Kabupatén Cianjur

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Kabupatén Cianjur
Lambang Cianjur.jpg

Lambang Kabupatén Cianjur
Locator kabupaten cianjur.png

Peta lokasi Kabupatén Cianjur
Motto Sugih Mukti
Propinsi Jawa Barat
Ibukota Cianjur
Lega Wilayah 350.148 km² [1]
Kordinat 106°42'-107°25' BT jeung 6°21'-7°21' LS [2]
Pangeusi
 · Jumlah
 · Kapadetan
 
2.168.514(2010)[3]
606 jiwa/km²
Administratif
 · Kacamatan
 · Désa/kal
 
30
348
Dasar hukum perda No. 27 tahun 1982, Lembaran daerah No. 4 tahun 1982 seri D tanggal 17 juli 1982[4]
Tanggal 12 Juli 1677
Bupati Drs. Tjetjep Muchtar Soleh, M.M.
Kode area telepon 0263 [5]
DAU Rp. 966.045.246.000,- (2011)[6]

Situs web resmi: http://www.cianjurkab.go.id

Kabupatén Cianjur nya éta salasahiji kabupatén di Propinsi Jawa Barat, Indonésia. Ibukotana nyaéta Cianjur. Kabupatén ieu wawatesan jeung Kabupatén Bogor jeung Kabupatén Purwakarta di lebah kalér, Kabupatén Bandung jeung Kabupatén Garut di beulah wetan, Samudra Hindia di lebah kidul, sarta Kabupatén Sukabumi di lebah kuloneunnana.

Babagéan Administratif[édit | sunting sumber]

Kabupatén Cianjur ngawengku 30 kacamatan, nu dibagi deui kana sababaraha désa jeung kalurahan. Pusat pamaréntahannana di Kacamatan Cianjur.

Topografi[édit | sunting sumber]

Gambar:Cianjur scenary.jpg
Héjo ngémploh pasawahan di pasisian Cianjur
Gambar:Cianjur scenary2.jpg
Gunung Gedé nu jadi tetengger wewengkon Cianjur

Wewengkon Cianjur umumna mangrupa pagunungan, iwal ti sabagian basisir kidul nu mangrupa dataran handap nu henteu lega. Walungan pangpanjangna nyaéta Walungan Cibuni anu ngamuara ka Samudra Hindia.

Lahan-lahan pertanian tutuwuhan pangan jeung hortikultura, peternakan, perikanan, perkebunan jeung kahutanan nyaéta sumber kahirupan pikeun masarakat Cianjur umumna. Éta kaayaan téh dirojong ku sakitu lobana walungan-walungan gedé jeung leutik anu bisa dimangpaatkeun minangka sumber daya pengairan lahan tatanén.

Tina lega wewengkon Kabupaten Cianjur 350.148 Ha, diantarana dimangpaatkeun pikeun hutan produktif jeung konsérvasi 83.034 Ha(23,71%), lahan tatanén baseuh 58,101 Ha (16,59 %), lahan tatanén garing jeung tegalan 97.227 Ha (27,76 %), lahan perkebunan 57.735 Ha (16,49 %), lahan ngangon/pakarangan 3.500 Ha (0,10 %), tambak/balong 1.239 Ha (0,035 %), lahan imah-imah/pakarangan 25.261 Ha (7,20 %) jeung lahan pikeun nu lianna 22.483 Ha (6.42 %)

Sajarah[édit | sunting sumber]

Mangsa Kuna[édit | sunting sumber]

Dina naskah-naskah Sunda kuna teu kacaturkeun ayana wewengkon anu ngaranna Cianjur ngan sahenteuna aya sababaraha patempatan di wewengkon Cianjur harita anu kiwari masih bisa dipikawanoh, diantarana Gunung Agung (Gunung Gedé), Citarum,Cisokan[7], jeung Ciranjang[8] [9]

Iwal ti patempatan kasebut, ogé aya hiji ruruntuk wangunan buhun di wewengkon pakidulan Cianjur nyaeta di kacamatan Agrabinta anu dianggap minangka ruruntuk hiji karajaan buhun. Ngeunaan hal ieu, dina naskah Pangéran Wangsakerta disebutkeun hiji wewengkon di lebah kidul karajaan Salakanagara Tanjung Kidul anu dayeuhna di Agrabintapura. Éta wewengkon téh dipingping ku salahsahiji adi Déwawarman, Raja Salakanagara, nayéta Swita Liman Sakti.[10] Agrabinta ogé disebutkeun dina naskah Wangsakerta minangka salah sahiji tina 44 wewengkon kakawasaan karajaan Tarumanagara nalika dipingpin ku Raja Wisnuwarman.[10]

Dalah ceuk saurang ahli arkéologi jeung kasajarahan Sunda buhun mah di Cianjur téh aya hiji situs nu mangrupa pangreureuhan pamungkas tokoh Bujangga Manik dina hirupna, nya éta di patempatan anu kiwari katelah situs Gunung Padang di wewengkon pakidulan Cianjur[11].

Sanajan kitu, ari situs Gunung Padang ceuk hasil panalungtikan sababaraha ahli arkéologi jeung géologi mah geus nyampak ti saméméh jaman Hindu-Budha[12], atawa kira-kira puluhan rébu taun ka tukang dina jaman mégalitikum. [12] Ieu hal téh ngandung harti yén mangrébu-rébu taun ka tukang di wewengkon anu kiwari disebut Cianjur téh geus aya kahirupan manusa kalawan boga pangaweruh luhur anu geus bisa nyieun wangunan sakitu agréngna, nu numutkeun hasil ngabanding-banding jeung situs sarupa di Asia Tenggara mah, ieu situs téh mangrupa situs mégalitikum panggedéna.


Citarum anu ngaliwatan Cianjur jadi wates nalika Sunda jeung Galuh papisah

Upama ditilik tina tapel wates wewengkon Cianjur kiwari lebah wétan nyaéta walungan Citarum, numutkeun katerangan nu kacatet dina Naskah Wangsakerta[10] Cianjur kungsi aya dina kakawasaan sababaraha karajaan Sunda-Hindu, diantarana karajaan Salakanagara, karajaan Tarumanagara, karajaan Sunda jeung karajaan Pajajaran. Ieu hal téh diwuwuhan ku bukti ayana sababaraha situs anu aya arcaan atawa ciri lian anu nandakeun kapercayaan Hindu-Budha harita di sababaraha pasir nu sumebar di wewengkon Cianjur kayaning situs Pasir Gada, situs Pasir Pogor, situs Gunung Putri, situs Kampung Kuta jrrd.[13].

Mimiti Ngadeg[édit | sunting sumber]

Red right arrow.svg
 Artikel utama: Sajarah Cianjur.
pendopo regent (Kabupaten) Cianjur taun 1915-1925

Taun 1529Talaga direbut ku Cirebon ti nagara Pajajaran, dina raraga nyebarkeun agama Islam. Ti harita rahayat Talaga loba nu ngagem agama Islam, tapi raja-rajana mah ngagem kénéh agama karuhunna, nya éta agama Hindu. Anapon raja-rajana téh nya éta:

Sunan Ciburang kagungan putra Aria Wangsa Goparana. Aria Wangsa Goparana téh nunagawitan lebet islam diantara kulawargana. Ku sabab teu disatujuan ku nu jadi kolot, kapaksa Aria Wangsa Goparana ninggalkeun karaton Talaga tuluy angkat ka Sagarahérang. Di dieu Aria Wangsa Goparana ngadegkeun nagari (sansk = Desa, Bld = negorij).

Ku sabab Talaga direbut ku Cirebon ti taun 1529, rahayat Talaga disebut ogé rahayat Cirebon. Ku kituna, daérah Sagarahérang rahayatna disebut rahayat Cirebon. Aria Wangsa Goparana tilar dunya dina tungtung abad ka ka-17, dimakamkeun di kampung Nangkabeurit, kacamatan Sagarahérang, kabupatén Purwakarta. Turunanana nya éta:

  1. Djayasasana,
  2. Wiradwangsa,
  3. Candramanggala,
  4. Santaan Kumbang,
  5. Yudanagara,
  6. Nawig Candradirana,
  7. Santaan Yudanagara, jeung
  8. Nyi Murti.

Aria Wangsa Goparana satuluyna nurunkeun katurunan nu mibanda gelar Wira Tanu jeung Wira Tanu Datar sarta rundayanana. Anakna nu ka-hiji, Djayasasana, sanggeusna sawawa ninggalkeun Sagarahérang ka Cijagang. Taya katerangan nu leuwih écés perkara pindahna Djayasasana. Tapi aya sababaraha data nu bisa dipaké pikeun ngira-ngira waktu pindahna Djayasasana, diantarana:

“Suatu cerita rakyat, yang diolah oleh Walbeehm, mengatakan bahwa atas perintah seorang raja dari Mataram batas sebelah barat harus dijaga terhadap banten (demikian juga Van Rees), yang menempatkannya pada masa Tegalwangi. Cerita lain dari Holle, mengatakan bahwa ketika sensus oleh Puspawangsa ternyata ada 1100 cacah dibawah pimpinan Wira Tanu, 200 diantaranya diperintahkan oleh Mataram pergi ke Cianjur untuk menjaga batas, dibawah pimpinan dari Cirebon.”

Katerangan di luhur dipairan ku de Haan kalayan alesan yén Cianjur harita mah can aya, aya dina sajarah sotéh taun 1678, nya éta dina surat bupati sumedang ka VOC (D.20 Januari 1678). Pamanggih de Haan kurang leuwih jiga kieu:

“Pemberian tahu yang pertama kali tentang Cianjur adalah D.20 Januari 1678 dalam surat bupati Sumedang: Mereka dari Cirebon telah menduduki pegunungan Cimapag dan pegunungan Cianjur…….”

Satuluyna de Haan nétélakeun:

“(………..adalah tidak mungkin bahwa disini yang dimaksud adalah didirikannya Cianjur, dimana tidak perlu dipikirkan sebagai kolonialisasi dari Ibu Kotanya, Cirebon.)”

Atra di dieu yén pamanggih de Haan museur kana dipakéna ngaran Cianjur. Ceuk pamanggih de Haan mah dipakéna ngaran Cianjur téh gurunggusuh teuing harita mah. Cianjur can aya dina sajarah. Tapi sok sanajan ngaran Cianjur can dipaké, lain hartina yén dina kanyataan Cianjur téh acan ngadeg. Bisa waé cianjur téh geus aya, ngan nu kacatet data sajarah beunang Walanda mah dina D.20 Januari 1678.

Nu perlu diperhatikeun ogé, yén de Haan teu méré pairan ngeunaan sensus nu dilaksanakeun ku Puspawangsa. Kunaon ieu sénsus téh dianggap penting? Ku sabab ku ayana sénsus Puspawangsa ka masarakat nu dipingpin ku Djayasasana, ngabuktikeun yén rahayat Djayasasana geus aya jeung matuh di; sebut waé daérah “X”, nalika dilaksanakeun sénsus. Jeung ieu sénsus téh diayakeun kurang leuwih taun 1655 di daérah “X”. Sakumaha de Haan nétélakeun:

“Ini mengingatkan perhitungan Puspawangsa tadi telah berlangsung setelah ada periode tenteram yang cukup di bawah Sunan Tegal Wangi:…………….terjadi pada masa Wiradadaha I.”

Dina katerangan di luhur, dé Haan ogé ngahaminan ayana kolonisasi rahayat Djayasasana, samalah numutkeun de Haan, meureun kolonisasi nu dimaksud téh lain ti Cirebon. Sunan Tegal Wangi nyepeng kakawasaan ti 1645-1677 jeung Wiradadaha I taun 16141674. Atuh saupama kitu mah sénsus Puspawangsa téh mémang lumangsung di daérah “X” dina taun + 1655.

Kaayaan Cianjur Jaman Priangan

Bisa dicindekkeun yén Djayasasana geus matuh di daérah “X” ti saméméh taun dilaksanakeunna sénsus taun 1655. hasil sénsus Puspawangsa nuduhkeun aya 1100 urang atawa + 300 umpi, mangrupa hiji kumpulan masarakat anu dina basa walanda disebutna volkgemeenschap kalayan Djayasasana minangka pingpinanana. Saréngséna diitung ku Puspawangsa, 200 rahayat Djayasasana diparéntah ku Mataram ngajagaan wates kulon. Senapatina Djayasasana. Ti harita Djayasasana disebut Wira Tanu, nu mibanda harti senapati. Rahayat (cacah)-na disebut ogé cacah Wira Tanu.

“Daérah “X” aya di antara Cisadané jeung Citarum, nu ku Jan Pieterszoon Coen mah asup yurisdiksi Batavia, sok sanajan anggapanna ngan sapihak. Ku kituna, daérah “X” jadi bagian pikeun nahan serangan ka Batavia. Daérah “X” téh asup kénéh kana wengkuan kakawasaan Mataram, ngan kusabab tempatna pangjauhna ti Puseur Dayeuh Mataram, kakawasaan Mataram téh ngan karasa hawar-hawar. Katurug-turug nalika daérah “X” dina taun 1652 dipasrahkeun hak pakaina ka VOC, antukna kakawasaan Mataram beuki nyirorot baé. Préténsi Mataram ka daérah “X” nyirorot pisan nepika level 0 nalika taun 1677, ku sabab dumasar kana kontrak Mataram jeung VOC tanggal 25 Februari 1677.

Terus kumaha atuh jeung rahayat Wira Tanu anu tadi kasabit-sabit salila kurang leuwih 30 taun nya éta antara taun 1655 - 1584? Ku lantaran kakawasaan Mataram nyirorot, Pasualan-pasualan sosial saperti bencana alam, wabah kasakit, jeung utamana perang téh teu karandapan nepika rahayat Wira Tanu bisa mekar. Jumlah rahayatna nambahan + jadi 2000 urang. Wira Tanu disebut ogé Dalem (wld = regent) dumasar kana jumlah masarakat nu dipingpinna. Éta hal ditétélakeun dina D. 24 Januari 1680, jadi saméméhna ogé Wira Tanu téh geus mingpin “regentschap” (satuan wilayah satingkat pedaleman atawa kabupatén).

Eusi D. 24 Januari 1680 nya éta saperti kieu:

“………medebrengende een brieffje of javaanse lontor door gemelte javanen te lande van den regent Aria Wira Tanoe uyt de negorye Tsitanjor,……..” anu pihartieunana kira-kira saperti kieu:
(……….mawa surat lontar Jawa ku urang Jawa ti regent Aria Wira Tanu ti negorij Cianjur).

Aya sababaraha catetan penting tina katerangan di luhur:

  1. Nu dimaksud negorij téh nya éta tempat mukim, ku kituna regenschap téh salasahiji negorij. Jadi regentschap téh mangrupa negorij, sedeng negorij téh can tangtu regentschap. Begorij bisa mangrupa babakan atawa kampung. Ku kituna saupama aya negorij di jero negorij urang sebut waé sub-negorij atawa “onder negorij.”
  2. Tina poin nu ka-hiji bisa dicindekkeun yén “negorye Tsitsanjor” mibanda harti “regentschap” Cianjur. Teu mungkin sub negorij Cianjur kusabab:
  3. Wira Tanu nganjrekna di Cikundul (sub-negorij), lain di Cianjur.
  4. Sub negorij mah Cianjur mah dipingpinna ku “Kingwey” (Ki ngabehi) Santaparana anu gugur dina perang ngalawan Banten (D.24 Januari 1980)

Perlu ditandeskeun, yén mangsa harita kakawasaan wira Tanu diangkat sacara sosial ku masarakatna, jadi moal aya bungkeuleukan surat kaputusana, upamana ti piha VOC atawa Mataram. Kakawasaan Wira Tanu harita ngawengku +14 Negorij nu biasa disebut umbul atawa cutak. Ku kituna, turunan Wira Tanu nu ka hiji (Wira Tanu II) satuluyna jadi ahli waris dalem anu ka-dua, tapi anu mimiti dina mangsa kakawasaan VOC sacara de facto jeung de jure Walanda taun 16911707.

Falsafah[édit | sunting sumber]

Cianjur mibanda falsafah nu katelah ngaos, mamaos, jeung maénpo anu ngingetkeun balaréa kana 3(tilu) aspék kaparipurnaan hirup.[2]

  1. Ngaos nya éta tradisi ngaji nu méré suasana jeung nuansa Cianjur anu masarakatna ragem. Ieu citra minangka wewengkon agamis téh cenah geus ditaratas ti mimiti Cianjur ngadeg kira-kira taun 1677. Cianjur diadegkeun ku usahana para ulama jeung budayawan jaman baheula anu gencar ngembangkeun syiar Islam. Hal éta nu nyababkeun Cianjur kungsi katelah gudangna santri jeung kyai. Upama ditilik saliwat sajarah pajuangan di tatar Cianjur jauh saacan mangsa perang kemerdékaan, tétéla yén kakuatan-kakuatan pajuangan kamerdékaan mangsa harita tumuwuh jeung ngagolak ogé di pasantrén-pasantrén. Réa pajuang nu ménta widi para kyai saacan mangkat ka médan perang. Aranjeunna kakara ngarasa lengkep jeung percaya diri ka médan juang sabada meunang widi ti para kyai.
  2. Mamaos nya éta seni tembanganu ngagambarkeun lemesna budi jeung rasa anu matak ngaraketkeun tali duduluran jeung patalimarga dina hirup kumbuh sapopoé. Seni mamaos lahir tina hasil cipta, rasa, jeung karsa Bupati Cianjur R. Aria Adipati Kusumahningrat anu katelah Dalem Pancaniti. Anjeunna jadi pupuhu tatar Cianjur kira-kira taun 1834-1862. Ieu seni mamaos téh maké waditra kacapi indung jeung kacapi rincik, sarta suling anu mirig juru tembang. Rumpaka mamaos umumna leuwih réa ngungkapkeun pupujian ngeunaan kaagungan Alloh S.W.T jeung sagala ciptaan-Na.
  3. Ana pon maénpo nya éta seni béla diri nu kaasup kana golongan penca silat anu ngagambarkeun kaparigelan jeung kakuatan. Nu nyiptakeun jeung nyebarkeun ieu seni maénpo téh nyaéta R. Djadjaperbata atawa nu leuwih dipikawanoh minangka R.H. Ibrahim. Aliran ieu boga ciri maén rasa nyaéta sénsitivitas anu mampuh maca sagala gerakan lawan nalika anggota awak pada-pada antel. Dina maénpo dipikawanoh élmu Liliwatan jeung Peupeuhan

Khas Cianjur[édit | sunting sumber]

Plasma Nutfah[édit | sunting sumber]

Béas Pandan Wangi
  1. Béas Pandan Wangi katelah minangka béas asli khas Cianjur anu mangrupa hiji-hijina béas anu seungit pandan jeug hiji-hijina béas anu kualitasna panghadéna. Béas ieu euweuh di wewengkon séjén, alatan kitu ieu béas téh jadi has Cianjur. Rasana pulen jeung hargana leuwih mahal tibatan béas biasa. Pasawahan Cianjur nu ngahasilkeun ieu béas asli Cianjur téh iwal ti wewengkon kacamatan Warungkondang, Cugenang jeung sawaréh deui di Kacamatan Cianjur. Legana kira-kira 10,392 Ha atawa 10,30 % legana tina sakuliah lahan pasawahan di Kabupatén Cianjur. Produksi rata-rata per héktarna kira-kira 6,3 ton jeung produksi unggal taunna 65,089 ton.
  2. Hayam Pelung nya eta hayam has Cianjur nu numutkeun carita mimiti aya di wewengkon Buni Kasih, Warungkondang tuluy dibudidayakeun di sakuliah Cianjur, utamana di wewengkon nu hawana semu tiis. Dedegan hayam pelung jangkung gagah dipapaés ku bulu-bulu hideung-beureum sakapeung hawuk. Jawérna beureum euceuy nangtung ngaramo. Ieu hayam téh boga kautamaan sora kongkorongok anu ngelewung panjang pisan, ku alatan kitu ieu hayam téh sok dikongkurkeun. Upama geus jadi pinunjul dina kongkur, hayam pelung bisa dihargaan nepika mangjuta-juta rupia.

Kaolahan[édit | sunting sumber]

tauco khas Cianjur
  1. Tauco Cianjur
  2. Géco
  3. Roti unyil
  4. Ranginang
  5. Opak
  6. Putumayang
  7. Bajigur
  8. Ladu
  9. Manisan bungbuahan

Kasenian[édit | sunting sumber]

Tembang Cianjuran
  1. Seni Tembang Cianjuran, Cianjur
  2. Maénpo, Cianjur-Cikalongkulon-Mandé
  3. Beluk, Kadupandak
  4. Dulag, Kadupandak-Cianjur
  5. Réak, Cilaku
  6. Tari Nyalawena, Sindangbarang
  7. Tari Kuda Kosong, Cianjur
  8. Tari Pelung Manggung, Cianjur
  9. Calung rénténg, Sukanagara
  10. Karinding kawung buhun, Cikalong Kulon
  11. Rudat

Karajinan[édit | sunting sumber]

  1. Lampu Gentur, Jambudipa
  2. Mangsi/tinta Gentur, Jambudipa
  3. Karajinan awi, Ciranjang

Adat jeung Tradisi[édit | sunting sumber]

Upacara adat[édit | sunting sumber]

Tradisi[édit | sunting sumber]

Bupati/Dalem[édit | sunting sumber]

  1. R.A. Wira Tanu I (1677-1691)
  2. R.A. Wira Tanu II (1691-1707)
  3. R.A. Wira Tanu III (1707-1727)
  4. R.A. Wira Tanu Datar IV (1927-1761)
  5. R.A. Wira Tanu Datar V (1761-1776)
  6. R.A. Wira Tanu Datar VI (1776-1813)
  7. R.A.A. Prawiradiredja I (1813-1833)
  8. R. Tumenggung Wiranagara (1833-1834)
  9. R.A.A. Kusumahningrat (Dalem Pancaniti) (1834-1862)
  10. R.A.A. Prawiradiredja II (1862-1910)
  11. R. Demang Nata Kusumah (1910-1912)
  12. R.A.A. Wiaratanatakusumah (1912-1920)
  13. R.A.A. Suriadiningrat (1920-1932)
  14. R. Sunarya (1932-1934)
  15. R.A.A. Suria Nata Atmadja (1934-1943)
  16. R. Adiwikarta (1943-1945)
  17. R. Yasin Partadiredja (1945-1945)
  18. R. Iyok Mohamad Sirodj (1945-1946)
  19. R. Abas Wilagasomantri (1946-1948)
  20. R. Ateng Sanusi Natawiyoga (1948-1950)
  21. R. Ahmad Suriadikusumah (1950-1952)
  22. R. Akhyad Penna (1952-1956)
  23. R. Holland Sukmadiningrat (1956-1957)
  24. R. Muryani Nataatmadja (1957-1959)
  25. R. Asep Adung Purawidjaja (1959-1966)
  26. Letkol R. Rakhmat (1966-1966)
  27. Letkol Sarmada (1966-1969)
  28. R. Gadjali Gandawidura (1969-1970)
  29. Drs. H. Ahmad Endang (1970-1978)
  30. Ir. H. Adjat Sudrajat Sudirahdja (1978-1983)
  31. Ir. H. Arifin Yoesoef (1983-1988)[18]
  32. Drs. H. Eddi Soekardi (1988-1996)
  33. Drs. H. Harkat Handiamihardja (1996-2001)
  34. Ir. H. Wasidi Swastomo, Msi (2001-2006)
  35. Drs. H. Tjetjep Muchtar Soleh, MM (2006-2011)
  36. Drs. H. Tjetjep Muchtar Soleh, MM (2011-2016) [19]

Demografi[édit | sunting sumber]

Penduduk[édit | sunting sumber]

Padetna jumlah penduduk di Cianjur teu rata, nya éta:

  1. 63,90 % di wewengkon kalér anu lega wewengkonna 30,78 %
  2. 19,19 % di wewengkon tengah anu lega wewengkonna 28,25 %
  3. 17,12 % di wewengkon kidul anu lega wewengkonna 40,70 %

Agama[édit | sunting sumber]

Penduduk Kabupaten Cianjur katelah minangka masarakat religius anu mayoritas pendudukna ngagem agama Islam nu ngahontal angka 98 %, ana pon penduduk non muslim ngahontal 2 %, anu wincikanna:

  1. Penduduk Islam = 1.893.203 urang (98 %)%
  2. Penduduk Kristen = 32.841 urang (1,7 %)
  3. Penduduk Budha jeung Hindu = 5.796 urang ( 0,3 %)

Tingkat partisipasi umur sakola[édit | sunting sumber]

  1. Angka Partisipasi Kasar SD/MI Taun 2000 ngahontal 84,52 %
  2. Angka Pastisipasi Kasar SMTP ngahontal 38,50 %
  3. Angka Partisipasi Kasar SMTA ngahontal 11,98 %

Indikasi ronjatan derajat kasehatan masarakat[édit | sunting sumber]

  1. Angka Kematian Ibu (AKI) kiwari ngahontal angka 373 per 100.000 kalahiran, turun tina kaayaan taun-taun saméméhna nya éta 420 per 100.000 kalahiran.
  2. Angka Kematian Bayi (AKB) ngahontal 62,00 per 1.000 kalahiran hirup, turun tina kaayaan saméméhna nya éta 65,38 per 1.000 kalahiran hidup.
  3. Angka Harapan Hidu (AHH) ngahontal rata-rata 66,45 taun, naék tina kaayaan saméméhna nya éta 62 tahun.

Transportasi[édit | sunting sumber]

Ibukota kabupatén Cianjur diliwatan ku jalan nasional (Jakarta-Bogor-Bandung), sarta jalur karéta api Jakarta-Bogor-Sukabumi-Cianjur. Pikeun ka Cianjur bisa ngaliwatan jalan darat, upama ti Jakarta bisa ngaliwatan jalur Puncak, jalur Sukabumi atawa jalan alternatif ngaliwatan Jonggol.

Moda Transportasi[édit | sunting sumber]

Angkot di salah sahiji jalan raya Cianjur

Terminal[édit | sunting sumber]

Stasion[édit | sunting sumber]

Palabuan[édit | sunting sumber]

Gambar:Palabuan situ Jangari Cianjur.jpg
parahu keur badarat di palabuan situ Jangari

laut[édit | sunting sumber]

darat[édit | sunting sumber]

Obyek Wisata[édit | sunting sumber]

Objék wisata nu aya di Cianjur diantarana:

Wisata Alam[édit | sunting sumber]

Kebun Raya Cibodas

Wisata Arkeologi[édit | sunting sumber]

Situs Megalitikum Gunung Padang

Wisata Sejarah[édit | sunting sumber]

Istana Cipanas taun 1920-1930

Wisata Religius[édit | sunting sumber]

Réferénsi[édit | sunting sumber]

  1. Pemkab Cianjur.Sekilas Cianjur [internet].Diakses8 Agustus 2011. bisa ditingali di http://cianjurkab.go.id/Ver.3.0/Content_Nomor_Menu_15_3.html
  2. a b c d e f g h Disbudpar.2007. Kearifan masyarakat Jawa Barat dalam pelestarian lingkungan hidup (Wilayah Priangan Barat). Bandung. Disbudpar
  3. BPS. 2010. Hasil Sensus Penduduk 2010, Data Agregat per Kecamatan di Kabupaten Cianjur, Angka Sementara [internet]. Diakses 8 Agustus 2011. Bisa ditingali di: www.bps.go.id/hasilSP2010/jabar/3203.pdf
  4. Cermin Sejarah.Sejarah Kebudayaan Cianjur [internet]. diakses 11 Agustus 2011. bisa ditingali di: http://cerminsejarah.blogspot.com/2009/06/sejarah-kebudayaan-cianjur.html
  5. Telkom.Informasi Kode Area dan Negara"[internet]. diakses 8 agustus 2011. bisa ditingali di: http://www.telkom.co.id/layanan-pelanggan/informasi-kode-area-dan-negara.html
  6. Perpres No. 6 Tahun 2011". 17 Februari 2011. Diakses 23 Mei 2011.
  7. J. Noorduyn & A. Teeuw. 2009. Tiga Pesona Sunda Kuna. ISBN 978-979-419-356-3. Jakarta:PT Dunia Pustaka Jaya
  8. Atja. 1968. Tjarita Parahijangan. Bandung: Yayasan Kebudayaan Nusalarang
  9. Wangsakerta, P. (1679-1682). Pustaka Rajyarajya i Bhumi Nusantara, Parwa II Sarga 2 dan Sarga 4, Parwa III Sarga 1,2, dan 3. Bogor: Transliterasi Saleh Danasasmita
  10. a b c d Yoseph Iskandar. 2001. Sejarah Jawa Barat (Yuganing Rajakawasa). Bandung:CV Geger Sunten
  11. Agus Aris Munandar.2007.Bangunan Suci Pada Masa Kerajan Sunda, Tinjauan Terhadap Kerangka Analisis.prosiding dina Seminar Sejarah dan Kebudayaan Sunda Kuna, Kampung Budaya Sindangbarang, Bogor
  12. a b Budi Brahmantyo.Keagungan Situs Megalitik Gunung Padang. Pikiran Rakyat, Jumat, 20 Januari 2006
  13. Haris Sukéndar.-. Peninggalan situs megalitikum di kabupaten Cianjur. Jakarta:Puslit Arkenas
  14. Wakil Bupati Buka Festival Situ Janari II tahun 2011 (diakses 1 Oktober 2011)
  15. (id)Papajr Tradisi Urang Cianjur dalam Menyambut bulan Ramadhan (diakses 1 Oktober 2011)
  16. (id)Nasi Liwet 300 M Meriahkan HJC 334 (diakses 1 Oktober 2011)
  17. (id)Parade Kesenian dengan Tradisi Kuda Kosong (diakses 1 Oktober 2011)
  18. Yayasan Cikundul. 1988. Riwayat Singkat Dalem Cikundul". citakan ka 2.Cianjur
  19. Hari Jadi Cianjur[internet]. diakses 8 Austus 2011. bisa ditingali di: http://cianjurkab.go.id/Ver.3.0/Content_Nomor_Menu_16_3.html
  20. a b c d e Disbudpar Jawa Barat.2007. Profil Peninggalan Sejarah dan Purbakala di Jawa Barat dalam Khasanah Sejarah dan Budaya .Bandung:Disbudpar Jawa Barat.
  21. a b c d e f g h Haris Sukendar. 2001. Peninggalan Tradisi Megalitik di Daerah Cianjur, Jawa Barat. Jakarta: Puslit Arkenas.
  22. (id) Mesjid Agung Cianjur(diakses 1 Oktober 2011)
  23. (id) Yayasan Pangeran Hidayatullah Cianjur (diakses 1 Oktober 2011)


 t·s·é 

Kabupatén Cianjur, Jawa Barat

Lambang Cianjur.jpg

Kacamatan: Agrabinta | Bojongpicung | Campaka | Campaka Mulya | Cianjur | Cibeber | Cibinong | Cidaun | Cijati | Cikadu | Cikalong Kulon | Cilaku | Cipanas | Ciranjang | Cugenang | Gékbrong | Kadupandak | Karangtengah | Lélés | Mandé | Naringgul | Pacét | Pagelaran | Sindangbarang | Sukaluyu | Sukanagara | Sukaresmi | Takokak | Tanggeung | Warungkondang