Inuman

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda

Luncat ka: pituduh, sungsi

Inuman ilaharna nujul kana sagala rupa cairan nu diteleg. Kecap ieu kadang-kadang dipake keur harti nu leuwih heureut, keur inuman nu ngandung alkohol.

Daptar eusi

[édit] Jenis cai inuman

[édit] Cai herang

Ilaharna manusa ngonsumsi cai herang nu beresih, herang jeung steril minangka inuman utama keur dikonsumsi, tur ieu teh kacida hadena keur kasehatan. Cara-cara nyeterilkeun cai diantarana:

  • Ozonisasi, nyaeta ngolah cai make ozon nu ilahar dilakukeun di pausahaan cai inuman dina kemasan nu skalana gede
  • Make sinar ultra violét sakumaha nu dipake dina depot cai inuman eusi ulang
  • Ditaheur, ilaharna di rumah tangga-rumah tangga di Indonésia

[édit] Cai warnaan

Inuman nu dikarbonasi
Sacangkir kopi

Lian ti cai herang, inuman oge loba rupana, boh keur acara resmi, istirahat, atawa acara santey di imah. Unggal wewengkon mibanda inuman has sewang-sewangan. Inuman nu ilahar disuguhkeun diantarana:

[édit] Inuman has Indonesia

[édit] Inuman tradisional Sunda

  • Bajigur: nyaéta inuman anu rasana amis, dijieunna tina cipati dicampuran gula kawung jeung cangkaléng, diseungitan ku daun pandan, nyieunna digodogkeun.
  • Bandrék: inuman nu rasana amis lada, dijieunna tina cai dicampuran gula kawung jeung jahé, nyieunna digodogkeun.
  • Céndol: kadaharan sabangsa dawet, dijieunna tina aci kawung, jsté, digéréntél-géréntél, didaharna maké peueut dicipatian
  • Cingcaw: kadaharan jiga ager héjo nu dijieun tina daun camcauh, didaharna maké sirop.
  • Goyobod: sabangsa kadaharan tina tipung atawa aci jeung ager, didaharna jeung alpuket make sirop diésan.
  • Lahang: cai amis tina leungeun kawung, kalapa jeung sabangsa palem lianna, sok diinum, atawa dijieun gula.
  • Sakoteng: ngaran sarupa kadaharan tina aci sampeu sina pasagi sarta dipulas jiga siki dalima, ditinyuh ku gula jeung cipati panas ditambahan ku roti meunang ngeureutan sagedé-gedé dadu.
  • Sirop: cai gula kentel dicampuran sari bungbuahan jsté., nu beunang dililakeun, diinumna ditambahan cai és jsté.
  • Téh tubruk: inuman anu dijieun tina cai dicampur entéh, dina nyieunna entéh ditinyuh ku cai panas ngagolak, dicampur ku gula bodas.

[édit] Tumbu luar