Gedung Merdeka

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Gedung Merdeka

Gedung Merdeka nya éta ngaran gedung nu aya di puseur kota Bandung perenahna di Jl.Asia Afrika no 65.[1] Kungsi dijadikeun tempat Konferensi Asia Afrika (18 April-24 April 1955), sidang-sidang jeung sekretariat Konstituante (1956-1959), Badan Perancang Nasional, Majelis Permusyawaratan Sementara (MPRS) taun 1960-1965, Konferensi Islam Asia Afrika taun 1965, jeung panglawungan-panglawungan lianna nu sipatna nasional jeung internasional.[1]

Sajarahna[édit | sunting sumber]

Munggaran diwangun dina taun 1895 minangka tempat kumpulna urang Eropa, utamana mah urang Walanda nu dumuk di daérah Bandung.[2] Maranéhna nyieun hiji paguyuban nu kasohor kalawan ngaran Societeit Concordia dina tanggal 29 Juni 1879.[2] Tujuanana nya éta "..... de bevording van gezellig verkeer" minangka tempat panglawungan sanggeus Warung De Vries. Concordia hiji wangunan nu kawilang basajan, perenahna aya di jalan Groote Postweg (kiwari Jalan Asia Afrika) jeung Bragaweg (kiwari jalan Braga).[2] Sisi Beulah katuhuna deukeut jeung walungan Tjikapoendoeng (Cikapundung).[2] Gedung Societeit Concordia diwangun deui dina taun 1921 kalawan gaya arsitektur modern (Art Deco) nu fungsional sarta leuwih ngutamakeun struktur ku arsiték Gallen Last jeung C.P.Wolff Schoemaker, guru besar arsitéktur di Technische Hogeschool (THS) nu kiwari jadi Institut Teknologi Bandung (ITB).[2] Ieu Gedung Societeit Concordia robah jadi gedung panglawungan super club nu kacida eksklusifna sa-Nusantara.[2]

Taun 1940-an[édit | sunting sumber]

Societeit Concordia diwangun deui dina taun 1940 kalawan gaya arsitektur International Style nu dibantuan ku arsiték A.F.Aalbers.[2] Nalika jaman Jepang (1942-1945), Gedung Societeit Concordia robah ngaran jadi Dai Toa Kaikan sarta dijadikeun puseur kabudayaan.[2] Sanggeus proklamasi kamerdékaan Republik Indonesia tanggal 17 Agustus 1945, éta gedung dijadikeun puseur pamuda Indonesia nu aya di Bandung pikeun ngalawan pasukan Jepang nu teu daék mikeun kakawasaanana sarta tempat kagiatan pamaréntah kota Bandung sanggeus kota Bandung dibagi dua: Bandung kalér nu dikawasa ku sekutu jeung Bandung kidul nu dikawasa ku pamaréntah Indonesia kalawan wates jalan kareta api (Desember 1945-Maret 1946).[1] Taun 1949-an, Gedung Societeit Concordia dioméan sarta dijadikeun deui tempat panglawungan urang Eropa (kaasup sababaraha urang Indonesia). [2]

Taun 1955[édit | sunting sumber]

Gedung Merdeka taun 1955 nalika KAA

Dumasar kana kaputusan pamaréntah Indonesia (1954) nu netepkeun Bandung minangka tempat Konferensi Asia Afrika, Gedung Societeit Concordia kapilih jadi tempat lumangsungna ieu konferensi kulantaran ieu gedung mangrupa gedung panglawungan nu pangméwahna sarta panggedena di Bandung.[2] Salian ti éta, lokasina aya di puseur kota nu deukeut jeung Hotel Savoy Homann jeung Preanger.[2] Ti taun 1955, Gedung Societeit Concordia dirombak ku Jawatan Pekerjaan Umum Propinsi Jawa Barat nu dipingpin ku Ir. R. Srigati Santoso sarta bangunanana disaluyukeun jeung kagunaanana minangka tempat lumangsungna konferensi tingkat internasional.[2] Nalika tanggal konferensi geus deukeut (7 April 1955), ieu gedung diganti ngaranna ku presiden Soekarno jadi Gedung Merdeka.[2] 24 April 1980 di ieu gedung diwangun Museum Konferensi Asia Afrika minangka acara puncak miéling 25 taun-na Konferensi Asia Afrika.[1] Kiwari dijadikeun puseur Penelitian dan Pengkajian Masalah Asia Afrika dan Negara-negara Berkembang nu aya dihandapeun Departemen Luar Negeri RI, kalawan kagiatan-kagiatan kayaning diskusi jeung ceramah.[1] Nu ngariksa ieu gedung nya éta Pengelola Gedung Merdeka nu aya dihandapeun Pemerintah Daerah Jawa Barat.[1]

Referensi[édit | sunting sumber]

  1. a b c d e f Tim Redaksi.2000.Ensiklopedi Sunda Alam, Manusia dan Budaya.Jakarta:Pustaka Jaya dan Yayasan Kebudayaan Rancage (id)
  2. a b c d e f g h i j k l m Gedung Merdeka (Diaksés tanggal 17 Oktober 2011)(id)
Nulis.jpg