Jean-Baptiste Biot
Jean-Baptiste Biot Lahir tanggal 21 Maret 1768 di Auxere, Perancis.[1] Anak saurang tukang jait, ti istri kadua anu méré anjeunna salosin anak. Joseph nyaéta anak ka salapan.[1] Indungna tilar nalika anjeunna umur 9 taun disusul ku bapana sataun ti harita.[1] Ieu anak pahatu-lalis tétuuy diasuh ku uskup di Auxere kalawan biaya anu ditanggung ku saurang awéwé ménak anu katarik ku kasopanan jeung laku-lampah éta budak.[1] Éta uskup tétuluy ngirim Fourir ka Ecole Royale Militaire di Auxere.[1] Ti dinya pisan kakara kapanggih yén ieu budak téh jenius.[1] Umur 12 taun anjeunna nulis kotbah anu baris dibawakeun ku pastur pikeun garéja di Paris jeung kota gedé liana.[1]
Ngaran Fourier salawasna idéntik jeung dérét Fourierna anu pohara kawentar.[1] Kurva sinusoid anu digambarkeun make géométri kartesian réa mangpaatna pikeun pamekaran goniométri umumna jeung matématika hususna.[1] Téori ngeunaan panas mangrupa panaratas Fourier dina widang ieu saméméh dituluykeun ku Lord Kelvin.[1]
Cahaya nyaéta topic anu mindeng dibahas ku Biot, ngajadikeun ha lieu jadi hiji timuan gedé dina polarisasi rotary ku awak crystalline.[2] Sabada nimukeun ieu hukum, anjeunna make éta hukum pikeun nganalisis solusi sakarin maké alat anu disebut polariméter anu diciptakeun ku anjeun.[2] Pikeun ieu pagawéan dina polarisasi cahaya ngaliwatan larutan kimia anjeunna dilélér Medali Rumford ti Royal Society of London dina taun 1840.[2] Anjeunna dipilih jadi anggota asing ti Royal Society taun 1815.[2]
Sumber [édit]
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |