Huséin Jayadiningrat

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Huséin Jayadiningrat sareng garwana, B.R.Ay. Partini putra Mangkunagara VII

Prof. Dr. Pangéran Ario Huséin Jayadiningrat (éjahan heubeul Hoessein Djajadiningrat, Kramatwatu, Sérang, 8 Désémber 1886 - Jakarta, 12 Nopémber 1960). Ramana, R. Bagus Jayawinata (R. Bagoes Djajawinata) wadana anu tuluy jadi bupati Sérang anu boga pikiran maju, sedeng ibuna Ratu Saléhah urang Cipeté Sérang.

Lanceuk Huséin, Pangéran Ahmad Djajadiningrat terus jeneng jadi bupati di Serang jeung Hasan jadi tokoh Sarekat Islam anu gedé pangaruhna di Jawa Barat dina awal-awal pergerakan nasional—nepi ka pupusna dina taun 1920. Ahmad jeung Huséin jadi murid Snouck Hurgronje, tapi ngan Huséin anu méréskeun atikan nepi ka meunang gelar Doktor.[1]

Huséin teh salasahiji panaratas widang kaélmuan di Indonésia. Anjeunna dipikawanoh minangka jajaka anu motékar, boh kana élmu agama, boh élmu modérn. Anjeunna guguru ogé ka Snouck Hugronje anu satuluyna mindeng ngadiskusikeun karangan anu ditulis ku Huséin ku anjeun. Ningali poténsi katut bakatna, Snouck nyakolakeun Huséin ka Léiden. Taun 1905 Huséin resmi jadi Mahasiswa Universitas Léiden nepi ka nulis disertasina nu dijudulan Critische Beschouwing van de Sadjarah Banten tur meunang pangajén cumlaude ti promotorna Snouck Hurgronje.[2]

Disertasi Huséin geus muka jalan pikeun panalungtikan ngeunaan historiografi Indonésia nepi ka anjeunna ogé katelah minangka “bapak metodologi penelitian sejarah Indonesia”. Nya anjeunna urang Indonésia munggaran nu meunang gelar Doktor. Anjeunna dipikawanoh ogé minangka ahli kaislaman anu kawentar dina mangsana. Sajaba ti éta, anjeunna ogé gurubesar pribumi nu munggaran di Indonésia deuih.

Huséin Jayadiningrat (nu diuk pangkéncana) jeung réngréngan profesor di Rechts Hogeschool, Batavia

Riwayat Hirup[édit | sunting sumber]

Lulus taun 1899 ti HBS, Huséin nuluykeun diajar ka Universitas Kerajaan di Leiden, milu kuliah salila lima taun (1905-1910). Salila sataun (ti Mei 1914-April 1915) anjeunna dumuk di Acéh pikeun diajar basa Acéh dina raraga nataharkeun kamus basa Acéh. Éta kamus téh diréngsékeun di Jakarta kalawan dibantuan ku Teuku Mohammad Nurdin, H. Abu Bakar Acéh, jeung Dr. Hazeu nu dijudulan Atjeh-Nederlandsch Woordenboek (1934). Taun 1919 ngadegkeun Java Instituut tur jadi rédaktur dina majalah Djawa nu diterbitkeun ku éta lembaga jeung Radén Ngabéhi Purbacaraka (Poerbatjaraka) ti taun 1921. Sajaba ti éta ogé nerbitkeun majalah Pusaka Sunda.

Taun 1924 diangkat jadi gurubesar di Rechtshoogeschool di Jakarta pikeun méré kuliah Hukum Islam, basa-basa Jawa, Malayu, jeung Sunda. Taun 1935 (jeung 1941) diangkat jadi anggota Dewan Hindia. Mangtaun-taun ogé kungsi jadi konservator naskah (manuskrip) di Bataviaasch Genootschap can Kunsten en Wetenschappen, jadi anggota diréksi, jeung ti taun 1936 jadi pupuhuna. Taun 1940 jadi Diréktur Pengajaran Agama, Jaman Jepang jadi Kepala Departemén Urusan Agama, tuluy Chuo Sangiin Pusat. Taun 1948 diangkat jadi Mentri Pengajaran, Kesenian, dan Ilmu Pengetahuan. Taun 1952 jadi gurubesar Fakultas Sastra Universitas Indonésia; Taun 1957 jadi pamingpin umum Lembaga Bahasa dan Budaya, ngarangkep anggota Komisi Istilah di LBB.

Daftar Karyana[édit | sunting sumber]

  1. (nl) Mohammedaansche wet en het geerstelsen der Indonesische Mohammedanen (pidato ilmiah di Sekolah Tinggi Hukum, 1925);
  2. (nl) De Magische achtergrond van de Maleische pantoen (pidato ilmiah dina raraga miéling tepung taun STH ka-9, 1933);
  3. (nl) De naam can den eerste Mohammedaanschen vorst in West Java (1933);
  4. (nl) Apa Artinya Islam (pidato ilmiah tepung taun UI ka-4)
  5. (id) Hari Lahirnya Djajakarta (1956);
  6. (nl) Konttekeningen bij “Het Javaanse Rijk Tjerbon un de eerste eeuwen van zijn bestaan (1957);
  7. (en) Islam in Indonesia (dina Kenneth D. Morgan, Islam the Straight Path, 1956);
  8. (id) Pengaruh Islam di Iran dina Islam di Indonesia (dina Ivan Noris, 1959);
  9. (en) Local Traditions and the Study of Indonesian History (dina Soedjatmoko, dkk., An Introduction to Indonesian Historiography, 1965).


Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. (id) Korver, A.P.E. (1985 (hlm.251)). Sarekat Islam: Gerakan Ratu Adil?, Jakarta, Pustaka Utama Grafiti.
  2. (id) Apa dan Siapa Prof.Dr.Husein Djajadiningrat?, dikysumakarya.blogspot.com. Diaksés ping 23 Juli 2011.


Daftar Pustaka[édit | sunting sumber]