Gapura

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Gapura di kuil Virupaksha di Hampi, Karnataka, India

Gapura tina basa sangsakerta mah hartina témbok tohaga jeung luhur nu ditangtungkeun di kénca katuhueun lawang ka pakarangan candi, pura, bénténg, karaton di jaman baheula.[1] Nu pang kawéntarna di Eropa ngan di tengah kota Paris Perancis nu ngarana Gapura Kajayaan, lambang unggul dina perang dunya kahiji jeung sakalian jadi tutunggul makam pahlawan nu teu dikenal ngarana.[1] Gapura ogé sok dihartikeun panto gerbang.[1] Panto nu sarupa sarigsig nu ngahalangan lawang imah, maksudna sangkan budak leutik teu bisa kaluar sorangan, karuhun Sunda tara gagabah dina saucap-ucapna saur, nu matak nu disebut dianggap imah nu dicicingan ku budak téh karaton sangkan budak hirupna senang jeung mulya saperti raja.[1] Gapura mangrupa jinis bangunan anu dipaké pikeun méré tanda wates wilayah sakaligus panto gerbang boh monumen boh prasasti.[2]

Gapura di Yogyakarta[édit | sunting sumber]

Aya sawatara modél gapura hususna di Yogyakarta.[2] Mimiti tinu basajan nepi ka anu megah. Gapura-gapura anu jadi tanda wates wilayah-wilayah anu biasana basajan dibandingkeun gapura-gapura anu jadi tanda wilayah anu gedé. Gapura anu jadi tanda wates wilayah satingkat RT jeung RW biasana basajan boh bentukna bh ornamenna dibandingkeunn jeung gapura anu jadi tanda wates wilayah dusun, kalurahan, kacamatan, kabupatén, atawa propinsi. Dina kompleks percandian, gapura dibagi 5 jinis. Ieu patali jeung kitab Manasara, kitab anu eusina kaédah-kaédah penciptaan sagala bentuk seni arsitéktur. Kitab kasebut eusina aya katerangan nu mundel ngeunaan gapura anu nyakupan bentuk, tata letak, ragam hias, ukuran, tata upacara, jeung proses nyieuna gapura. Dina jaman India kuna dipercaya yén nyieuna bangunan anu éndah jeung bener balak ngadatangkeun kabagjaan. Ku sabab kitu kaédah-kaédah bangunan anu aya dina kitab kasebut jeung kitab-kitab kaagamaan anu lainna osok jadi pedoman baku. Sanajan itu, jaman-jaman satuluyna hal kasebut ngalaman parobahan anu disababkeun ku sababaraha paktor saperti kapariglan arsitek atawa senimanna, faktor kesengajaan, ketidakpedulian, penghematan, dan ketidaktahuan.[2]

catetan[édit | sunting sumber]

  1. a b c d Danadibrata,R.A.(2006).Kamus Basa Sunda.Bandung: Kiblat Buku Utama.
  2. a b c ANEKA MACAM MODEL GAPURA DI YOGYAKARTA(Dicutat tanggal 1 Desember 2011)