Kérsen

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Kérsen
Tangkal kérsen
Klasifikasi ilmiah
Kingdom: Plantae
Division: Magnoliophyta
Class: Magnoliopsida
Order: Malvales
Family: Muntingiaceae
Genus: Muntingia
L.
Species: M. calabura
Ngaran binomial
Muntingia calabura
L.

Kérsen nyaéta ngaran sarupaning tatangkalan sarta buahna anu leutik jeung amis. Di sawatara wewengkon, kawas di Jakarta, buah ieu ogé dingaranan céri (pikeun buah séjénna nu ngaranna ceri, tempo dina: céri).

Ngaran-ngaran séjénna pikeun buah ieu di sawatara nagara nyaéta: datiles, aratiles, manzanitas (Filipina), mât sâm (Viétnam); khoom sômz, takhôb (Laos); takhop farang (Thailand); krâkhôb barang (Kamboja); sarta kerukup siam (Malaysia).

Kérsen ogé dipikawanoh minangka capulin blanco, cacaniqua, nigua, niguito (basa Spanyol); Jamaican cherry, Panama berry, Singapore cherry (Inggris) sarta ngaran anu henteu merenah, Japanse kers (Walanda), anu tuluyna dicokot jadi kersen dina basa Indonésia. Ngaran ilmiahna kérsen nyaéta Muntingia calabura L.

Lukisan kérsen nurutkeun F.M. Blanco, Flora de Filipinas
Kembang kérsen, muncul di antara dangdaunan
Petétan kérsen tuwuh dina beulahan lanté trotoar


Hasil, ékologi sarta sumebarna[édit | sunting sumber]

Buah kérsen dipikaresep utamana ku barudak, manuk sarta cocodot. Barudak sakola mindeng naékkan tangkalna, ninggalkeun tapak mangrupa régang anu parotong sarta kulit tangkal anu terkelupas. Buah ieu ogé bisa dijadikeun selé. Di Méksiko, buah kérsen dijual di pasar.

Kai kérsen beyé sarta gampang garing, pohara kapaké pikeun suluh. Kulit kaina anu gampang dipesék dipaké jadi bahan tali sarta lawon pamuntel. Daunna bisa dijadikeun sarupaning entéh.

Manuk-manuk nu ngahakan buah, kawas kumpulan merbah jeung manuk cabé, mindeng ngadatangan tangkal ieu dina wanci beurang pikeun ngadahar buah atawa sari buahna anu amis. Dina waktu poék, giliran rupa-rupa kalaong buah anu datang kalayan tujuan anu sarua. Siki kérsen henteu tercerna ku manuk sarta cocodot, alatan éta dua golongan sato ieu sakaligus boga guna jadi penyebar siki kérsen.

Tangkal kérsen hususna kapaké pikeun tangkal pangiuh di sisi jalan. Tangkal nu leutik ieu mimitina mindeng tumuwuh jadi patétan liar di sisi jalan, kamalir, atawa mecenghul di tengah beulahan témbok lanté atawa pager, sarta tungtungna tumuwuh kalawan gancang. Ku sabab éta pisan tangkal kérsen sakapeung kapanggih di wewengkon pakotaan anu ramé sarta padet, di sisi trotoar sarta lahan parkir, di sisi walungan anu henteu kaurus atawa di tempat-tempat anu biasana garing dina waktu nu lila.

Alatan sipat-sipat sarta daya tahanana éta, kérsen jadi salasahiji tutuwuhan panaratas anu pangréana kapanggih di wewengkon padumukan manusa di wewengkon tropis. Asalna ti Amérika tropis (Méksiko kidul, Karibia, Amérika Tengah nepi ka Peru sarta Bolivia), kérsen dibawa asup ka Filipina dina ahir abad-19, sarta tuluy kalawan gancang nyebar di sakumna wewengkon tropis Asia Tenggara.

Bahan bacaan[édit | sunting sumber]

  • Steenis, CGGJ van. 1981. Flora, pikeun sakola di Indonésia. Pradnya Paramita, Jakarta.
  • Verheij, E.W.M. sarta R.E. Coronel (eds.). 1997. Asal Daya Nabati Asia Tenggara 2: Buah-buahan anu bisa dimakan. PROSEA – Gramedia. Jakarta. ISBN 979-511-672-2.

Tumbu ka luar[édit | sunting sumber]