Hui
| Ubi jalar | |
|---|---|
| Umbi yang siap diolah | |
| Klasifikasi ilmiah | |
| Kingdom: | Plantae |
| Division: | Magnoliophyta |
| Class: | Magnoliopsida |
| Order: | Solanales |
| Family: | Convolvulaceae |
| Genus: | Ipomoea |
| Species: | I. batatas |
| Ngaran binomial | |
| Ipomoea batatas L. |
|
Hui atawa sok disebut ogé boléd nya éta beubeutian nu ngandung karbohidrat anu luhung tur bisa dimangpaatkeun pikeun sumber kadaharan gaganti béas atawa jagong. [1] Para ahli botani jeung tatanén naksir wewengkon asal hui téh nya éta di Selandia Baru, Polinesia, sarta Amérika Tengah.[1] Nikolai Ivanovich Vavilov, ahli botani ti Sovyét, mastikeun wewengkon séntrum primér asal hui nya éta Amérika Tengah.[1] Hui mimiti sumebar ka sakuliah dunya, utamana nagara-nagara tropis dina abad ka-16.[1] Urang Spanyol nyebarkeun hui ka wewengkon Asia, utamana Filipina, Jepang, jeung Indonésia.[1]
Di sawatara wewengkon, hui mangrupa salah sahiji komoditi bahan kadaharan poko. [1]Hui téh salah sahiji komoditi kadaharan penting di Indonésia sarta dibudidayakeun ku masarakat ti wewengkon dataran handap nepi ka dataran luhur.[1] Ieu tutuwuhan bisa adaptasi di wewengkon anu kurang subur tur garing.[1] Ku kituna hui bisa ditarékahan sangkan bisa tumuwuh saban taun.[1] Hui bisa dikokolakeun jadi rupa-rupa produk olahan.[1] Daunna bisa dijadikeun lalab atawa parab ingon-ingon.[1] Watangna bisa dijadikeun bahan pelakeun atawa parab ingon-ingon.[1] Kulitna bisa dijadikeun parab ingon-ingon.[1] Beutina dijadikeun bahan kadaharan kucara dijieun kolek, kelepon, keremes, kiripik, bolu, selé, manisan, jeung réa-réa deui. [2]