Hukum Kadokteran

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Hukum Kadokteran (judul asli dina basa Arab: "al-Qanun Fittibb") mangrupa buku karya élmuwan Pérsia Ibnu Sina abad ka-10, nu dianggap buku paling penting dina sajarah kadokteran. Hukum Kadokteran dipercaya salaku buku rujukan kadokteran salila sababaraha abad, kaasup di Éropah, nu ngajadikeun Ibnu Sina salaku "Bapa Kadokteran Modéren". Sapuluh abad ka tukang, Ibnu Sina medarkeun dasar-dasar kadokteran dina buku ieu, sarta kiwari masih diajarkeun di UCLA jeung Universitas Yale, salaku bagian tina sajarah kadokteran.

Kamus pangaweruh kadokteran Ibnu Sina ieu nungtun pangajaran klinis dumasar kana karya Galen, tapi diadumaniskeun jeung pangaweruh kadokteran Arab jeung pangalaman pribadi. Buku ieu medarkeun nu jadi sabab séhat jeung gering, sarta ngayakinkeun yén awak manusa moal bisa walagri deui iwal mun geus kanyahoan nu jadi sabab musabab séhat jeung gering.

Ibnu Sina nandeskeun yén kadokteran (tibb), medicine, atawa "tatamba" téh élmu nu ngulik rupa-rupa kaayaan awak manusa nalika keur séhat atawa nalika keur teu séhat, kumaha bisa leungit séhatna, jeung kumaha malikkeun kaséhatanana. Cohagna mah, tatamba téh élmu mulasara jeung mulihkeun kaséhatan..

Ibnu Sina nganggap nu jadi sabab séhat jeung gering téh, nyaéta:

  1. Sabab Materil.
  2. Unsur.
  3. Humor.
  4. Rupa-rupa Humor.
  5. Temperamén.
  6. Babagian Awak.
  7. Gaya Vital.
  8. Organ.
  9. Sabab Éfisién.
  10. Sabab Formal.
  11. Babagian Vital.
  12. Sabab Pamungkas.

(Aya sababaraha sumber séjénna nu medar pamikiran anjeunna nu bisa dibuka ti sakuliah dunya, utamana dina loka-loka kadokteran jeung islami)

Baca ogé[édit | édit sumber]

Tumbu kaluar[édit | édit sumber]