Goréng endog
Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Goréng endog nyaeta kadaharan tina endog nu disiapkeun ku cara ngagoreng endog make minyak goréng atawa mantéga panas dina katél.
Aya sababaraha cara midangkeun goreng endog diantarana:
- Dahdar endog, ku cara ngocok endog tuluy digoreng. Bungbu keur dahdar endog nyaeta uyah, jeung lamun seneng bisa ditambahan goréng bawang, daun bawang jeung cabé/céngék
- Ceplok endog, endog henteu dikocok heula tapi langsung diabrukkeun kana minyak panas dina katel, tuluy dipurulukan ku uyah. Variasi sejen tina ceplok endog nyaeta endog mata sapi
| Artikel ngeunaan dahareun jeung inuman ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |