Gatotkaca

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Gatotkaca
Gatotkaca
Gatotkaca
Déwanagari: घटोत्कच
Éjahan Sansakerta: Ghathotkacha
Ngaran séjén: Bimasuta
Asal: wewengkon timur laut India,
beulah kidul pagunungan Himalaya
wétan.[1] Gatotkaca mangrupa
pamingpin suku bangsa Kachari
di Assam, India]
Papasangan: Pergiwa, Ahilawati

Gatotkaca (basa Sansakerta: घटोत्कच; éjahan: Ghathotkacha) nyaéta salah saurang inohong dina wiracarita Mahabarata. Manéhna nyaéta anak Bima (Werkudara) ti Arimbi. Alatan nurun ka wujud indungna, anu raksesi, mangka sabagian Gatotkaca mangrupa raksasa.

Harti ngaran[édit | sunting sumber]

Dina basa Sansakerta, kecap Ghatotkacha sacara harfiah hartina téh "ngabogaan sirah kawas kendi". Ngaran Gatotkaca sabenerna mangrupa landihan (ngaran panggero sapopoé). Kecap ieu dicokot tina basa Sansakerta ghaṭam anu hartina "kendi", alatan sawaktu lahir sirah Gatotkaca dianggap jiga kendi.

Kulawarga[édit | sunting sumber]

Gatotkaca nyaéta anak Bima ti Arimbi (Hidimbi). Gatotkaca ngadahup ka Déwi Pergiwa sarta ngabogaan anak nu dingaranan Sasikirana. Ti pamajikan anu séjén, Ahilawatī, Gatotkaca ngabogaan anak nu dingaranan Barbarika.

Gatotkaca dina budaya pawayangan Sunda jeung Jawa[édit | sunting sumber]

Dina pawayangan Sunda jeung Jawa, dicaritakeung Gatotkaca ngabogaan kasaktian pikeun ngapung sarta miboga "otot kawat jeung tulang beusi". Ngaran séjén Gatotkaca nyaéta Jabang Tutuka.

Gatotkaca boga pakéan Caping Basunanda (pikeun panyalindungan tina hujan jeung panas poé), Kutang Antakusumah (pikeun ngapung), sarta Tarumpah Prabakacarma (kagunana moal kagamah lamun ngaliwatan jalan atawa tempat anu angker).

Mangsa keur budak[édit | sunting sumber]

Dina mangsa keur budak Jabang Tutuka geus ngabogaan kakuatan rongkah nyaéta tali ari-arina henteu bisa diteukteuk ku pakarang naon ogé. Pakarang Cakra Wijaksana milik Prabu Kresna jeung Pulanggeni boga Arjuna ogé henteu mempan, ngan hiji pakarang anu bisa neukteuk tali ari-ari Gatotkaca nyaéta Kontawijaya bogana Suryatmaja (Karna waktu keur ngora). Arjuna ngan bisa ngarebut warangka Kontawijaya sanggeus perang tanding jeung Suryatmaja. Ku warangka éta ari-ari Jabang Tutuka dikeureut. Sanggeus tali ari-ari Jabang Tutuka diteukteuk, manéhna dijadikeun jago para padumuk kahiangan pikeun nyanghareupan penyerang kahiangan. Jabang Tutuka tuluy diasupkeun ku batara Narada ka kawah Candradimuka babarengan jeung sagala rupa pusaka waja kahiangan, ku kituna waktu kaluar ti kawah Candradimuka, Jabang Tutuka leutik anu tadina masih ngawujud raksasa robah jadi satria anu gagah sarta pinilih tanding. Ti dieu, satuluyna, Gatotkaca jadi boga otot kawat jeung tulang beusi. Jabang Tutuka ogé dibéré sagala rupa pusaka sarta dibéré ngaran : “Gatot Kaca” jeung "Kirincing Wesi".

Gatotkaca tuluy jadi raja ngagantikeun indungna Déwi Arimbi di nagara Pringgandani. Nagara ieu saterusna jadi bagian ti nagara Amarta atawa Indraprahasta.

Mangsa déwasa[édit | sunting sumber]

Gatotkaca ngabogaan sawatara ajian di antarana: Aji Narantaka, Aji Brajadenta, Aji Brajamusti. Aji Brajadenta sarta Brajamusti dibeunangkeun sanggeus ngéléhkeun dua pamanna ti pihak indung, nyaéta Brajadenta jeung Brajamusti. Sedengkeun Aji Narantaka beunang guguru ka Resi Seta. Sajaba ti éta, Gatotkaca jadi pananggung jawab kaamanan gaganawiyati di karajaan Amarta, alatan pangabisana nu bisa ngapung. Di jomantara ieu, Gatotkaca miboga markas anu disebut Mega Malang.

Gatotkaca ogé miboga tutumpakan mangrupa manuk Garuda nu ngaranna Wilmuka jeung manuk garuda Arimuka. Manuk garuda Arimuka beunang ngarebut ti Prabu Bomanarakasura (Raja Trajutresna, putra Prabu Kresna) waktu perang jeung manéhna.

Dina mangsa déwasa Gatotkaca ngadahup ka Déwi Pergiwa, sarta kapilih jadi senopati nagara amarta dina Baratayuda.

Baratayuda[édit | sunting sumber]

Dina waktu perang Baratayuda antara pihak Pandawa jeung pihak Kurawa, diceritakan yén Adipati Karna (ti kulawarga Astina) indit jurit dina jero peuting, sarta ngan Gatotkaca anu dianggap ku Pandawa jeung Kresna (panasehat perang Pandawa) nu bisa nandingianna, lantaran harigu Gatotkaca bisa suminar alatan kasakti kutang Antakusuma. Tapi, ahirna Gatotkaca éléh jurit ku Adipati Karna lantaran Adipati Karna ngabogaan Pusaka ampuh nu ngaranna 'Kontawijaya. Warangka ti pusaka Kunta (Wijayadanu) ieu, nu dipaké neukteuk ari-ari Gatotkaca keur orok, masih aya dina awak Gatotkaca. Kontawijaya tungtungna asup kana warangkana nu aya dina awak Gatotkaca.

Saméméh perlaya, Gatotkaca boga paménta, nyaéta sadia pikeun gugur tapi kudu digantian ku nyawa 1000 prajurit musuh. Awak Gatotkaca tuluy murag ti jomantara alatan kakeunaan pusaka Kontawijaya, pas ngeunaan karéta Adipati Karna. Balukarna, pecahan karéta ieu niwaskeun 1000 prajurit pihak Kurawa.

Tempo ogé[édit | sunting sumber]

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]


Wiracarita Mahabarata ku Krishna Dwaipayana Wyasa
Para palaku
Dinasti Kuru Palaku séjén
Santanu | Bisma | Satyawati | Citrānggada | Wicitrawirya | Ambika | Ambalika | Widura | Dréstarata | Gandari | Sangkuni | Subadra | Pandu | Kunti | Madrim | Yudistira | Bima | Arjuna | Nakula | Sadéwa | Duryodana | Dursasana | Yuyutsu | Dursala | Drupadi | Arimbi | Gatotkaca | Ahilawati | Utara | Utari | Ulupi | Citrānggadā Amba | Barbarika | Babruwahana | Irawan | Abimanyu | Parikesit | Wirata | Kicaka | Krépa | Dorna | Aswatama | Ékalaya | Kertawarma | Jarasanda | Satyaki | Mayasura | Durwasa | Sanjaya | Janaméjaya | Abiyasa | Karna | Jayadrata | Kresna | Baladéwa | Drupada | Arimba | Dréstajumena | Burisrawa | Salya | Adirata | Srikandi | Rada
Jejer pamungkas
Pandawa Lima | Kurawa | Astinapura | Indraprahasta | Karajaan dina Mahabarata |
Perang di Kurusétra | Bagawad Gita | Karajaan Kuru | Silsilah Pandawa jeung Kurawa