Gunung Gedé

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Gunung Gedé
Mount Gede 00.jpg
Gunung Gedé, ditingali ti arah Kacamatan Sukabumi
Jangkung 2.958 meter (9.705 kaki)[1]
Perenah Sukabumi-Cianjur-Bogor, Jawa Kulon, Indonesia
Koordinat 6.78° S 106.98° E
Tipe Stratovolcano
Panungtungan bitu 1957
Rute panggampangna Cibodas

Gunung Gedé nyaéta salahsahiji gunung nu ukuranana badag nu aya di pulo Jawa, Indonésia. Gunung gedé aya dina wewengkon sabudeureun Taman Nasional Gedé Pangrango, anu mangrapusa salah sahiji tina lima taman nasional nu munggaran diumumkeun di Indonésia dina taun 1980. Ieu gunung téh asup kana tilu wilayah kabupatén nyaéta Bogor, Cianjur, jeung Sukabumi, kalawan jangkungna 1.000-3.000 m ti beungeut laut (dpl.) jeung aya dina koordinat 106°51' - 107°02' BT dan 64°1' - 65°1 LS. Suhu rata-rata di puncak gunung Gedé 18°C jeung upama peuting mah suhu puncak kira-kira 5°C, kalawan curah hujan rata-rata 3.600 mm/taun. Gerbang utama pikeun naék ka ieu gunung téh nyaéta ti Cibodas jeung Cipanas

Gunung Gedé ditutupan ku hutan pagunungan, anu ngawengku zona-zona submontana, montana, nepika subalpin di sabudeureun puncakna. Hutan pagunungan di ieu wewengkon téh mangrupa salah sahiji anu jenis florana pangbeungharna di Indonésia, ogé di wewengkon Malésia

Objék Panalungtikan[édit | sunting sumber]

Gunung Gedé boga kaayaan alam anu has jeung unik, ieu hal téh ngajadikeun Gunung Gedé minangka salah sahiji laonratorium alam anu narik minat para panalungtik ti baheula kénéh. Kacutat yén dina taun 1989, C.G.C. Reinwardt minangka jalma anu mimiti naék ka Gunung Gedé, tuluy disusul ku F.W. Junghuhn (1839-1861) J.E. Teijsmann (1839), A.R. Wallace (1861), S.H. Koorders (1890), M. Treub (1891), W.M. Docters van Leeuwen (1911); jeung C.G.G.J. van Steenis (1920-1952) geus nyieun koléḳsi tutuwuhan minangka dasar pikeun nyusun buku The Mountain Flora of Java anu dipedalkeun taun 1972.

Gunung Gedé ogé mibanda rupa-rupa ékosistem anu dijerona aya formasi-formasi leuweung, submontana, montana, subalpin, sarta ékosistem danau, rawa jeung savana. Gunung Gedé kawentar beunghar ku rupa-rupa jenis manuk anu kacatet lobana 251 jeis tina 450 jenis nu aya di pulo Jawa. Sababaraha jenis di antarana mangrupa manuk langka nyaéta Heulang Jawa (Spizaetus bartelsi) jeung celepuk jawa (Otus angelinae).

Objék Pariwisata[édit | sunting sumber]

Boh Gunung Gedé boh wewengkon Taman Nasional Gedé Pangrago ogé magrupa objék wisata alam anu kalintang éndah jeung réa didatangan ku wisatawan boh doméstik boh internasional.

Sababaraha lokasi/obyék nu alus pikeun dianjangan[édit | sunting sumber]

  • Talaga Biru. Talaga leutik nu ukuranana lima héktar (1.575 meter dpl.) perenahna 1,5 km tina gerbang Cibodas. Ieu talaga téh salawasna katingali biru mun kapoé ku panon poé, kusabab katutupan ku ganggang biru.
  • Curug Cibeureum. Curug anu jangkunga 50 meter perenahna kita-kita 2,8 km ti Cibodas. Di sabudeureun curug bisa katingali sarupa lukut beureum anu endemik di Jawa Kulon.
  • Cai Panas. Perenahna kira-kira 5,3 km, atawa 2 jam perjalanan ti Cibodas.
  • Kandang batu jeung Kandang Badak. Pikeun kagiatan kémah jeung panalungtikan tutuwuhan/sato. Perenahna dina 2.220 m dpl. Kalawan jarakna 7,8 km atawa 3,5 jam perjalanan ti Cibodas.
  • Puncak jeung kawah Gunung Gedé. Pamandangan mangrupa muncul/surupna panon poé, ngeplakna kota Cianjur-Sukabumi-Bogor katingali kalawan écés, atraksi géologi anu narik ati jeung titingalian tutuwuhan has di sabudeureun kawah. Dina ieu puncak téh aya tilu kawah anu aktif kénéh dina hiji kompléks nyaéta kawah Lanang, Ratu jeung Wadon. Aya dina 2.958 m dpl. Kalawan jarakna 9,7 km atawa 5 jm perjalanan ti Cibodas.
  • Alun-alun Suryakancana. Dataran anu legana 50 héktar nu ditutupan ku tutuwuhan kembang édelweiss. Aya dina 2.750 m dpl. Kalawan jarkna 11,8 km atawa 6 jam perjalanan ti Cibodas.

Légénda Rahayat[édit | sunting sumber]

Sajarah jeung légénda anu jadi kapercayaan masarakat di ieu patempatan nyaéta ngeunaan ayana Éyang Suryakancana jeung Prabu Siliwangi di Gunung Gedé. Masarakat percaya yén arwah Éyang Suryakancana jeung Prabu Siliwangi baris salawasna ngajagaan Gunung Gedé sangkan teu bitu. Dina mangsa-mangsa nu tangtu, réa jalma anu asup kana guha-guha di sabudeureun gunun Gedé pikeun tatapa/samedi atawa gnalakukeun upacara réligius. Gunung Gedé dipercaya minangka tempat dumukna Éyang Sinto Gendeng nalika ngadidik muridna anu ngarana Wiro Sableng

Rute naék[édit | sunting sumber]

Pikeun naék ka lokasi Taman Nasional Gedé Pangrango bisa ngaliwatan rute Jakarta-Bogor-Cibodas kalawan waktuna kira-kira 2,5 jam (± 100 km) maké mobil, atawa Bandung-Cipanas-Cibodas kalawan waktuna 2 jam (± 89 km), jeung Bogor-Salabintana kalawan waktuna 2 jam (52 km).


Tingali ogé[édit | sunting sumber]

Tumbu Luar[édit | sunting sumber]


Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. "Gede". Global Volcanism Program. Smithsonian Institution. Diakses pada 19 Désémber 2006. 


Nulis.jpg