Iwung

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Iwung

Bamboo sprout2.JPG

Setunas rebung.
Nama Tionghoa
Hanzi tradisional:
Hanzi basajan:
Ngaran Jepang
Kanji: 竹の子 or 筍
Kana: タケノコ
Ngaran Koréa
Hangul: 죽순, 대나무싹
Ngaran Nepali
Nepali: तामा (Tama)

Iwung ka asup sélér awi, bitung, gombong jsté, anu kakara nongtot tina taneuh.[1] Tumuwuhna iwung dibagian rungkun awi jeung biasana dipinuhan ku glugut anu matak ateul.[2] Iwung bentukna kurucut, unggal sisina miboga bagian saperti congo daun awi tapi warna coklat.[2] Di musim hujan mangrupa panéna iwung, antara bulan Désémber nepi ka Pébruari.[2] Biasana iwung dipanén nalika jangkungna geus 20 cm tina permukaan taneuh, dengan diameter batang sekitar 7 cm.[2] Lamun elat panén dina 2 nepi ka 4 bulan, iwung bakal jadi tangkal awi.[2] Biasana iwung anu dialak téh nya éta iwung anu ngora (awi ngorana).[2] Henteu sakabéh iwung anu jadi bisa jadi awi.[2] Ilaharna iwung anu karék saminggu jadina osok teu tumuwuh deui nu tungtuna maot.[2]

Rupa-rupa Iwung[édit | sunting sumber]

Teu sakabéh jinis iwung ngeunah didahar.[2] Aya sababaraha jinis iwung anu rasana pait, jeung teu sakabéh iwung bisa diolah jadi pasakeun.[2] Awi jinis apus mangrupa salah sahiji jinis awi anu teu bisa diolah jadi pasakeun, alatan rasana pait.[2] Jinis iwung anu ngeunah rasana nya éta iwung konéng, rampal atawa suling, ori, jeung ater.[2] Iwung bitung miboga rasa anu paling ngeunah.[2] Iwung ieu warnana coklat jeung subang (sisina kelopak) dina congona warna bungur.[2]

Kandungan giji dina Iwung[édit | sunting sumber]

Senyawa utama dijero iwung nya éta cai, sakitar 91 persén.[3] Salain ti éta iwung ogé miboga kandungan protéin, karbohidrat, lemak, vitamin A, thiamin, riboflavin, vitamin C, sarta mineral séjéna saperti kalsium, fosfor, beusi, jeung kalium.[3] lamun dibandingkeun jeung sayuran nu laina kandungan protéin, lemak, jeung karbohidrat dina iwung henteu jauh béda.[3] Iwung miboga kandungan kalium anu loba.[3] Kadar kalium per 100 gram iwung nya éta 533 mg.[3] Kadaharan anu sarat Makanan kalium, nya éta minimal 400 mg, bisa nyingkahan résiko ''stroke''.[3] Kandungan serat pangan dina iwung nya éta 2,56 persen, leuwih loba tibatan sayuran seperti kadelé (1,27 persen), pécay (1,58 persen), bonténg (0,61 persen), jeung sawi (1,01 persen).[2] Serat pangan (dietary fiber) osok dibongbolérkeun pikeun paktor penting dina giji manusa ku sabab henteu ngahasilkeun énérgi.[2] Salain ti éta, kakurangan serat moal ngabalukarkeun spesifik, saperti kakurangan zat-zat giji.[2]


catetan[édit | sunting sumber]

  1. [Danadibrata,R.A.(2006).Kamus Basa Sunda.Bandung: Kiblat Buku Utama.
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p q Sejuta MANFAAT REBUNG (Dicutat tanggal 16 November 2011)
  3. a b c d e f Kandungan Giji Rebung Bambu (Dicutat tanggal 16 November 2011)