Kabupatén Bondowoso

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Kabupatén Bondowoso
80px

Lambang Kabupatén Bondowoso
Berkas:Locator_kabupaten_bondowoso.png

Peta lokasi Kabupatén Bondowoso
Motto Swasthi Bhuwana Krta
Propinsi Jawa Wétan
Ibukota Bondowoso
Lega Wilayah 1.560,10 km²
Kordinat {{{kordinat}}}
Pangeusi
 · Jumlah
 · Kapadetan
 
709.000 (2003)
454 jiwa/km²
Administratif
 · Kacamatan
 · Désa/kal
 
20
195
Dasar hukum -
Tanggal -
Bupati -
Kode area telepon 0332
DAU Rp. -

Situs web resmi: -

Kabupatén Bondowoso nyaéta hiji kabupatén di Propinsi Jawa Wétan, Indonésia. Ibukotana nyaéta Bondowoso. Kabupatén ieu wawatesan jeung Kabupatén Situbondo di kalér, Kabupatén Banyuwangi di wétan, Kabupatén Jember di kidul, sarta Kabupatén Probolinggo di kulon. Ibukota kabupatén Bondowoso aya di pasimpangan jalur ti Besuki jeung Situbondo nu ka Jemberkeun.

Daptar eusi

[édit] Geografi

Kabupatén Bondowoso bisa dibagi jadi tilu wewengkon: Wewengkon kulon mangrupa pegunungan (bagian ti Pegunungan Iyang), bagian tengah mangrupa dataran luhur sarta bergelombang, bagian wétan mangrupa pagunungan (bagian tina Dataran Luhur Ijen). Bondowoso mangrupakeun hiji-hijina kabupatén di wewengkon Tapal Kuda anu henteu ngabogaan gurat basisir.

[édit] Babagian administratif

Kabupatén Bondowoso diwangun ku 20 kacamatan, anu dibagi deui jadi 185 désa sarta 10 kalurahan. Puseur pamaréntahan di Kacamatan Bondowoso.

[édit] Nu nyicingan

Suku Jawa sarta Suku Madura nyaéta suku mayoritas anu cukup dominan di Bondowoso. Kalolobaan nu nyicingan boga pakasaban agraris.

[édit] Paekonomian

Tatanén sarta perkebunan nyaéta sektor perekonomian pangpentingna kabupatén ieu. Bondowoso ngabogaan pabrik gula di Prajekan. Industri karajinan kuningan perenahna di Désa Jurang Sapi, Wonosari.

[édit] Pariwisata

Objek wisata andelan Bondowoso nyaéta Agrowisata Kawah Ijen anu perenahna 70 km arah tenggara dayeuh Bondowoso. Sajaba ti midangkeun pesona kawah, réa obyek wisata séjén di sakurilingna, diantarana Curug Kawah Wurung sarta Pemandian Damar Wulan.

[édit] Kadaharan has

Kadaharan has Bondowoso nyaéta peuyeum amis Bondowoso, anu umumna diwadahan bèsèk (anyaman tina awi nu ngawangun kotak).

Citakan:Kabupatén Bondowoso

Parabot pribadi
Spasi ngaran

Varian
Peta
Pituduh
Kotak parabot
Dina séjén basa