Républik Indonésia
| Republik Indonesia
Républik Indonésia
|
||||||
|---|---|---|---|---|---|---|
|
||||||
| Motto Bhinneka Tunggal Ika (Jawa Kuna/Kawi/Sangsakerta: Nunggal dina karageman) Idéologi nasional: Pancasila |
||||||
| Lagu Indonésia Raya |
||||||
| Ibu kota (jeung kota panggedéna) |
Jakarta |
|||||
| Basa resmi | Indonésia | |||||
| Pamaréntah | Républik | |||||
| - | Présidén | Susilo Bambang Yudhoyono | ||||
| - | Wakil Présidén | Boediono | ||||
| Merdika | ||||||
| - | Diumumkeun | 17 Agustus 1945, samemehna: Hindia-Walanda | ||||
| Aréa | ||||||
| - | Total | 1,904,569 km² (ka-16) 735,355 mil² |
||||
| - | Cai (%) | 4.85% | ||||
| Populasi | ||||||
| - | Perkiraan 2005 | 222,781,000 (ka-4) | ||||
| - | Sénsus 2000 | 206,264,595 | ||||
| - | Kapadetan | 117 /km² (ka-84) 303 /mil² |
||||
| GDP (PPP) | Perkiraan 2005 | |||||
| - | Total | $977.4 miliar (ka-15) | ||||
| - | Per kapita | $4,458[1] (ka-110) | ||||
| HDI (2003) | 0.697 (sedeng) (ka-110) | |||||
| Mata uang | Rupiah (IDR) |
|||||
| Zona wanci | béda-béda (UTC+7 to +9) | |||||
| - | Usum panas (DST) | teu acan ditalungtik (UTC+7 to +9) | ||||
| TLD Internét | .id | |||||
| Kode telepon | +62 | |||||
Républik Indonésia ngarupakeun hiji kapuloan nu aya di antara Asia Tenggara jeung Australia, antara Sagara Hindia jeung Sagara Pasifik. Indonesia wawatesan jeung Malaysia di pulo Kalimantan, Papua Nugini di Pulo Papua, jeung Timor Wétan di pulo Timor.
Daptar eusi |
[édit] Sajarah
Artikel Utama: Sajarah Indonésia
Dina pangaruh Buda, aya sababaraha karajaan di pulo Sumatra jeung Jawa ti abad ka-7 nepi ka abad ka-14. Saterusna datang sodagar-sodagar ti Arab mawa Islam, nu ka béh dieunakeun jadi agama mayoritas.
Nalika bangsa Éropa datang mangsa munggaran abad ka-16, maranéhna manggihan rupa-rupa nagara leutik. Kabitaeun pisan bangsa Éropa, nu mémang keur karanjingan ngawasa dadagangan rempah-rempah. Abad ka-17, bangsa Walanda nanjung jadi salasahiji nagara Éropa pangkuatna, ngawasa Nusantara kalawan ngalindih Inggris jeung Portugal (iwal Timor).
Satutasna VOC dibubarkeun, kakawasaanana di Indonésia dicepeng ku Pamaréntah Walanda. Satutasna leupas tina pangjajah Jepang taun 1945, bangsa Indonésia ngabéwarakeun kamerdikaan dipingpin ku Sukarno. Walanda ahirna narima, najan elat, dina taun 1949. Ti ngadegna Indonesia, Sukarno diangkat jadi présidén munggaran.
Suharto jadi présidén (1968) satutasna ngagulingkeun Sukarno nu pamaréntahanana jadi otokratik. Alatan pamaréntahanana nu subur ku polah korup, Suharto dipaksa mundur taun 1998.
[édit] Propinsi
Kaca Utama: Propinsi di Indonésia
Ayeuna, Indonésia ngabogaan 30 propinsi, 2 daérah istiméwa jeung 1 daérah husus ibukota. Propinsi-propinsi ieu dibagi deui jadi kabupatén-kabupatén, nu salajengna dibagi deui jadi kacamatan jeung kota administratif. Propinsi-propinsina nyaéta,
- Nanggroe Aceh Darussalam, ibu kotana Banda Aceh. (Otonomi husus)
- Sumatra Kalér, ibu kotana Medan.
- Sumatra Kulon, ibu kotana Padang.
- Riau, ibu kotana Pekanbaru.
- Kapuloan Riau. ibukota Tanjung Pinang.
- Jambi, ibu kotana Jambi.
- Bengkulu, ibu kotana Bengkulu.
- Sumatra Kidul, ibu kotana Palembang.
- Kapuloan Bangka-Belitung, ibu kotana Pangkal Pinang.
- Lampung, ibu kotana Bandar Lampung.
- Banten, ibu kotana Serang.
- DKI Jakarta, ibu kotana Jakarta. (Daerah husus ibukota)
- Jawa Kulon, ibu kotana Bandung.
- Jawa Tengah, ibu kotana Semarang.
- Yogyakarta, ibu kotana Yogyakarta. (Daerah istimewa)
- Jawa Wétan, ibu kotana Surabaya.
- Bali, ibu kotana Denpasar.
- Nusa Tenggara Kulon, ibu kotana Mataram.
- Nusa Tenggara Wétan, ibu kotana Kupang.
- Kalimantan Kulon, ibu kotana Pontianak.
- Kalimantan Tengah, ibu kotana Palangka Raya.
- Kalimantan Kidul, ibu kotana Banjarmasin.
- Kalimantan Wétan, ibu kotana Samarinda.
- Sulawesi Kidul, ibu kotana Makassar.
- Sulawesi Kulon, ibu kotana Mamuju.
- Sulawesi Tenggara, ibu kotana Kendari.
- Sulawesi Tengah, ibu kotana Palu.
- Gorontalo, ibu kotana Gorontalo.
- Sulawesi Kalér, ibu kotana Menado.
- Maluku, ibu kotana Ambon.
- Maluku Kalér, ibu kotana Ternate.
- Papua Kulon, ibu kotana Manokwari.
- Papua, ibu kotana Jayapura.
[édit] Géografi
Kaca Utama: Géografi Indonésia
Tempo ogé: Peta Asia
[édit] Démografi
Kaca utama: Démografi Indonesia
Populasi Indonésia sacara kasar bisa dibagi kana dua kelompok. Di beulah kulon, umumna dieusi ku urang Malayu, sedengkeun di wewengkon wétan nyaéta urang Papua. Sanajan kitu, struktur sélér sabenerna leuwih rupa-rupa, katambah ku sélér-sélér tradisional nu aya di Bornéo/Kalimantan jeung Papua. Urang Cina ngabentuk hiji sélér minoritas (2 nepi ka 3 juta).
Islam mangrupa agama nu utama di Indonesia, ampir 80% ngagem agama ieu. Sesana ngagem agama Kristen (9%), Buda (2%), jeung Hindu (1%), nu panungtungan lolobana aya di Bali. Koflik antaragama rada mindeng dina taun-taun ieu, utamana di Maluku.
Basa nasional, Bahasa Indonesia - hiji dialék basa Malayu - dipaké ku ampir sakabéh warga, sanajan dialék lokal biasana masih lumaku salaku basa poko.
[édit] Budaya
Artikel utama: Budaya Indonesia
Wujud seni di Indonesia dipangaruhan ku sababaraha budaya. Misalna Ibing Jawa jeung ibing Bali nu geus kakoncara, dipangaruhan ku budaya jeung mitologi Hindu, buda dan islam.
Pintonan wayang kulit Jawa nu ogé geus kakoncara, nunjukkeun sababaraha kajadian mitologis.
Dina bukuna Max Havelaar, pangarang Walanda Multatuli ngritik kalakuan pamarentahna (Pamarentah jajahan Walanda) ka Bangsa Indonesia, meunangkeun perhatian internasional.
[édit] Album
- Indonesia
-
Musium Nasional Jakarta Pusat
-
Wisma 46, Gedung pangageungna di Jakarta.
-
Kareta di Gambir stasion di Jakarta Pusat
-
Bung Karno Stadium Tiasa Nampung 100.000 panongton
-
Pilihan Indonesian food, diantawisna Soto Ayam (chicken soup), sate kerang (shellfish kebabs), telor pindang (preserved eggs), perkedel (fritter), jeung es teh manis (sweet iced tea)
-
Mazda6 Dianggo jang Jakarta Metro Highway Patrol (Ditlantas Polda Metro Jaya) pikeun mobil patroli
-
Mitsubishi Lancer Dianggo ku Vital Object Protection of Indonesian National Police
-
GE U20C in Indonesia, #CC201-05
[édit] Bacaan salajengna
- Theodore Friend, Indonesian Destinies, Harvard University Press, 2003, jilid heuras, 544 kaca, ISBN 0-674-01137-6
[édit] Réferénsi
[édit] Tumbu kaluar
- (id) www.indonesia.go.id - Jalaloka resmi Républik Indonésia
- (id) Info-RI - Jalaloka Informasi Nasional
- Antara - Kantor Iber Nasional (sadia boh dina basa Inggris jeung basa Indonésia)
- (id) Jalaloka Budaya Tradisional Indonesia
- (en) Iber Indonesia
- (id) Masarakat Online Indonésia
| Kaanggotaan internasional | ||||||||||||||||||||||
|
||||||||||||||||||||||