Gondang

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi

Gondang nya éta kasenian anu prakprakana téh nakolkeun halu kana lisung, nutu paré sabari ngahaleuang[1]. Numutkeun Danadibrata mah gondang téh nya éta lagu dina tutunggulan, ngagondang mah nya éta kakawihan dipirig ku tutunggulan; lagu ngagondang kadéngéna ngalengis, basa-basana muji paré nu keur ditutu; ngagondang sok dilakukeun ku mojang-mojang bari mikat jajaka nu keur milih pipamajikaneun.[1]. Salahsahiji ciri gondang nya éta ayana kagiatan tutunggulan maké halu jeung lisung[2]. “Tingtung tutunggulan gondang” hartina sora-sora anu kadéngé tina paaduna halu jeung lisung anu dipaénkeun ku sababaraha jalma, nepi ka ngahasilkeun sora-sora anu ''polyphonis''[2].

Sajarah[édit | sunting sumber]

Seni gondang Sunda nya éta seni tradisional anu mangrupa budaya sunda warisan ti karuhun anu kungsi kawentar sababaraha taun katukang[2]. Gondang, mangrupa salasahiji kasenian anu némbongkeun ciri masarakat agraris pikeun ngungkarakeun rasa sukur ka Nu Maha Kawasa sabada panén[2]. Biasana seni gondang buhun dipintonkeun jang sukuran kana hasil panén anu dihasilkeun[2]. Mimitina gondang mangrupa bagéan tina upacara pikeun ngahormat ka Dewi Paré, Nyi Pohaci Sanghyang Sri, nalika nutu paré nu munggaran biasana disebut meuseul nyai sri, sabada panén lekasan salaku ungkapan rasa bungah sabada panén raya, tapi ogé mangrupa hiji kasempetan jang nu ngarora pikeun meunangkeun papacanganana[2]. Anu sok ngagondang nya éta wanoja anu dianggap suci atawa nu geus teu menstruasi(menopause) nalika jaman Prabu Siliwangi baheula mah[1].

Prakprakan Ngagondang[édit | sunting sumber]

Sababaraha wanoja nutu paré maké halu kana lisung, tuluy sababaraha jajaka datang[2]. Nalika paamprok antara jajaka jeung wanoja aya paguneman bari dihaleuangkeun bari silih heureuyan, anu tungtungna éta jajaka téh balikna sapasang-sapasang.[2].

Pakakas nu dipaké nalika ngagondang[édit | sunting sumber]

Anapon alat-alat nu dipaké nalika ngagondang nya éta lisung, halu, kacapi, kendang, goong, kohkol, jeung angklung buncis:

Conto Naskah Gondang[édit | sunting sumber]

Kentrung Hariring[5]

ku: Nano. S

Jajaka : Tamaha jadi lalaki kudu bisa nyieun halu
Haluna haluna kuat lir beusi
Dipaké nutu di lisung sorana angin-anginan
Ngelentrung matak nineung ka nyi mojang
Alah kentrung-kentrung aduh ramé pisan
Alah kawél-kawél aduh tapis pisan
Najan ramé teu pabeulit
Sukuna tara tikait
Najan ripuh teu rumahuh
Sumawona hahah-huhuh
Paling-paling aduh nyeri cangkéng
Alah kentrung-kentrung 2X

Jajaka 1: Basa Nyi Éméh keur nutu ngalamun ka dagor halu
Huntuna murudul satilu-tilu

Jajaka2: Basa Nyi Icih keur napi gubag-gibeg pasang aksi
Haluna teu pupuguh nyinteruk ceuli

Jajaka 3: Nyi Ijah milihan sérah katinggang lebaheun sirah
Bareuhna melendung sagedé gajah

Jajaka 4: Nyi Mumu gawéna kerung bangun anu nyeri beuteung
Gorobas logodor sagedé halu

Jajaka 5: Nyi Ijur peuting ngalindur salaki dijieun halu
Anéhna salakina seuseurian
Jajaka : hahahahahaha heuheuheuheuheuheu 2x

Jajaka 1: Leuh euleuh tuh aya nyi mojang
Jajaka: Cing mana?
Jajaka 2: Duh meuni hezo
Jajaka: Arék héjo arék konéng ka nyi mojang tetep hayang
Jajaka 1: Mun kadieu rék kumaha?
Jajaka 2: Acuh waé sabab butuh
Jajaka1 : Leuwih hadé urang goda
Jajaka: Akur pisan mending kitu

Jajaka: Néng..Néng..Néng.....sora loncéng
Pastiiiiii éraeun
Nyi..nyi...nyi nyiruan tuh
Aduh lucu persis pragawa....teu akh

Wanoja : Asa teu gugur teu angin jeung asa kamalinaan
Cunihin téh kaleuwihan siga nu kurang saeundan
Aya naon aya naon cing pék ngomong anu bener

Jajaka: Manawi peryogi halu saé pisan kanggo nutu
Wanoja: Tayoh pantes kapatutna sirah batu kawas halu
Jajaka: Rumaos akang mah hipu kagaduh mung ukur halu
Wanoja: Ngomong kalah beuki ngaco polah api-api bodo
Kami tetep henteu suka anjeun kudu tanggung jawab
Jajaka: Da manéh mimitina jadi saya katempuhan
Ari geus kieu kumaha ngomong...ngomong
Ieu kuring téh arisin-isin isin tuh isin ku lisung
Moal sakali-kali deui hah
Awas diwartoskeun ka abah
Hayoh nyuhunkeun dihapuntén
Sok sok da moal nanaon

Wanoja: Kalakuan pangakalan kalakuan panipuan
Kalakuan teu uyahan kahayangna diwawuhan
Jajaka: Kadangu henteu tuh anjeuna bendu socana meuni baruleud
Ayeuna kieu da manéh nu boga dosa manéh nu tanggung jawabna

Wanoja: Pastiiiiiii éraeun...!!!!
Jajaka: Enyaaaaaa..

Wanoja 1: Kami mah jadi kaduhung geus nyarékan leuwih teuing
Sok sieun raheut haténa ngaganggu kana jiwana
Wanoja 2: Lalaki kitu kuduna supaya kapok jadina
Sabab mun terus diantep boga rasa ieuh aing
Wanoja 3: Tapi mun ngukur dosana bet asa teu sabaraha
Kumaha atuh jadina sangkan teu goréng ahirna
Wanoja 4: Halu dipaké gantina nurutan cara manéhna
Urang paké tutunggulan ciri urang sauyunan
Wanoja: Akur...akur.. nu goréng lain jalmana
Tapi kalakuanana hayu rawatan ayeuna

Jajaka: Tah kitu alus diurus ti leuleutik geus gedé mulang tarima
His naha kitu teu kedah isin-isin teraskeun..teraskeun

Wanoja: Da manéh mimitina jadi kami katempuhan
Henteu kudu sindir sampir ngomong ngomong
Aéh-aéh bet ngabetem awas moal dipasihan

Jajaka: Apem

Wanoja: Kadangu henteu tuh anjeuna surti kiceupna siga kelenci
Éta kelencina moal kabur
Nya ceuk kami ogé mun daria pék balaka
Jajaka: Isiiiiin kénéh

Jajaka 1: Cing halu kuring contoan
Jajaka: Mimitina wéh
Jajaka 3 : Sayang cantik-cantik pada tuli
Telinganya mungkin kelebihan gizi
Sayang kalau mungkin dioperasi
Telinganya lucu seperti kelinci

Jajaka 2: Halo halo nyi Omoh nih??
Ok..ok..ok ak ok ey ok ak ok ey
Salam sayang buatmu seorang
Cup cup cup a ji no mo to
Heu..euh heu..euh heu..euh dah Omoh
Apa? kang Ibro?
Ada sebentar yah

Jajaka 4: Halo-halo saya Ibro nih
Slamat subuh
Oh...nyi Ijur nih?
Halo...<jur>
Apa kabar...<jur>
Ah engga...<jur>
Makan tebu...<jur>
Halo halo haloooooooowwww

Jajaka : Cantél yuk?

Jajaka: Upamina ieu mah nu paséa wawuh deui cing kedah dikumahakeun?
Wanoja : Ditaros
Jajaka: Upamina ieu mah hoyong teras silih asih cing kedah dikumahakeun?
Wanoja: Ditarosan
Upamina ieu mah ditarosan pareng kersa cing kedah dikumahakeun?
Jajaka: Dikélékéték
Akang mah geus pageuh jangji
Moal boga pamajikan
Iwal ka anu sahiji
Anu meulit dina ati

Wanoja: Leuh euleuh euleuh
Na saha téa?
Jajaka: Sanés sasaha kapan salira
Wanoja: Duka atuh?
Jajaka : Akang cinta
Wanoja: Ngémut heula
Jajaka: Kedah kersa
Wanoja:Lamun henteu
Jajaka:Kedah mangga
Wanoja: Lamun mangga
Jajaka: itu dia
Jajaka & wanoja: Deungkleung déngdék deungkleung
Deungkleung déngdék deungkleung
Wanoja: Lamun moal daék
Jajaka: Akang ngélékéték
wanoja: Lamun abdi daék
Jajaka :Kulan
wanoja: Daék
Jajaka :Kulan
wanoja: Daéék
Jajaka :Kulan
wanoja: Daéééééééékkk
Jajaka: Akang ngaréngkénék
Wanoja:Kadénya ulah ngabohong
Jajaka: His moal
Wanoja: Kadénya tong mangnyerikeun
Jajaka : His moal
wanoja: Kadénya midua haté
Jajaka: Moal
Wanoja: Kadénya sing nyaah pisan
Jajaka :Moal
Jajaka : Badé..badéééé..badéééééééé

Referensi[édit | sunting sumber]

  1. a b c d Kesenian Gondang, HUT Kabupaten Majalengka ke-519(diakses 15 oktober 2011)
  2. a b c d e f g h Seni dan Budaya Sumedang - Indonesia(diakses 15 oktober 2011)
  3. a b [Hidayat,Rahmat Taufik, Spk. 2007 . Peperenian Urang Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama]
  4. a b c d e Danadibrata,R.A.2006.Kamus Basa Sunda.Bandung:Kiblat Kaca 221
  5. [Nano.S Kentrung Hariring]