Jambé

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Jambé
Lukisan ti Koehler
Klasifikasi ilmiah
Kingdom: Plantae
Division: Magnoliophyta
Class: Liliopsida
Order: Arecales
Family: Arecaceae
Genus: Areca
Species: A. catechu
Ngaran binomial
Areca catechu
L.

Jambé nyaéta sarupaning tuwuhan palem anu tumuwuh di wewengkon Pasifik, Asia sarta Afrika bagian wétan. Jambé ogé mangrupakeun ngaran buah nu dihasilkeunana anu dijualbeulikeun ku jelema. Rupa-rupa ngaran ieu tuwuhan dumasar wewengkonna ti antarana nyaéta pineung (Acéh), pining (basa Batak Toba), penang (basa Madura), jambé (basa Sunda jeung basa Jawa), bua, ua, wua, pua, fua, hua (rupa-rupa basa di Nusa Tenggara jeung Maluku) sarta sagala rupa sebutan séjénna. [1]

Dina basa Inggris ieu tuwuhan dipikawanoh minangka Betel palm atawa Betel nut tree, sarta ngaran ilmiahna nyaéta Areca catechu.

Gabaran[édit | sunting sumber]

Tangkal jambé. Benggala kulon, India

Tangkal lempeng, bisa ngahontal jangkung 25 m kalawan diaméter leuwih kurang 15 cm, sanajan aya ogé anu leuwih badag.

Palapah daun ngawangun silinder kalawan panjang 80 cm, gagang daun pondok; heulayan daun panjangna nepi ka 80 cm, anak daun 85 x 5 cm, jeung tungtungna soéh sarta rérégéan.

Kembang mecenghul sahandapeun daun, panjangna leuwih kurang 75 cm, kalawan gagang nu pondok nyabang rangkep, sumbu tungtung nepi ka panjang 35 cm, kalawan 1 kembang bikang dina puhu, di luhurna réa kembang jalu nu kasusun dina 2 jajar anu nanceb dina alur. Kembang jalu panjangna 4 mm, warnana bodas konéng; benang sari jumlahna 6. Kembang bikang panjangna leuwih kurang 1,5 cm, warnana héjo.

Buah jambé buleud endog tibalik nu manjang, beureum jingga, panjangna 3,5 - 7 cm, kalawan dinding buah anu ngandung tapas (serabut). Sikina 1 sarta bentukna jiga endog, sarta ngabogaan gambaran kawas kecrik.[2]

Di pulo Jawa, jembé tumuwuh nepi ka jangkungna 1.400 m luhur beungeut laut lbl.

Pamangpaatan[édit | sunting sumber]

Buah jambé anu asak

Pinang utamana dipelak pikeun dimangpaatkeun sikina, anu di dunya Barat mah dipikawanoh minangka betel nut. Siki ieu dipikawanoh minangka salah sahiji campuran dina seupahan seureuh, sajaba ti gambir jeung kapur.

Siki jambé ngandung alkaloida, contona kawas arekaina (arecaine) jeung arekolina (arecoline), anu saeutikna boga sipat racun sarta adiktif, bisa ngarangsang uteuk. Sasadiaan simplisia siki jambé di apoték ilahar dipaké pikeun ngubaran kasakit cacingan, utamana pikeun nungkulan cacing pita. [3] Samentara éta, sawatara rupa jambé sikina ngabalukarkeun rasa lieur lamun digayem. Zat séjén anu dikandung ku ieu buah ti antarana arecaidine, arecolidine, guracine (guacine), guvacoline sarta sawatara unsur séjénna.

Sacara tradisional, siki jambé dipaké dina ramuan pikeun ngubaran kasakit diséntri, diaré getih, sarta kudisan. Siki ieu ogé dimangpaatkeun minangka panghasil zat pawarna beureum sarta bahan panyamak.[4]

Pakebonan jambé di Taiwan

Akar jambé wanda jambé hideung, di mangsa katukang dipaké minangka bahan racun pikeun nyingkirkeun satru atawa jalma anu henteu dipikaresep. Palapah daun anu kawas silinder dipaké pikeun pamungkus kuéh sarta kadaharan lianna.

Tankal jambé mindeng dijualbeulikeun, utamana di dayeuh-dayeuh badag di pulo Jawa dina nyanghareupan paraya kamerdikaan 17 Agustus, minangka parabot pikeun pasanggiri panjat pinang. Sanajan rada kurang awét, kai jambé anu kolot ogé dimangpaatkeun pikeun bahan pakakas atawa pager. Tangkal jambé kolot anu dibeulah sarta dipiceun tengahna dipaké pikeun nyieun talang atawa parigi cai.

Jambé ogé mindeng dipelak di luar atawa di jero rohangan, minangka tangkal hias atawa ornamén.

Padagangan[édit | sunting sumber]

Buah jambé anu masih ngora dina tangkalna

Ayeuna siki jambé geus jadi komoditas dagangan. Ékspor ti Indonésia ditujukeun ka nagara-nagara Asia kidul kawas India, Pakistan, Bangladés, atawa Népal. Nagara-nagara pangékspor jambé utama nyaéta Indonésia, Thailand, Malaysia, Singapura, jeung Myanmar.

Siki jambé anu didagangkeun utamana nyaéta anu geus digaringkeun, dina kaayaan gembleng (buleud) atawa dibeulah. Di nagara-nagara importir kasebut siki jambé dikokolakeun jadi sarupaning peremén.

Budaya[édit | sunting sumber]

Gambar:Sukuh-relief02.jpg
Tangkal jambé (tengah) di Setra Gandamayit, tempat cicingna Batari Durga (mawa pedang). Relief Candi Sukuh ti abad ka-15.

Jambé geus kacida lilana jadi bagian kahirupan sapopoé masarakat Indonésia. Réliéf dina Candi Borobudur sarta Candi Sukuh, duanana béda waktu kira-kira dalapan abad, mintonkeun tangkal jambé sacara écés.

Jambé ogé jadi bahan babasan, nyaéta:

   
Jambé
Jiga jambé dibeulah dua
   
Jambé

Nyaéta misil anu mindeng dipaké pikeun némbongkeun beungeut atawa laku-lampah anu sarupa.

Kecap (Basa Sunda) jambé ogé dipaké ngaran wewengkon di Sukabumi, Tangerang, Subang, sarta Indramayu.

Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. Heyne, K. 1987. Tumbuhan Berguna Indonesia, jil. 1. Yay. Sarana Wana Jaya, Jakarta. Kaca 460-465.
  2. Steenis, CGGJ van. 1981. Flora, untuk sekolah di Indonesia. PT Pradnya Paramita, Jakarta. Kaca 141.
  3. Sutrisno, R.B. 1974. Ihtisar Farmakognosi, édisi IV. Pharmascience Pacific, Jakarta. Hal. 155.
  4. Heyne, K. 1987. Tumbuhan Berguna Indonesia, jil. 1. Yay. Sarana Wana Jaya, Jakarta. Kaca 460-465.

Tumbu ka luar[édit | sunting sumber]