Kabudayaan Sunda

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
urang sunda baheula

Budaya atawa kabudayaan asalna tina basa Sansekerta nya éta buddhayah, nu mangrupakeun wangun jamak tina buddhi (budi atawa akal) dihartikeun salaku hal-hal nu aya pakaitna jeung budi ogé akal manusa.[1] Dina basa Inggris, kabudayaan disebut culture, nu asalna tina kécap Latin “Colere’, nya éta ngolah atawa ngerjakeun.[1] Bisa dihartikeun ogé salaku ngolah tanah atawa tatanén.[1] Kécap culture ogé bisa dihartikeun salaku “kultur” dina basa Indonesia.[1] Kabudayaan didefinisikeun salaku sakabeh pangaweruh manusa salaku makhluk sosial nu digunakeun pikeun maham jeung ngainterpretasikeun lingkungan jeung pengalamanna, sarta jadi landasan dina tingkah-lakuna, ku kituna kabudayaan mangrupakeun sarangkaian aturan-aturan, pituduh-pituduh, rencana-rencana, jeung strategi-strategi nu ngawéngku sarangkaian model-model kognitif nu dipiboga ku manusa, jeung digunakeun sacara selektif Dina nyanghareupan lingkunganna sakumaha kawujudna dina tingkah-laku jeung tindakan-tindakanna.[1] Kabudayaan bisa didefinisikeun salaku sakabeh pangaweruh manusa salaku makhluk sosial nu digunakeun pikeun maham jeung ngainterpretasikeun lingkungan jeung pengalamanna, sarta jadi pituduh pikeun tingkah lakuna.[1] Hiji kabudayaan mangrupakeun kabogaan babarengan anggota dina masarakat atawa golongan sosial, nu sumebarna ka anggota-anggotanna jeung pewarisna ka generasi saterusna dilakukeun ngaliwatan proses belajar jeung ngagunakeun simbol-simbol nu ngawujud boh dina wangun ka ucap boh henteu (ka asup ogé sarupaning pakakas nu dijieun ku manusa).[1] Ku kituna, sakumna warga masarakat miboga pangaweruh ngeunaan kabudayaanna nu henteu sarua jeung anggota-anggota lianna, lantaran ku pengalaman jeung proses diajar nu beda jeung lantaran lingkungan-lingkungan nu disanghareupan teu salilana sarua.[1] Sedengkeun Sunda nya éta istilah pikeun idéntitas hiji séké sélér nu nyicingan utamana bagian kulon pulo Jawa (katelah Tatar Sunda atawa Pasundan, ngawengku propinsi Jawa Kulon, Banten, jeung bagian kulon Jawa Tengah), nyaéta urang Sunda, nu migunakeun basa Sunda salaku basa indungna katut kabudayaanana.[2]

Watak Urang sunda[édit | sunting sumber]

masarakat sunda

Saban bangsa ngabogaan etos, kultur, sarta budaya anu béda.[3] Tapi tong anéh lamun aya bangsa anu boga kahayang pikeun melakeun étos budayana ka bangsa séjén, alatan nyangka yén etos sarta kultur budaya ngabogaan kaonjoyan.[3] Kabiasaan ieu kasampak dina étos sarta kultur budaya bangsa urang, alatan dina sawatara dékadeu geus kahébos ku budaya bangsa séjén.[3] Arus modernisasi menggempur budaya nasional urang anu jadi jati diri bangsa.[3] Budaya nasional kiwari kasampak pohara kuna, komo aya generasi ngora anu éra diajarna, pangabisa ngawasa kasenian tradisional dianggap teu méré mangpaat.[3] Rasa bangsa beuki leungit, alatan budaya bangsa séjén leuwih kasampak di batan budaya sorangan, kaayaan ieu ogé lumangsung dina budaya Sunda, ku kituna urang Sunda kaleungitan jati dirina. [3] Pikeun nyanghareupan bangbalu dina kabudayaan Sunda, aya alusna urang ngaléngkah ka tukang tiheula.[3] Diajar, sarta ngumpulkeun keusik mutiara anu ambacak salila ieu, loba papatah anu kapopohokeun, alatan henteu kungsi kacaba ku nu bogana. [3] Hal ieu lantaran kuranna kahayang pikeun diajar , komo maranéhanana méré anggapan tinggaleun jaman.[3] Lamun ditalungtik, sabenerna pamor étika moral Sunda ngabogaan hasanah hikmah anu rongkah, hal éta kagambar liwat talarina.[3] Aya sawatara étos atawa watek dina budaya Sunda ngeunaan hiji jalan pikeun ngahontal tujuan hirup.[3] Sajaba ti éta, étos sarta watek Sunda ogé bisa jadi bekel kasalametan dina ngambah kahirupan di dunya ieu, diantarana waé nya éta aya lima, cageur, bageur, bener, singer, sarta pinter anu geus lahir kira-kira jaman Salakanagara sarta Tarumanagara.[3] Cageur, nya éta kudu cageur jasmani sarta rohani, cageur mikir, cageur boga pamadegan, cageur moral, cageur migawé sarta lalampah.[3] Bageur nya éta boh haté, nyaah ka sasama, loba méré pamadegan sarta kaidah moril nu hadé atawa materi, henteu korét, henteu émosional, boh haté, penolong sarta ikhlas ngajalankeun sarta mengamalkan, lain ngan dibaca boh diucapkan waé. Bener nya éta henteu bohong, henteu asal-asalan dina migawé pancén pakasaban, amanat, lempeng ngajalankeun ageman, bener dina mingpin, sarta henteu ngarusak alam.[3] Singer, nya éta mawas diri lain was-was, ngarti dina saban pancén, miheulakeun batur saméméh pribadi, ngahormatan pamadegan batur, pinuh kaasih nyaah, henteu gancang ambek lamun dikritik tapi ditengetan harti esensina.[3] Pinter, nya éta beunghar élmu dunya sarta ahérat, ngarti élmu ageman nepi ka dasarna, bisa nyaluyukeun diri jeung sasama, bisa ngedalkeun sarta ngabéréskeun masalah kalayan wijaksana, sarta henteu ngarasa singer sorangan bari nyudutkeun batur.[3]

Jawa Barat Minangka Wadah Kabudayaan Sunda[édit | sunting sumber]

tatar sunda

Sacara géografis Jawa Barat mangrupa tempat lahir jeung tumuwuhna kabudayaan sunda, Jawa Barat ogé mangrupa daérah kepulauan anu biasa dosebut kepulauan Nusantara. [2] Istilah éta dipaké dina abad ka 14 Masehi nya éta jaman Majapahit.[2] Daérah Jawa Barat anu tumuwuh minangka tempat urang sunda hirup miboga kamekaran anu tangtu dina sagala aspék saperti Téknologi(pakasaban), Sistem duduluran, Basa, Kasenian, Ageman, jeung élmu pangaweruh.[2]

Téknologi Urang Sunda dina Widang tatanén[édit | sunting sumber]

tatanen
teknologi dina tatanen modern
teknologi dina tatanen

Tatanén pikeun masarakat sunda lain hal anu anéh, sabab dina kabudayaan masrakat sunda pakasaban anu utama nya éta tatanén.[4] Tatanén geus tumuwuh mangabad-abad di masarakat sunda, ti mimiti jaman purba kabiasaan tatanén geus dilakonan ku masarakat sunda, sabab kaayaan alam anu nyadiakeun minangka kabutuhan pikeun neruskeun hirup harita.[4] Sakabéh kagiatan merlukeun atawa miboga pakakas husus, kitu deui dina widang tatanén. Pakakas nu dibutuhkeun téh diantarana :

  • Arit nya éta pakakas paranti ngala jukut atawa ngala paré, dijieunna tina beusi dicampur baja jeung kai minangka gagangna, wangunna saperti gaét tapi teu nguél teuing. Arit miboga pungsi pikeun ngababad semak-semak, alang-alang jeung jujukutan.Dina mimitian ngabuka lahan anyar, biasana ngagunakeun arit.[5]
  • Asahan mangrupa batu husus paranti ngasah sabangsaning péso, bedog, jsté.[5]
  • Aseuk, Wangun aseuk téh kai buleud panjang, méncos tungtungna, paranti ngaseuk, nyieun logak leutik keur melak sisikian saperti jagong, suuk, buncis, kacang jsb. Aseuk disebut ogé luju.[5]
  • Bakrik Mangrupa pakakas nu dijieunna tina awi anu diala katut jangkarna, dipaké pikeun gantar pangait, disadiakeun pikeun nulungan nu kahuruan, kaayeunaeun kakaitna sok dijieun tina beusi.[5]
  • Bawak, Bagian pacul nu ngahiji jeung gelungana (bagian seuseukeutna beunang dilaan upama rék diasah) .[5]
  • Bedog, Nya éta parabot paranti meulah atawa motongasabangsaning awi tawa kai jeung barang séjénna. Dijieunna tina beusi, pérah/ gagangna maké kai tawa ku aluminieum. Wangunna aya anu pondok aya ogé anu panjang. Wadahna disebut sarangka, anu dijieunna tina kai.[5]
  • Burujul, nya éta wuluku nu teu maké lanjam.[5]
  • Caplak, nya éta pakakas nu dipaké dina keur tandur, gunana pikeun ngaguratan taeuh supaya upama nancebkeun binih paré lempeng. Caplak téh dijieunna tina kai.[5]
  • Congkrang, mangrupa parabot paranti ngababad sabangsaning jujukutan atawa tatangkalan anu leutik, jeung sajabana. Dijieunna tina beusi gagangna tina kai atawa aluminieum. Waggunna rada panjang batan arit, bagéan luhurna melengkung.[5]
  • Étém, téh sabangsa péso nu diwangun husus paranti ngala paré raranggeuyan.[5]
  • Garpuh, nya éta pakakas tukang tani paranti ngaguarkeun taneuh.[5]
  • Garu, nya éta pakakas tukang tani, paranti ngajurkeun taneuh sawah sabada diwuluku, wangunna suga sisir carang, biasanna ditarik ku munding atawa sapi boh sarakit boh hiji.[5]
  • Halu, nya éta parabot paranti nutu, dijieunna tina kai anu buleud.[5]
  • Koréd, nya éta pakakas tani pikeun miceunan jujukutan di kebon, dijieunna tina beusi jeung waja, wangunna sarupa arit tapi dilengkungkeun.[5]
  • Kujang, mangrupa pakakas sabangsa bedog sok dipaké pakarang atawa nyacar pihumaeun ku Urang Sunda baheula, bisa dipaké ngadék jeung newek, kiwari dipaké lambang rupa-rupa organisasi kasundaan.[5]
  • Lalandak, nya éta parabot paranti ngarambét di sawah nu ditanduranana maké digarit (tandur jajar) . Disebut ogé géréndél atawa gilinding.[5]
  • Lisung, mangrupa pakakas paranti nutu paré, dijieunna tina kai, liangna dua nya éta liang buleud jeung ling pasagi opat panjang.[5]
  • Pacul, nya éta parabot paranti malikkeun taneuh di sawah, ngagali lobang, ngamalirkeun cai, ngaduk jsb. Seuseukeutna dijieun tina beusi atawa waja, gagangna tina kai nu diradabéngkokkeun sangkan gampang makéna.[5]

Sistem Dududuluran[édit | sunting sumber]

kulawarga

Urang Sunda ngagem sistem duduluran anu sipatna patental jiga urang Jawa.[2] Hartina urang sunda yakin ayana duduluran boh ngaliwatan dulur ti indung boh dulur ti bapa.[2] Sistem duduluran masarakat sunda, umumna sakum manusa di dunya aya disababkeun dua faktor nya éta turunan jeung ayana ritual nikah .[2] Nu pang pentingna dina tingkat hubungan duduluran urang Sunda dumasar bébédaan generasi tilu golongan.[2] Katilu golongan nu dimaksud nya éta (1) golongan sepuh, kolot, wong tuo anu ngawengku aki, nini, bapa, jeung ema, generasi anu tingkatanna leuwih luhur ti égo; (2) golongan sadulur, dina harti anu heureut, nya éta dulur saindung-sabapa, dulur téré (dulur saindung misah bapa atawa dulur sabapa misah indung), nu disebut lanceuk lamun umurna leuwih kolot jeung adi atawa rayi lamun umurna leuwih ngora.[2] Jadi sadulur téh hiji generasi jeung égo; (3) golongan anak, nya éta turunan égo, anak égo, lalaki atawa awéwé .[2] Sistem duduluran masarakat sunda anu dipikawanoh kiwari aya tujuh turunan, tapi sabenerna urang sunda baheula miboga salapan garis turunan nya éta anak, euncu, umpi, cicip, muning, anggasantana, kulasantana, pretisantana, jeung witwekas.[2] Kiwari sistem duduluran urang sunda leuwih dipikawanoh Pancakaki.[2] Pancakaki nya éta hiji sistem anu ngagambarkeun hubungan kulawarga.[2] Dina adat istiadat urang sunda, pancakaki téh ngabogaan dua harti.[5] Harti anu kahiji, pancakaki téh mangrupa perenahna jelema ka jelema deui, anu sakulawarga atawa anu kaasup baraya kénéh.[5] Upamana waé kumaha pancakaki si Dadap ka si Waru, naha kaasup indung, bapa, nini, aki, emang, bibi, anak, buyut, alo, suan, jsté.[5] Harti anu kadua pancakaki téh mangrupa papayan perenahna kabarayaan.[5]

Rundayan/Turunan

  • Ti luhur ka handap

-Bau Sinduk : Indung Bapana Gantung Siwur/Kait Siwur -Gantung Siwur/Kait Siwur : Indung Bapana Udeg-udeg -Udeg-udeg : Indung Bapana Janggawareng -Janggawareng : Indung Bapana Bao -Bao : Indung Bapana Buyut -Buyut : Indung Bapana Nini -Nini : Indungna indung/bapa -Aki : Bapana Indung/bapa -Indung : Indungna anak -Bapa : Bapana anak -Anak : Indung Bapana Incu -Incu : Anakna anak -Buyut : Anakna incu -Bao : Anakna buyut -Janggawareng : Anakna bao -Udeg-udeg : Anakna janggawareng -Gantung siwur/kait siwur : Anakna udeg-udeg -Bau sinduk : Anakna gantung siwur/kait siwur.[2]

  • Kagigir

-Adi : Dulur Sahandapeun -Lanceuk : Dulur Saluhureun -Emang : Adina Bapa/Indung (lalaki) -Bibi : Adina Bapa/Indung (awéwé) -Ua : Lanceuk Bapa/Indung -Alo : Anak Lanceuk -Suan : Anak Adi -Kapiadi : Anak Emang/Bibi -Kapilanceuk : Anakna Ua -Incu ti gigir : Incuna Adi -Aki ti gigir : Adina/Lanceukna Aki/Nini (lalaki) -Nini ti gigir : Adina/Lanceukna Aki/Nini (awéwé) -Ua ti gigir : Anakna Lanceuk Aki/Nini -Emang ti gigir : Anakna Adi Aki/Nini (lalaki) -Bibi ti gigir : Anakna Adi Aki/Nini (awéwé).[2]

  • Istilah anu Séjénna

-Adi Beuteung : Adina Pamajikan/Salaki -Dulur Sabaraya  : Dulur pisan, anakna emang/bibi jeung ua -Dulur Teges : Dulur enya saindung sabapa -Indung Téré : Pamajikan Bapa lain anu ngalahirkeun urang -Bapa téré : Salaki indung lain anu ngalantarankeun urang lahir -Anak Téré : Anak sampakan ti lalaki/pamajikan -Dulur Patétéréan : Anak indung/bapa téré -Cikal : Anak panggedéna -Pangais Bungsu  : Lanceukna bungsu -Bungsu  : Anak Pangleutikna -Baraya Laér : Baraya anu nurutkeun pancakaki geus jauh perenahna -Teu Hir Teu Walahir : Teu baraya saeutik-eutik acan -Bau-bau Sinduk  : Baraya kénéh sanajan geus laér -Dulur Pét ku Hinis : Dulur teges -Baraya : Sakur anu aya pancakakina -Karuhun : Luluhur, jalma-jalma anu kungsi aya lilaHeulaeun urang, anu ngarundaykeun urang -Bésan : Indung/bapana minantu -Minantu : salaki/pamajikan anak -Mitoha : Indung/bapana salaki atawa pamajikan -Dahuan  : Salaki atawa pamajikanna lanceuk.[2]

Basa Masarakat Sunda[édit | sunting sumber]

Grup tembang SambaSunda

Informasi pangkolotna ngeunaan basa jeung aksara nu dipaké di wilayah Kepulauan Nusantara, kalibet Tatar Sunda, aya dina prasasti ti abad ka-5 Masehi.[4] Dina éta abad digunakeun basa Sanksekerta jeung aksara Palawa pikeun nuliskeun sababaraha prasasti di Kalimantan Timur (Karajaan Kutai) jeung Tatar Sunda (Karajaan Tarumanagara).[4] Éta basa jeung aksara lain basa pituin diajangkeun pikeun nuliskeun dokumen resmi, henteu digunakeun pikeun komunikasi sosial.[4] Jaman Karajaan Galuh jeung Karajaan Sunda, prasasti jeung naskah ditulis ngagunakeun dua basa jeung dua aksara, nya éta basa jeung aksara Sunda kuna sarta basa jeung aksara Jawa kuna. Basa Sunda resmi diaku salaku basa nu madeg mandiri ti mimiti taun 1841, dicirikan ku ayana (terbitna) kamus basa Sunda nu munggaran (kamus basa Belanda-Melayu dan Sunda). Kamus éta diterbitkeun di Amsterdam, disusun ku T. Roorda, Sarjana basa timur, sedengkeun kandaga kecapna mah dikumpulkeun ku De Wilde. Tuluy Roorda ngajieun pernyataan : Tulisan déngdékIeu kamus aya mangpaatna, hususna ngarah leuwih apal kana basa anu nepi ka ayeuna kurangna pangaweruh jeung teu sampurna, basa anu dipaké di wewengkon Jawa wilayah barat (kulon), ku masarakat di dinya mah sok disebut Sunda atawa Sundalanden, basa nu dipaké di wilayah timur, béda jeung basa Jawa jeung Melayu, nya éta basa anu dipaké ku urang dengeun di kepulauan Hindia Timur. Basa Sunda salaku basa anu digunakeun dina pakumbuhan masyarakat, miboga sababaraha dialék gumantung daérahna, kayaning dialék Banten, Bogor, Parahyangan, jeung Cirebon. Alatan kitu, basa Sunda ogé mibanda basa anu maneuh dina hartian basa lulugu minangka basa penganteur atawa basa nu baku dina pengajaran atawa dina pakumbuhan nya éta basa nu aya di wilayah Priangan utamanya Bandung.[6] Dina basa sunda aya anu disebut undak-usuk basa anu mangrupa padodan pikeun basa masarakat sunda.[6] Undak-Usuk basa Sunda gumelar antara abad ka-18 atawa 19 nalika datang pangaruh politik Mataram jeung pengaruh ti basa Jawa Kuna.[6] Dina jaman harita, jaman urang dijajah Walanda, mémang dina pakumbuhan urang Sunda (cara pakumbuhan sakumna urang Indonesia) aya panta-panta sosial. [6] Dalah kalungguhan masing-masing jalma ogé béda-béda nurutkeun hukum, da aya hukum anu khusus jang urang Walanda katut urang Barat, aya hukum husus pikeun utang Timur asing (Cina, Arab, Keling jsté). [6] Ari urang pribumi jadi dadampar panghandapna. [6] Tapi ku lantaran jumlahna pangréana, masih kénéh dibagi-bagi deui kana panta-panta: ménak, santana, somah atawa cacah kuricakan.[6] Undak-usuk basa anu dijieun jeung diajarkeun dina abad ka-19 nepi ka awal ka-20, mémang luyu jeung kaayaan masyarakat Sunda harita anu dibagi dina tahap-tahap sosial.[6] Basa Sunda mibanda alat pikeun nuliskeunana nya éta aksara Sunda, ogé dieuyeuban ku Undak-Usukna anu digunakeun nalika nyarita anu diluyukeun jeung tempat, jalma anu diajak nyarita jeung anu dicaritakeunana minangka silih ajénan anatara papadana. [7] Tétéla geuning basa Sunda téh mangrupa basa anu madeg mandiri, basa anu tumuwuh di lingkungan masarakat Sunda, basa nu kudu dijaga, kudu diriksa jeung diraksa ku sakumna urang Sunda minangka salasahiji unsur budaya pikeun ngécéskeun yén “Basa Sunda Jati Diri Urang Sunda”.[7]

Élmu Pangaweruh Masarakat Sunda[édit | sunting sumber]

ramena bandung ngabuktikeun uga, Bandung heurin ku tangtung


Elmu nya éta kumpulan pangaweruh pikeun ngajawab pasualan dina kahirupan manusa. [8] Sedengkeun pangaweruh nya éta sakabéh hal anu dipikanyaho ngeunaan objek anu tangtu. [8] Gunana élmu pangaweruh nya éta pikeun alat dina ngabantu manusa nalika ngaréngsékeun masalah nu disanghareupan sapopoéna.[8] Teu sakabéh élmu pangaweruh bisa disebut élmu, sabab élmu mangrupa pangaweruh anu cara meunangkeunna téh kudu nyumponan sarat-sarat kalawan ngagunakeun metode ilmiah. [8] Élmu mimitina tina pangalaman manusa jeung rengse dina wates pangalaman manusa. [8] Dina masarakat sunda, aya anu istilah Pamali,Uga, Cacandran, jeung Kili-kila pikeun sawatara élmu pangaweruh masarahat sunda jaman harita.[8]

Pamali, mangrupa istilah Basa Sunda pikeun ngagambarkeun norma tradisi lokal.[8] Upama norma éta teu dilaksanakeun, mangka bakal aya balukarna.[8] Dina tradisi filsafat positif, pamali téh disawang teu asup akal, sabab pamali miboga harti nu teu logis.[8] Tapi dina jihat séjén pamali disawang pikeun hiji kaarifan lokal nu sabenerna miboga rasionalitasna sorangan nu aya patalina jeung étika.[8] Dihandap ieu aya conto-conto pamali nu bisa dipercaya ku urang atawa henteu :

  • Ulah lila teuing cicing di WC (Rohangan paranti mandi)

Sabab lamun urang lila teuing cicing di WC, mangka fisik urang kaciri leuwih kolot tibatan umur urang.[5]

  • Kabiasaan dahar petis dina waktu peuting

Sabab lamun urang dahar petis dina waktu peuting bakal ngabalukarkeun kateungeunahan haté, jeung lamun pikeun nu can kawin mah bakal hésé jodo, tapi pikeun nu geus kawin mah bakal paséa waé.[5]

  • Kebiasaan maké baju bari leumpang

Sabab bisa ngabalukarkeun cita-cita urang teu kalaksanakeun.[5]

  • Cicing dina lawang panto

Lamun urang cicing dina lawang panto, tangtu urang bakal hésé meunangkeun jodo.[5]

  • Mandi dina waktu beurang

Bisa ngabalukarkeun babari kolot.[5]

Uga jeung wangun séjén nu aya di sakuliah dunya, geus aya ti jaman baheula.[9] Hal ieu dumasar kana ungakara-ungkara anu aya dina ajaran agama jeung folklor anu aya di unggal nagara. [9] Dina agama Islam, uga disebut “nubuat” anu eusina mangrupa tujuman pikeun kahirupan kahareup.[9] Basa uga ditelahkeunana kana omongan anu méré béja piayaeun naon-naon kangeunahan atawa bancang pakéwuh (kasusahan) di ahir, tapi lain anu bangsa lahir, saperti kana tangkal cau, jaga bakal jantungan. Ieu jelema jagana bakal diruang; tapi kapakéna uga mah kanu moal kapanggih, tapi ku pikiran tahayulan jelema tangtu kapangih, ngan teu nyaho di urang kénéh atawa ku anak incu. [9] Nu matak ari aya nu rada sarupa jeung taksiran sok diaoromongkeun ‘geus tepi ka ugana’ atawa ‘samorong ceuk uga’.[9]

Ari conto-contona omongan baheula: Jaga mah, barudak, sajajalana disaungan. Béh karéta api.[9] Gancang carita béja, mun geus aya balabar kawat. Béh telegram.[9] Jaga mah, barudak, batu turun keusik naék. Béh anak somah naék pangkat, anak ménak teu pangkat.[9] Jaga mah, barudak, ngateuran ka nu digawé gé mawa kéjo dina iteuk, nandakeun angker gawé Béh nu dagang di pagawéan.[9]

Cacandran, nya éta carita luluhur nu ngagambarkeun kaayaan nagara jeung sajabana nu bakal dialaman, saperti cacandran masarakat sunda numutkeun kolot baheula geus ngomong yén “Sumedang ngarangrangan, galunggung ngadeg tumenggung, Sukapura ngadaun ngora, Bandung heurin ku tangtung, Cianjur katalajuran, Ciamis amis ku maneh, Banagara sor ka tengah ”. Hiji uga anu kawentar di Tatar Sunda. [9] Ari uga teh bisa jadi ramalan atawa prediksi, tapi, bisa jadi oge panggero pikeun sasadiaan sangkan ulah kajadian atawa ulah kasorang hal sakumaha anu digambarkeun dina uga. [9] uga anu tadi aya benerna, tapi aya oge teu benerna. Benerna, kusabab memang kabuktian, ayeuna Bandung heurin ku tangtung.[9] Malah lain wae keur anu masih hirup (anu masih bisa nangtung) heurin téh, dalah keur anu maot gé di sababaraha tempat geus heurin kacida. [9]Puluhan taun ka tukang di daerah Cicadas kungsi kajadian aya mayit dina pasaran anu rek ti imah ka masjid pikeun disholatkeun nepi ka kudu ngajebol hateup jeung kentengna, Kituna teh sabab lamun eta pasaran dibawa ngaliwatan panto sakumaha ilaharna moal bisa, da heurin téa jalan kaluar tina panto mah. [9] Anu bener deui: Cianjur. Memang eta kota/wewengkon ayeuna jadi rada tiiseun. [9] Sababna tangtu kulantaran geus aya jalan tol Purbaleunyi anu ngabalukarkeun lalar liwat kandaraan Bandung-Jakarta jeung sabalikna leuwih rame ngaliwatan eta jalan tol tinimbang ngaliwatan Cianjur. [9] Tapi, moal boa, prediksi "katalanjuran" teh oge pikeun ngingetkeun yen Cianjur bisa wae dicapluk ku DKI Jakarta dina konsep (anu dipaksakeun) megapolitan téa.[9]

Kila-Kila, nya éta totondén ti alam kana naon-naon anu bakal kajadian ku urang. [9] Jalma-jalma nu hirup tiheula saméméh urang nya éta kolot atawa karuhun urang leuwih dalit jeung alam. [9] Manusa miara alam nya kitu ogé alam miara manusa. [9] Nya salah sahijina ku ayana sasatoan anu méré totondén siga kieu téa. Cenah :

  • Sora manuk sit uncuing = bakal aya nu maot
  • Sora hayam jago lain wayahna = rék aya nu reuneuh
  • Sora manuk bueuk tengah peuting = bakal aya wanoja nu lalagasan tapi kakandungan alias reuneuh tapi acan kawin.
  • Sora manuk bebencé = Ceuk cenah lamun ngadéngé sora bebencé di lembur, tanda aya bangsat keur kukulamprengan neangan palingeun. Urang lembur kudu taki-taki, ulah saré tibra teuing
  • Aya kukupu hiber di jero imah = rék aya tamu
  • Ngimpi newak lauk = rek meunang duit
  • Kekenudan panon kenca = rek manggih kasedih
  • Kekenudan panon katuhu = rek manggih kabagjaan
  • Murag bulu mata = aya nu sono ka urang
  • Lamun panas ceuli = aya nu ngomongkeun.[9]

Ageman Masarakat Sunda[édit | sunting sumber]

SISTEM KAPERCAYAAN MULA-MULA Masarakat Sunda henteu kawas lolobana masarakat anu séjén, di mana masarakat Sunda henteu miboga mitos ngeunaan panyiptaan atawa mitos-mitos séjén anu ngécéskeun asal mula suku ieu.[10] Henteu saurang ogé weruh ti mana maranéhanana datang, ogé kumaha maranéhanana nyicingan di Jawa Barat. [10] Jigana dina abad-abad kahiji Masehi, sajumplukan leutik suku Sunda maluruh leuweung-leuweung gunung sarta ngalakonan budaya ngahuma pikeun muka leuweung.[10] Kabéh mitos pangmimitina ngomong yén urang Sunda leuwih pantes gawé ngahuma batan patani paré.[10] Ageman masarakat sunda baheula nya éta ageman pituin urang Sunda nya éta sunda wiwitan.[10] Sanajan mustahil pikeun nyaho sacara pasti kawas naon kapercayaan sunda wiwitan jeung iraha tumuwuhna, tapi numutkeun pitunjuk nu kapanggih dina puisi-puisi epik kuna (Wawacan) sarta suku Baduy nyebutkeun yén ageman maranéhanana nya éta Sunda Wiwitan [urang Sunda anu pang heulana].[10] Lain ngan suku Baduy anu ampir leupas ti elemen- elemen Islam (kajaba maranéhanana anu aya leuwih ti 20 warsih anu tuluy), tapi suku Sunda ogé nempokeun karakteristik Hindu anu saeutik pisan. [10] Kaayeunakeun masarakat sunda kiwari geus loba anu kapangaruhan ku agama islam malah ampir kabéh, tapi lain hartina ageman sunda wiwitan leungit.[10] Kiwari ageman sunda wiwitan dipaké ku sawatara masarakat sunda saperti masarakat baduy.[10] Iwal ti éta ageman anu masih hirup di masarakat sunda kiwari nya éta upacara-upacara asat saperti : sérén taun, pésta rakyat jsb.[10]

Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. a b c d e f g h R.A Darnadibrata, .Kamus Basa Sunda. Kiblat 2006. Bandung.
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p (id)Edi S Ekadjati. Kebudayaan Sunda Jilid 1. PT Pustaka Jaya. Jakarta 2005.
  3. a b c d e f g h i j k l m n o p (id)kasundaan.( diaksés tanggal 24 Oktober 2011)
  4. a b c d e (id)Edi S Ekadjati. Kebudayaan Sunda Jilid 2. PT Pustaka Jaya. Jakarta 2009.
  5. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa (id)Rachmat Taufiq Hidayat, spk. Peperenian Urang Sunda. PT Kiblat Buku Utama. Bandung 2005.
  6. a b c d e f g h Budi Rahayu.Kamus Undak-usuk Basa Sunda. Geger Sunten 2007. Bandung.
  7. a b Ajip Rosidi.Polemik Undak-usuk Basa Sunda. Mangle . Bandung 1987.
  8. a b c d e f g h i j James,danandjaja.Folklor Indonesia. Pustaka Utama Graffiti . Jakarta 2007.
  9. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u Edi S. Ekadjati.Masyarakat Sunda dan Kebudayaannya .Girimukti Pasaka. Jakarta 1984.
  10. a b c d e f g h i j (id)suku sunda (diaksés tanggal 26 Oktober 2011)