Gebang

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Gebang
Tangkal gebang anu geus kolot
Klasifikasi ilmiah
Kingdom: Plantae
Division: Magnoliophyta
Class: Liliopsida
Order: Arecales
Family: Arecaceae
Genus: Corypha
L.
Species: C. utan
Ngaran binomial
Corypha utan
Lamk.
Sinonim

Corypha elata Roxb. C. gebanga Bl.

Gebang nyaéta ngaran sabangsaning palem nu jangkung gedé ti wewengkon padataran handap. Tuwuhan ieu ogé dipikawanoh kalawan ngaran-ngaran séjén kawas gabang (basa Dayak Ngaju), gawang (Timor), pucuk (dialek Betawi), pocok (basa Madura), ibus (basa Batak, basa Sasak), silar (Minahasa) sarta nu séjén-séjénna. Ngaran ilmiahna nyaéta Corypha utan.

Gambaran[édit | sunting sumber]

Tuwuhan palem anu badag ieu, tangkalna tunggal, jangkungna kira-kira 15-20 m. Daun-daun badag ngawangun kipas, buleud ngaramo kalawan diaméter 2-3,5 m, ngumpul dina tungtung tangkal; gagangna panjang nepi ka 7 m, rubak, boga alur sarta cucukan dina sisina. Urut palapah daun dina tangkal ngawangun pola spiral.

Gebang ngan kembangan sarta buahan sakali, nyaéta dina tungtung waktu hirupna. Karangan kembang mecenghul dina tungtung tangkal (terminal), sanggeus kabéh daunna paéh, mangrupakeun malai nu jangkung gedé 3-5 m, kalawan ratusan rébu pucuk kembang konéng semu héjo anu ambeuna seungit. Buahna boga bentuk buleud nu gagangan pondok, héjo, 2-3 cm diaméterna.

Ékologi sarta sumebarna[édit | sunting sumber]

Lukisan Corypha umbraculifera (1913). Palebah katuhu nyaéta tangkal anu kembangan

Palem ieu tumuwuh sumebar di padataran handap nu luhurna nepi ka kira-kira 300 m luhureun beungeut laut lbl.. Gebang mikaresep lapangan jukut anu lénglang, walungan, sisi ranca, sarta sakapeung tumuwuh ogé di wewengkon pasir. Di sawatara tempat anu cocog, biasana teu laér ti basisir, gebang bisa tumuwuh ngajumpluk nyieun beubeur leuweung anu cukup lega.

Gebang kapanggih sumebar lega mimiti ti India ngaliwatan Asia Tenggara, Filipina sarta Indonésia nepi ka Australia kalér.

Pamangpaatan[édit | sunting sumber]

Daun gebang, utamana anu ngora, dikokolakeun jadi sagala rupa bahan anyaman anu alus; pikeun bahan nyieun samak, topi, kantong, karung, tali, kecrik sarta pakéan tradisional. Heulayan pita tina olahan janur gebang ieu dina mangsa katukang ramé didagangkeun utamana di Sulawesi Kidul; dipikawanoh sawatara macemna kawas agel, papas, sarta baris.

Sarupaning serat tuwuhan anu cukup alus bisa ogé dihasilkeun tina gagang daunna, sanggeus dibeulah-beulah, dikeueum sarta dikokolakeun leuwih tuluy. Serat ieu bisa dipintal jadi tali atawa, di Filipina, dianyam jadi topi.

Sagu tina jero tangkalna bisa didahar; sanajan biasana sagu ieu pikeun kadaharan sato sarta karék didahar jelema dina mangsa paceklik.

Tangkal gebang cukup teuas, utamana bagian luarna anu jiga kai, sarta ilahar dipaké minangka bahan bangunan. Potongan tangkal anu gembleng sarta dipiceun bagian jerona ilahar dipaké pikeun nyieun bedug.

Sawatara bagian tangkal gebang ngabogaan hasiat pikeun ubar. Akarna dipaké pikeun nyageurkeun diaré nu teu pati beurat tapi mindo. Cai tina palapahna dipaké minangka anti racun. Sarupaning geutah semu beureum dina pucuknya dipaké pikeun ngubaran tatu, batuk sarta diséntri.

Rujukan[édit | sunting sumber]

  • Heyne, K. 1987. Tumbuhan Kapaké Indonésia, jil. 1. Yay. Sarana Wana Jaya, Jakarta. Hal. 363-368.
  • Steenis, CGGJ van. 1981. Flora, pikeun sakola di Indonésia. PT Pradnya Paramita, Jakarta. Hal. 134.
  • PACSOA: Corypha utan

Tumbu ka luar[édit | sunting sumber]