Gunung Guntur

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Gunung Guntur
Gunung Guntur.jpg
Gunung Guntur dipoto ti Cipanas, Garut
Luhur 2249 méter
Perenah Jawa Kulon, Indonésia
Koordinat 7°8′S 107°50′E
Tipe Gunung api kompléks
Panungtungan bitu 1847
Gunung Guntur dina awal abad ka-19

Gunung Guntur nya éta salasahiji gunung nu aya di Kabupatén Garut, perenahna aya di Kampung Dukuh Desa Pananjung Kecamatan Tarogong Kalér, 3 km ti ibukota Kecamatan Tarogong Kalér jeung 7 km ti ibukota Kabupatén Garut.[1] [2] Legana ieu gunung kurang leuwih 250 ha nu diriksa ku BKSDA Jawa Barat II kalawan nyoko kana aspek legalitas mangrupa SK Mentri Kehutanan No:274/kpts II/99. [1] Gunung Guntur mangrupa gunung nu aktivitas vulkanikna masih aktif sarta mangrupa bagian tina runtuyan stratovolkano di beulah kalér-ngulon Kota Garut.[1] Ieu gunung jangkungna 2.249 mdpl kalawan 4 puncak tur miboga hiji kawah di salasahiji puncakna. [1]
Batas administrasi wilayah Taman Wisata Alam Gunung Guntur nya éta béh kalér watesna téh Désa Pasawahan, béh kulon jeung Kabupatén Bandung, béh kidul jeung Désa Pananjung, sarta béh wétan jeung Désa Rancabango. [1] Ieu gunung miboga wangun lamping nu kawilang unik nepi ka bisa ngirut sing saha waé nu ningalina.[2] Di lamping béh wétan, bisa katingali tapak bituna gunung guntur nepi ka euweuh tatangkalan gedé, nu katingali ngan saukur tapak-tapak ngalirna lava.[2] Lantaran kaéndahanana, ieu gunung mindeng dijadikeun inspirasi ku para seniman.[2] Contona waé, lagu Malati di Gunung Guntur nu rumpakana ditulis ku Wahyu Wibisana jeung laguna dianggit ku Mang Koko. [2] Sanajan éndah ditingalina, ieu gunung kungsi ngaringrangkeun masarakat sabudeureun kota Garut, lantaran taun 2003 basa gunung papandayan bitu, status gunung guntur kungsi jadi waspada lantaran aktivitas vulkanikna ngaronjat pisan. [2]
Ti puncak gunung guntur, urang bisa ningali kaéndahan kota Garut, ogé gunung-gunung nu lainna. Lantaran taneuhna nu garing jeung lampingna nu pinuh ku eurih, ieu gunung gampang kahuruan. [2] Cinyusu nu kaluar ti salasahiji lampingna ogé aya nu suhuna panas nepi ka dijadikeun sumber cai keur kawasan wisata Cipanas Garut. [2] Salian ti éta, masarakat ogé ngamangpaatkeun lamping ieu gunung pikeun ngali keusik jeung batu nu bisa ngahudang urug nu matak jadi mamala keur masarakat sabudeureunana. [2]
Wilayah TWA Gunung Guntur can pati dimekarkeun kalawan inténsif pikeun objék pariwisata. [1] Sanajan kitu, ieu gunung mindeng didatangan ku para penjelajah sarta dijadikeun tempat keur kémping jeung leuleuweungan. [1]

Data Bituna Gunung Guntur[édit | sunting sumber]

  1. Taun 1690, gunung guntur bitu kacida rongkahna nepi ka loba korban jiwa. [2]
  2. Taun 1770-1780, euweuh katerangan. [2]
  3. 1777, bitu.[2]
  4. 1780, bijil lahar. [2]
  5. 1803, (3-5 April).[2]
  6. 1807, (9 Méi).[2]
  7. 1809, euweuh katerangan. [2]
  8. 1815, (15 Agustus-21 Séptember)[2]
  9. 1816 (21-24 Oktober)[2]
  10. 1825, leuweungna kahuruan.[2]
  11. 1827-1828, euweuh katerangan. [2]
  12. 1832 (16 Januari, 8-13 Agustus).[2]
  13. 1833 (1 Séptember).[2]
  14. 1834/ 1835/ 1836 (Désémber)[2]
  15. 1840, lahar ngalir ka Cipanas. [2]
  16. 1841, bitu rongkah nepi ka 400.000 tangkal kopi paéh (14 Nopémber). [2]
  17. 1842, lahan ruksak (4 Januari, 25 Nopémber). [2]
  18. 1847, euweuh katerangan.[2]
  19. 1885, euweuh katerangan [2]
  20. 1887, euweuh katerangan [2]
  21. 1929, bitu nepi ka ngaruksak kampung jeung ngabalukarkeun loba korban. [2]

Sasakala Gunung Guntur[édit | sunting sumber]

Kacaturkeun, aya hiji karajaan di Gunung Kutu. [2] Éta karajaan téh ngaranna Korobokan. [2] Raja nu ngawasana nya éta Sunan Ranggalawé. [2] Sakuduna mah, nu nyicingan tahta téh nya éta lanceukna nu ngaranna Ratna Inten Déwata, ngan lantaran Inten Déwata téh awéwé jadi nu diangkat salaku raja téh nya éta Ranggalawé. [2]
Hiji mangsa, Karajaan Korobokan ngalaman usum katiga nu kacida lilana nepi ka rahayat téh sangsara pisan. Raja bingung mikiran nasib rahayatna. [2] Sanggeus sawala jeung Patih Karajaan, ahirna Raja nyindekkeun rék nyieun situ keur nampung cai. [2] Ngan aya hiji hal nu jadi bangbaluh nya èta lahan nu rék dijadikeun situ téh dicicingan ku lanceukna, Ratna Inten Déwata. [2]
Sunan Ranggalawé ménta ka lanceukna sangkan masrahkeun lahan milikna keur dijadikeun situ. [2] Tapi Ratna Inten Déwata keukeuh teu mikeun bari pok nyarita "Geus mah aing téh teu jadi raja, imah aing gé rék direbut ogé nyah!" [2]
Sunan Ranggalawé ahirna teu bisa maksa. [2] Kalah kumaha gé, Inten Déwata téh lanceukna nu kudu dihurmat. [2]
Patih Karajaan kacida kuciwana ningali sikap Ranggalawé. [2] Manéhna nganggap yén rajana téh geus teu hayang paduli kana nasib rahayat nu kacida sangsarana. [2] Rajana dianggap teu boga kawani keru ngalawan lanceukna nu ngan saukur awéwé. [2]
Sunan Ranggalawé pohara bingungna.[2] Tapi sanggeus dipikir dibulak balik, manéhna cindek rék nepungan lanceukna. [2] Sakumaha harita, Inten Déwata keukeuh embung nganteur kana kahayang adina. [2] Ahirna lantaran ngarasa tanggung jawab keur nyalametkeun rahayatna sarta tuluy-tumuluy dipaksa ku Patih Karajaan, Ranggalawé ahirna maréntahkeun sakabéh rahayatna keur ngabendung lahan milik lanceukna pikeun dijadikeun situ. [2]
Ratna Inten Déwata kacida ambekna tapi manéhna teu bisa ngalawan adina. [2] Ahirna Inten Déwata indit ka puncak Gunung Kutu nu teu pati jauh ti imahna. [2] Di puncak gunung éta, manéhna tapa sarta ménta ka Gusti Hyang Agung sangkan adina disadarkeun yén manéhna geus nganiaya lanceukna sorangan. [2]
Ratna Inten Déwata ngawurkeun kembang jeung taneuh garing di puncak Gunung Kutu. [2] Teu lila ti dinya, langit ngadadak angkeub pinuh ku méga hideung. [2] Ratna Inten Déwata gura-giru indit ninggalkeun éta gunung. [2]
Tuluy, Gunung Kutu bitu kalawan rongkahna sarta ngancurkeun Karajaan Korobokan. [2] Lantaran bituna siga guntur, éta gunung téh dingaranan Gunung Guntur tepi ka kiwari. [2]

Tumbu kaluar[édit | sunting sumber]


Referensi[édit | sunting sumber]

  1. a b c d e f g Gunung Guntur (id) (Diakses tanggal 15 Desember 2014)
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab ac ad ae af ag ah ai aj ak al am an ao ap aq ar as at au av aw ax ay az ba bb bc bd Suhardiman, Budi & Darpan. 2007. Seputar Garut. Garut: Komunitas Srimanganti


Nulis.jpg