Kabupatén Garut
|
|
|
|
|
|
| Motto | Tata Tengtrem Kerta Raharja |
| Propinsi | Jawa Barat |
| Ibukota | Garut |
| Lega Wilayah | 3.065,19 km² |
| Kordinat | - |
| Pangeusi · Jumlah · Kapadetan |
2.260.000 (2003) 737 jiwa/km² |
| Administratif · Kacamatan · Désa/kal |
42 19 kalurahan,400 désa |
| Dasar hukum | - |
| Tanggal | 17 Maret 1813 |
| Bupati | Aceng Holik M. Fikri |
| Kode area telepon | 0262 |
| DAU | Rp. - |
|
Situs web resmi: http://www.garut.go.id |
|
Garut mangrupakeun salahsahiji kabupatén di propinsi Jawa Kulon, Indonésia. Legana 3065.19 km² (1183.48 mi²), nu sacara géografis, aya di antara 6°57′34″ – 7°44′57″ Lintang Kidul jeung 107°24′34″ – 108°7′34″ Bujur Wétan. Wawatesanana,
- beulah wétan: kabupatén Tasikmalaya
- beulah kulon: kabupatén Cianjur jeung kabupatén Bandung
- beulah kalér: kabupatén Sumedang
- beulah kidul: sagara Indonésia
Sacara umum, Garut mibanda iklim tropis tapi tiis, suhu hawa rata-ratana 24 °C (76 °F). Curah hujan taunan rata-rata 2,590 mm (102 inci). Wilayah ieu ngawengku wewengkon lembah nu dikuriling ku gunung api (Gunung Karacak 1838 m, Cikuray 2821 m, Guntur 2249 m, Papandayan 2622 m) di béh kalér, nu luhurna rata-rata 700–750 m luhureun beungeut laut.
Daptar eusi |
Sajarah [édit]
Dina 2 Maret 1811, Kabupatén Balubur Limbangan direbut ku Gubernur Jéndral Herman W. Daendels (tentara kolonial Netherland Indie ) sahingga bupatina, Tumenggung Wangsakusumah II, turun. Kabupatén Balubur Limbangan ngawengku 6 subdistrik: Balubur, Malangbong, Wanaraja, Wanakerta, Cibeureum, jeung Papandak.Teu lami ti eta Herman W.D digulingkeun ku nagara British (Inggris).
16 Pébruari 1813, Kabupatén Limbangan anyar diadegkeun ku Gubernur Jendral Sir Thomas Stamford Bingley Raffles ti Inggris nu salajengna robah jadi Kabupatén Garut. RAA. Adiwijaya jadi Bupati munggaran Kabupatén Garut. Bupati nu katelah Dalem Cipeujeuh ieu jeneng bupati ti taun 1813 nepi ka 1831.
Ti mangsa ngadeg 17 Maret 1813 Sir Thomas Raffles loba mere bantuan pangwangunan di widang seni, budaya jeung agama.
Daptar bupati Garut [édit]
Di handap ieu béréndélan bupati Garut ti mimiti ngadegna Kabupatén Limbangan di Suci (anyar) nu lajeng robah jadi Kabupatén Garut.
- R.A.A. Adiwijaya (1813-1831)
- R.A.A. Kusumadinata (1831-1833)
- Tumenggung Jayadiningrat (1833-1871)
- R. Adipati Aria Wiratanudatar (1871-1915)
- R.A.A. Soeria Kartalegawa (1915-1929)
- R.A.A. Muh. Musa Suria Kertalegawa (1929-1944)
- R. Tumenggung Endung Suriaputra (1944-1945)
- R. Kalih Wiraatmadja (1945-1948)
- R. Tumenggung Agus Padmanagara (1948-1949)
- R. Tumenggung Kartahudaya (1949-1950)
- R. Moh. Sabri Kartasomantri (1950-1956)
- R. Moh. Noh Kartanegara (1956-1960)
- R. Gahara Widjaja Suria (1960-1966)
- Létkol. Akil Ahyar Mansyur (1966-1967)
- R.M. Bob Yacob Ishak (1967-1972)
- Drs. R. Moh. Syamsudin (1972-1973)
- Ir. Hasan Wirahadikusumah (1973-1978)
- Létkol. Iman Sulaeman (1978-1983)
- Létkol. Kav. Taufik Hidayat (1983-1988)
- Momon Gandasasmita, SH (1988-1993)
- Drs. H. Toharudin Gani (1993-1998)
- Drs. H. Dede Satibi (1999-2004)
- Agus Supriadi (2004-2008)
- Aceng Holik M. Fikri (2009-sekarang)
Administrasi [édit]
Sacara administratif, Garut kabagi jadi 42 kacamatan, 400 désa jeung 19 kalurahan, nu pangeusina 2,173,623 jiwa (50% lalaki, 50% istri) .
Topologi [édit]
Dumasar topologina, Garut dibagi jadi dua wilayah:
- Garut Kalér nu ngawengku tatar luhur/pagunungan salaku pamasok poko béas di Garut
- Garut Kidul nu lolobana mangrupa tataran nu teu rata, aya salosin walungan nu ngalir ka kidul, ngamuara di laut kidul.
Wisata [édit]
Aya loba tempat wisata di Garut, ti mimiti wisata basisir di kidul nepi ka panorama pagunungan, kawah, situ, jeung curug. Malah geus ti jaman kolonial Walanda kénéh Garut kawentar salaku salasahiji tujuan wisata, boh keur wisatawan lokal atawa luar, nepi ka katelah salaku "Swiss van Java".
Sababaraha obyek wisata nu aya di Garut diantarana:
- Candi Cangkuang
- Situ Bagendit
- Pamandian Cipanas
- Sampireun
- Kebon sato cikembulan
- Pameungpeuk
- Cilauteureun
- Laut Santolo
Hasil bumi & industri [édit]
Kasuburan taneuh teu rata kapangaruhan ku pagunungan, walungan, jeung tatar handap basisir, sahingga usaha tatanén nu loyog nyaéta perkebunan kawas entéh, ogé tani (sawah & huma), sayur, peternakan, sarta ngokolakeun leuweung.
Sababaraha hasil bumi Garut nu has di antarana,
- jeruk garut
- domba garut
- dodol garut
- minyak akar wangi (Vetiver, Andropogon zizanioides)
- batik tulis garutan
- kaén sutra
- serat haramay
- batu ali
- karajinan kulit
- karajinan awi
- kaos oblong garut
- chocodot (coklat + dodol )
- Brodol (brownis dodol)
- gantungan konci
- jaket kulit
- dorokdok sapi + munding
- gamelan sunda
- pakaian tradisional sunda
- karajinan kerang laut
Galeri [édit]
Tumbu Luar [édit]
|
||||||||||||||
|
Kabupatén Garut, Jawa Barat |
|
|---|---|
|
Kacamatan: Banjarwangi | Banyuresmi | Bayongbong | Balubur Limbangan | Bungbulang | Caringin | Cibalong | Cibatu | Cibiuk | Cigedug | Cihurip | Cikajang | Cikelét | Cilawu | Ciséwu | Cisompét | Cisurupan | Garut Kota | Kadungora | Karangpawitan | Karangtengah | Kersamanah | Lélés | Leuwigoong | Malangbong | Mekarmukti | Pakénjéng | Pameungpeuk | Pamulihan | Pangatikan | Pasirwangi | Peundeuy | Samarang | Selaawi | Singajaya | Sucinaraja | Sukaresmi | Sukawening | Talégong | Tarogong Kalér | Tarogong Kidul | Wanaraja |
|