ku panganutna dipercaya bisa ngaberesihkeun dosa ku cara melong, nyagap atawa ngajadikeun sarana japa. Ku alatan éta, siki-siki éta diuntuy, dipaké pikeun japa mala. Japa hartina mindo kecap suci, sedengkeun mala nyaéta kecap séjén pikeun tasbé atawa rosario, untuyan siki-sikian, rukmi, mutiara, muté, merjan, atawa candana.
Sajaba pangaruh kaagamaan, pikeun pamakéna, ganitri dipercaya bisa ngahasilkeun éfék biomédis sarta bioéléktromagnétik sahingga ngahasilkeun éfék kaséhatan, kasegaran, sarta kabugeran.
Ganitri ogé dipercaya bisa nyerep polutan sahingga di sawatara jalan di Bandung dipelakan ganitri minangka tangkal nu mageran jalan.
Indonésia mangrupakeun panghasil 70% kaperluan siki ganitri di dunya. Ajén ékonomina ngahontal ratusan miliyar rupiah.
[édit] Tempo ogé
[édit] Rujukan
- Stutley, Margaret (1985). The Illustrated Dictionary of Hindu Iconography. First Indian Edition: Munshiram Manoharlal, 2003, ISBN 81-215-1087-2.
- T. Bachtiar, Pikiran Rakyat, 26 Agustus 2008
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |