Kabaya

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Kabaya Nini

Kabaya mangrupa baju awéwé nu leungeunna panjang, bagian handapna nepi ka puhu bitis, bagian hareupna dipanitihan, bagian luhur dilipet nepi ka jadi kerah kabaya Bandung anu surawé (lipetan kerah) nepi kana dada, bagian handapna anu di tukang mah pondok, sarta anu di hareupna panjang, kadua tungtung (kénca-katuhu bajuna ditalikeun sangkan nutupan bujal, dipaké ku awéwé nu digawé di sawah atawa di kebon.[1] Kabaya Kartini anu contona surawé, pola nu digunakeun biasana nepi ka handap, bagian handap palebah tukang jeung hareup panjangna téh sarua (rata).[1] Kabaya Kartini biasana maké tisi atawa hiasan saperti muté atawa karpatu, mimitina bagian beuheung anu ngaliwatan dada nepi ka bagian handap.[1] Sapanjang bagian handapna dihiasan ku bola emas atawa nu sarupa jeung éta.[1] Baju kabaya biasana dipaké jeung samping kebat, gelung, selop, atawa kelom geulis di mangsa nu heubeul, tapi dina kamekaranana mah maké selop anu jangkung atawa anu jéngké.[1] Kabaya ayeuna bisa dipaké dina acara kawinan, utamana kabaya Bandung anu modelna buntung (leungeunna satengah).[1]

Étimologi[édit | sunting sumber]

Kabaya asalna ti basa Arab 'kaba' anu hartina 'pakéan' sarta diwanohkeun ngaliwatan basa Portugis sabot maranéhanana badarat di Asia kidul-wétan.[2] Kecap kabaya dihartikeun minangka rupa pakéan (kaluhuran/kaméja awéwé) mimiti anu dipaké ku awéwé Indonésia dina abad ka-15 atawa ka-16 Masehi.[2] Samentara èta, nu séjénna ogé percaya, kabaya aya pakait jeung pakéan tunik awéwé dina mangsa kakaisaran Ming di Cina, sarta pangaruh ieu sumebarna sanggeus imigrasi gegedéan nu maluruh semenanjung Asia Kidul jeung Asia Kidul-wétan di abad ka-13 nepi ka-16 Maséhi.[2] Pangaruh ieu terus sumebar ka Malaka, Jawa, Bali, Sumatera, jeung Sulawesi.[3] Leupas ti asal usulna saperti Arab, Portugis, atawa Cina, yén sumebarna émang ti lebah kalér Kapuloan Indonésia.[2] Hartina, nagara-nagara anu kaliwatan ku jajahan kawas Arab, Portugis, sarta Cina, bisa jadi ngabogaan vérsi kabayana sorangan, nu ahirna Jawa jadi udagan sumebarna alatan teu kapanggih tapakna deui di kapuloan Pasifik Kulon atawa semenanjung kalér Australia.[2] Masarakat Jawa, basa éta leuwih mikawanoh lawon panjang, tinun, tali, sarta kekemben minangka pakéan sapopoé. Aya ogé anu boga pamadegan yén di mangsa ieu kabaya kawates dipaké di golongan karajaan waé.[2] Hanjakalna, bukti-buktina pohara héngkér.[2] Lawon nu bahanna ramat alam di nagari tropis kawas Indonésia gampang pisan ancur alatan beueus, kaayaan hawa, nepi ka mikroorganisme nu ngadaharna.[2] Bukti anu henteu bisa disebutkeun kuat nyaéta arca-arca sarta rélief anu ditatah, lolobana dina wangunan kuno abad ke-13 nepi ka-15.[2] Tapi, euweuh pola atawa gambaran asli anu ngajelaskeun ayana kabaya di mangsa harita.[2]

Kamekaran Kabaya di Indonésia[édit | sunting sumber]

  • Abad ka-15

Kamekaran kabaya raket ogé patalina jeung sumebarna agama Islam di Indonésia nu kira-kira di abad ka-15.[3] Parobahan budaya pakéan katempo dina kamekaran karajaan-karajaan Jawa kuno ka jaman kasultanan atawa karajaan Islam di Pulo Jawa.[3] Saméméh abad ka-15, masarakat Jawa kuno leuwih wnoh kana lawon panjang, tinun, tali, atawa kekemben.[3] Kaislaman pohara kuat mangaruhan kamekaran kabaya di mimiti-mimiti kamekaranana.[2] Awalna kabaya téh mangrupa kaluhuruan panjang ngawangun tunik basajan anu nyodor ti beuheung nepi ka tuur (baju kurung).[2] Hal ieu ngingetkeun urang baris abaya sarta kabaya Malayu.[2] Pakéan kawas kieu saolah-olah ngésérkeun kekemben tradisional.[2] Di sawatara tungtung Indonésia komo bisa kapanggih awéwé anu katémbong tampa kaluhuran naon waé (Bali, Lampung, Jawa).[2] Kabiasaan pakéan macem éta ogé milu kaéserkeun, cacak dina sawatara acara adat kudu papakéan kawas kitu deui, utamana di Bali.[2]

  • Abad ka-16

Di taun 1600, kabaya dipaké sacara resmi ku kulawarga karajaan.[3] Sanggeus sumebarna agama Islam, kabaya jadi pakéan nu kasohor, ogé jadi ciri kaayaan hiji jalma.[3] Dokuméntasi heubeul Karajaan Islam Cirebon, Surakarta, atawa Yogyakarta némbongkeun yén maké pakéan ieu jadi bagéan kulawarga karajaan.[3] Kaluhuran kabaya biasana digabungkeun jeung samping batik, salaku jarit atawa kahandapan. Di jaman Kartini, kabaya sorangan ogé dipaké ku awéwé Walanda nu sarua digabungkeun jeung samping batik.[3]

  • Jaman Jajahan Walanda-Jepang

Mangsa jajahan Walanda, kabaya dipaké pakéan resmi awèwè Éropa.[3] Harita, kabaya ngan ukur maké lawon tinunan mori nu satuluyna ditambahan maké sutera jeung sulaman nu warna warni.[3] Pakéan ieu oge disebut "Nyonya Kabaya" ku jalma-jalma katurunan ti Malaka.[3] Kabaya Nyonya ieu téh éndah parat, blus bordir nu dipaké sapasang jeung sarung batik ku awéwé katurunanna.[4] Awalna, kabaya dipaké kalayan sarung sarta kaos alus nu aya mutéan, nu mindeng disebut "Kasut Manék" nepi ka ngalaman parobahan.[3] Hiji garmén anu sarupa disebut "Nyonya kabaya" dijieun mimitina ku jalma-jalma katurunan ti Malaka.[4] Maranéhna maké kabaya sarta sapatu, manik-manik, sarung, anu disebut kasut manék téa.[4] Ayeuna, kabaya Nyonya baris ngaliwatan jaman kawangunan rohani, sarta jadi kasohor di golongan masarakat nu séjén Asia.[4] Di abad ka-19, kabaya geus jadi pakéan sapopoé pikeun maluruh kelas sosial, rék awéwé Jawa atawa katurunan Walanda. Kabaya ogé kungsi jadi pakéan wajib awéwé Walanda nu hjrah ka Hindia (sebutan Indonesia jaman harita).[3] Kabaya ogé kungsi ngalaman turun darajat dina mangsa jajahan Jepang, sabot jaman harita kabaya dihartikeun salaku pakéan nu dipaké ku kaom pribumi nu ditahan jeung pagawé paksa di jaman harita.[3]

  • Jaman Kamerdékaan

Di jaman kamerdekaan, kabaya jeung batik jadi ciri pajoangan sarta nasionalisme.[3] Ajén sarta kalungguhanana naék jeung deui dijadikeun pakéan di acara-acara resmi atawa kanagaraan.[3] Kabaya ngabogaan harti ngirut haté, éndah, sarta nu ningali bisa kapincut.[3] Leupas ti sajarah naék jeung turunna kabaya, kamekaran kabaya sorangan téh loba pisan jenisna.[3] Ayeuna kabaya lain ukur dipaké acara resmi hungkul.[3] Loba desainer nu ngalakukeun parobahan ku cara ngagabungkeun kabaya jeung kahandapanna, aksesorisna, atawa corak nu leuwih leupas.[3] Kabaya ogé lain ukur dipaké ku golongan ibu-ibu, tapi leuwih lega ogé pikeun budak awéwé nu ngora.[3] Jenis kabaya pang lobana dipaké nyaèta di Kapuloan Jawa sarta Bali, bisa kasampak disusud kabaya dipake di Jawa, sarta ti ahir abad 19 nepi ka mimiti abad ka-20 sarta saterusna.[5] Lahirna kabaya-kabaya jieunan Anne Avantie, Marga Alam, Adjie Notonegoro, Biyan Wanaatmadja, Sebastian Gunawan nepi ka desainer-desainer ngora kawas Priyo Oktaviano, Rusly Tjohnardi, Ferry Sunarto sarta loba deui bukti parobahan kabaya éta.[2] Kabaya jieunan désainer-désainer tadi asup ka sabudeureun lokal sarta bisa asup ka bawahan internasional.[2] Pagelaran-pagelaran pola-pola kabaya nu paunggul-unggul, kritik, sarta pupujian méré akibat anu pohara ngawangun.[2] Kabaya kiwari leuwih ti saukur identitas, kabaya ogé hiji komoditi sarta jati diri bangsa Indonésia.

Kalungguhan Kabaya di Indonésia[édit | sunting sumber]

Kabaya mangrupa hal nu bisa ngawujudkeun cita-cita nu tangtu tina 'feminitas' dina kasadaran basa Indonésia.[5] Minangka pilihan pakéan nasional awéwé, salila éra Soékarno taun 1940, kabaya geus mucunghul pikeun idéntitas awéwé nu tangtu tina ajén tradisional.[5] Kartini geus lila jadi simbol émansipasi awéwé di Indonésia nu geus jadi wawakil kabaya abad ka-19 "Proto-feminis" sosok Radén A. Kartini.[5] Dina miéling kahirupan Kartini, murid awéwé di sakumna Jawa sarta wewengkon séjén biasana sok maké pakéan tradisional, anu kaasup kabaya.[5] Dina pamakéan kabaya, bisa katempo pulitik multaneously anu ngawakilan 'kamajuan' sarta 'talari', maké kabaya téh nya éta minangka pilihan pakéan sapopoé pikeun générasi anu leuwih kolot ti awéwé kaom malarat dayeuh kolot sarta pilemburan di Jawa sarta Bali.[5] Tina sakabéh pakéan formal, kabaya ogé boga kagunaan minangka hiji bagian pikeun kagunaan séjen, kaasup upacara kawinan, wisuda, atawa upacara sipil séjénna, sarta awéwé nu digawé pikeun saragam gawéna di industri wisata sarta hotél. Kabaya ogé boga mangpaat tina sawatara éstétika, harti formulir, sarta pakakas pikeun éksplorasi dina konstruksi idéntitas budaya sarta parobahanna, hususna dina hubungan jeung aspék 'feminin'.[5] Ieu kasampak kumaha datangna 'feminitas' dina hubungan identitas budaya, pribadi sarta babarengan.[5] Kabaya Indonésia bisa unggul liwat siluet ultra feminin, kabaya teh gunana ngabunian awak awéwé, nyieunna aya cahya , pangawakan jadi ngadekok sampurna.[2] Kabaya can bisa kapanggih di tempat séjén, komo tempat-tempat anu dipercaya minangka cikal bakal kabaya kasebut mangaruhan Indonésia.[2] Kabaya bisa jadi baris geura-giru ngasupan kosa-kecap Inggris kawas batik sarta iket.[2] Lamun geus kitu, moal aya nu bisa ngobah kalungguhan kabaya di Indonésia.[2] Kabaya ngahontal kamulyaan seni anu pangluhurna di ieu nagari.[2]

Cara Maké Kabaya Awéwé Sunda[édit | sunting sumber]

  • Pakéan awéwé Sunda:[6]
  1. Samping Kebat
  2. Kutang
  3. Beubeur atawa angkin
  4. Kabaya
  • Cara Maké Kabaya:
  1. Samping Kebat: Samping Kebat (batik panjang),dibeberkeun di tukangeun awak, rata-rata dina cangkéng.
  2. Sisi tungtung sarung palebah katuhu dilipet ka palebah kénca nepi ka tengah cangkéng bagian hareup atawa nepi ka cangkéng palebah kénca
  3. Sarung ti palebah kénca dibeulitkeun ka palebah katuhu, tuluy ka tukang, ka hareup deui nepi ka tungtung sarung aya di tengah-tengah cangkeng bagian hareup, atawa di palebah katuhu hareup.
  4. Biasana mun aya di imah, panjang sarung dipakena ngan ukur nepi ka sawates tengah bitis.
  5. Lamun maké kutang, biasana maké kutang kurung
  6. Saterusna karék dipaké kabaya anu aya beulahanana di hareup.[6]

Galéri[édit | sunting sumber]

Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. a b c d e f (id)Rosidi,Ajip.dkk.Ensiklopedi Sunda:Alam,Manusia,dan Budaya.Pustaka Jaya.Jakarta.2000.
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x (id)Kabaya (Diaksés tanggal 27 September 2011)
  3. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u (id)Pentasari,Ria. 2007. Chic In Kebaya. Jakarta:Erlangga Kaca. 13
  4. a b c d (en) Nyonya kabaya
  5. a b c d e f g h (en)Kalungguhan Kabaya (Diakses 27 Desember 2011)
  6. a b (id) DEPARTEMEN PENDIDIKAN DAN KEBUDAYAAN.Pakaian Tradisional Daerah Jawa Barat.1988.Kaca 40