Gelar Jepang

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi

Di Jepang, ilahar make gelar kahormatan sanggeus ngaran jalma. Nu ilahar dipake nyaeta san, nu hartina "Mr.", "Mrs.", jeung "Ms." Dina Basa Jepang, Mr. Tanaka sarua jeung Tanaka-san. Gelar ilahar sejenna, sama, sensei, kun jeung chan. Gelar ieu disimpen sanggeus ngaranna, teu ilahar dipake mun nyebut ngaranna sorangan.

Pamakean[édit | sunting sumber]

Pamakean gelar nu bener penting kacida di Jepang. Dina kaayaan nu ilahar, make gelar basa ngageroan, disebut yobisute (呼び捨て?) (sacara literatur, "ngageroan jeung ngeureunkeun gelar") dianggap kalakuan nu goreng.

Sanajan gelar ilaharna dipake ku nambahkeun kana ngaran, aya oge sababaraha iwal. Gelar teu ilahar dipake lamun ngobrol ngeunaan anggota kulawarga atawa anggota sejenna dina "jero-grup" ka batur nu aya di luar grup. Di jero grup saperti di parusahaan, anggota make gelar san keur sasama anggota. Sedengkeun lamun ngobrol jeung batur nu di luar parusahaan, maranehna teu make gelar keur ngarujuk ka babaturanna. Ieu oge dipake sanajan keur ka atasan. Contona, resepsionis, lamun ngobrol jeung pingpinan, pasti bakal make gelar saperti shachō atawa Maeda-sama; sanajan kitu, ngarujuk pingpinan keur ngobrol jeung urang luar, resepsionis nu sarua bakal nyederhanakeun ngarujuk ka Presiden Maeda nyaeta Maeda, teu make gelar nanaon. Gelar kahormatan oge ilaharna teu dipake lamun dumasar kana gambaran sajarah, sanajan gelar hadiah, saperti gelar militer, sanajan kadang-kadang oge dipake.

Gelar kahormatan umum[édit | sunting sumber]

San[édit | sunting sumber]

San (さん?) nu pangilaharna dipake, dipake keur nu saluareun lingkungan sosial, contona, lain anggota kulawarga. San dipake keur nunjukeun status nu sejen saperti nu ditempo di handap ieu.

San ilaharna ditarjamahkeun salaku "Bapa", "Ibu", "Eneng", jeung salian ti eta. San oge dipake keur kombinasi ngaran nu dituju, upamana nu dagang buku digeroan ku honya-san "Bapa tukang buku", sarta toko daging digeroan nikuya-san "Bapa tukang daging".

Kun[édit | sunting sumber]

Kun (?) nyaeta gelar teu resmi sarta nu boga hubungan deukeut tur ilahar dipake keur lalaki. Ieu dipake ku nu leuwih kolot ka nu leuwih ngora, kadangkala dipake oge keur nu sapantar, sarta ku saha wae keur ngageroan budak lalaki. Di parusahaan, kadangkala dipake oge ka awewe ku lalaki nu statusna leuwih senior, sarta dipake oge keur sato jalu.

Chan[édit | sunting sumber]

Chan (ちゃん?) nyaeta ahiran hypocoristic, dipake keur ngageroan budak, sato, atawa nu geus wawuh ti budak keneh. Chan dipake ka kolot keur nu teu wawuh ti mimiti budak nembongkeun karaketan hubungan, kuran dipake keur awewe tinimbang lalaki. Nambahkeun chan kana modifikasi aturan leuwih ngaraketkeun tinimbang nambahan kana bentuk ngaran aslina.

Chan dipake oge keur gelar artis. Upamana, Arnold Schwarzenegger dibere ngaran Shuwa chan dina Basa Jepang. Sanajan sacara tradisional gelar teu dipake keur dirina, sababaraha budak awewe ngabiasakeun maneh nyebut ngaranna keur jalma katilu make chan. Contona, budak awewe ngaran Maki nyebut dirina Maki-chan tinimbang make sebutan keur jalma kahiji saperti abdi. Chan dipake oge keur ngaran sato sarta nunjukkeun sato, saperti usagi-chan (kelenci+chan).

Dina cara nu ampir sarua yen chan versi sejen tina san, aya deui chama keur sama, dipake keur nu leuwih kolot. Variasi nu teu standar tina chan nyaeta chin (ちん?), jeung tan (たん?). Nu panungtung ahiran nu kawentar keur ngaran artistik dina bor imej Basa Jepang nu ngarupakeun karakter awewe, ilaharna saperti cosplay, tur digambarkeun dina obyek animasi atawa produk nu kawentar. Bagean heureuy di ngajalmakeun asalna tina sacara jalma nu lucu kana karakter (lolobana satir) sarta dipake keur rupa-rupa mesin, obyek atawa tempat nu endah.

Conto nu kawentar nyaeta OS-tan (nembongkeun sistim operasi komputer) sarta Bisuke-tan (nembongkeun biskuit KFC). Sababaraha karakter saperti Bincho-tan nyaeta maskot sababara parusahaan.

Dina media Basa Jepang chan dipake keur barudak awewe TK sarta kadangkala barudak awewe sakola dasar.

Senpai jeung kōhai[édit | sunting sumber]

Senpai (先輩?) dipake ku pelajar keur nunjukeun atawa nembongkeun ka saluhureunna di lingkungan sakola atawa akademik, olahraga sarta dina kahirupan usaha keur ka jabatan nu leuwih luhur. Kōhai (後輩?) sabalikna tina sempai, dipake keur nunjukkeun nu sahandapeun.

Sensei[édit | sunting sumber]

Sensei (先生?) (asalna tina Basa Mandarin Chinese xiān shēng, hartina Mister) dipake keur nunjukeun atawa nujul ka guru, profesi praktisi saperti dokter jeung ahli hukum, politikus jeung sejenna.

Tempo ogé[édit | sunting sumber]


Nulis.jpg