Hanjeli
| Hanjeli | |
|---|---|
| Klasifikasi ilmiah | |
| Kingdom: | Plantae |
| Division: | Magnoliophyta |
| Class: | Liliopsida |
| Order: | Poales |
| Family: | Poaceae |
| Genus: | Coix |
| Species: | C. lacryma-jobi |
| Ngaran binomial | |
| Coix lacryma-jobi L. |
|
| Sinonim | |
|
Coix agrestis Lour. |
|
Hanjeli (Coix lacryma-jobi) nyaéta hiji tutuwuhan tropis ti kulawarga Poaceae (kulawarga jukut) pituin Asia Wétan jeung Tenggara. Di Tatar Sunda sisi wetan (wewengkon Cirebon sareng Jawa Tengah bagian kulon nu basa ibuna basa Sunda) aya nu nyebut kanjeli. Mun dipelak di tempat séjén, hanjeli jadi tutuwuhan taunan. 'Cangkang' siki hanjeli nu kelirna bodas hérang teuas pisan, sahingga sok diuntuykeun jadi geulang, kongkorong, atawa tasbéh.
[édit] Mangpaat
Di sababaraha nagara Asia, hanjeli dijual pikeun dipasak. Di Sunda sikina sok dibubur, di Koréa tipung sikina ditinyuh jadi yulmu cha (율무차, 'entéh hanjeli'), di Cina dibubur amis, yì mí shǔi (薏米水). Di Koréa jeung Cina, hanjeli ogé dipeuyeum pikeun diala arakna, sedengkeun di Jepang mah dijieun cuka[1].
[édit] Rujukan
- Pink, A. (2004). Gardening for the Million, Project Gutenberg Literary Archive Foundation.
[édit] Tumbu kaluar
- (en) Job's Tears
- (en) Sorting Coix names