Kabupatén Kendal
| Artikel ieu keur dikeureuyeuh, ditarjamahkeun tina basa Indonesia. Bantosanna diantos kanggo narjamahkeun. |
|
|
|
| Motto | - |
| Propinsi | Jawa Tengah |
| Ibukota | Kendal |
| Lega Wilayah | 1.002,27 km² |
| Kordinat | - |
| Pangeusi · Jumlah · Kapadetan |
980.000 (2003) 978 jiwa/km² |
| Administratif · Kacamatan · Désa/kal |
19 - |
| Dasar hukum | UU No. 13/1950 |
| Tanggal | - |
| Bupati | H. Hendy Boedoro, SH, M.Si. |
| Kode area telepon | 0294 |
| DAU | Rp. 286.808.000.000 |
|
Situs web resmi: http://www.kabupaten-kendal.go.id |
|
Kabupatén Kendal nyaéta salasahiji kabupatén di Propinsi Jawa Tengah. Ibukotana Kendal. Kabupatén ieu wawatesan jeung Laut Jawa di beulah kalér, Kota Semarang jeung Kabupatén Semarang di beulah wétan, Kabupatén Temanggung di beulah kidul, sarta Kabupatén Batang di beulah kuloneunnana.
[édit] Géografi
Beulah kalér Kabupatén Kendal mangrupakeun dataran handap, sedengkeun beulah kidulna mangrupa pasir jeung pagunungan, minangka bagéan tina Dataran Luhur Diéng (di ujung kulon kidul) jeung Gunung Ungaran (di ujung tenggara). Wewengkon pagunungan loba dipaké keur pakebonan téh.
[édit] Babagéan administratif
Kabupatén Kendal ngawengku 19 kacamatan, nu kabagi deui jadi sababaraha désa jeung kalurahan. Puseur pamaréntahanana aya di Kacamatan Kendal.
Lian ti Kendal, kota-kota kacamatan liana nu cukup signifikan nyaéta Kaliwungu katut Weléri.
Kaliwungu (Basis Kaagamaan)Kota ieu tara pernah sepi tina kahirupan Islam. Loba pasantrén kalayan santri nu jul jol ti sababaraha dayeuh di sakuliah nagri. Dayeuh ieu téh has pisan ku lobana jalma nu maké pakéan muslim, kalayan sarung jeung panutup sirah (kopéah atawa kudung) bari jeung nananggeuy atawa nyepengan Al Qur'an. Lian ti éta, ayat-ayat suci Al Qur'an mindeng kapireng sapanjang poé di ampir unggal juru dayeuh.
Weléri (Basis Perdagangan) Kota pangkulona di ieu kabupatén mémang tara kungsi sepi tina perdagangan.Ieu dayeuh téh jadi transit jeung tujuan para sodagar ti sakuliah wewengkon di kabupatén, malahan mah ti sakuliah wewengkon di Indonésia. Kalayan ayana fasilitas transportasi (2 terminal katut 1 stasion KA) jeung fasilitas komunikasi nu leuwih lengkep tibatan kacamatan liana, Weléri tumuwuh jadi hiji dayeuh nu ramé jeung gampang diaksés. Lian ti éta, sacara sosial, aya para padagang ti Klatén-Solo nu ngawangun hiji pakampungan husus (Kampung Solo)
[édit] Pariwisata
Salasahiji obyék wisata nu kasohor di Kabupatén Kendal nyaéta Curug Séwu, curug tilu tingkat nu luhurna 80 méter, aya di Kacamatan Patéan (wawatesan jeung Kabupatén Temanggung).
|
|
|
|---|---|
|
Kabupaten: Banjarnegara | Banyumas | Batang | Blora | Boyolali | Brebes | Cilacap | Demak | Grobogan | Jepara | Karanganyar | Kebumén | Kendal | Klatén | Kudus | Magelang | Pati | Pekalongan | Pemalang | Purbalingga | Purworejo | Rembang | Semarang | Sragén | Sukoharjo | Tegal | Temanggung | Wonogiri | Wonosobo |
|
|
Kabupatén Kendal, Jawa Tengah |
|
|---|---|
|
Kacamatan: Boja | Brangsong | Cepiring | Gemuh | Kaliwungu | Kangkung | Kendal | Limbangan | Ngampél | Pagerruyung | Patéan | Patebon | Pegandon | Plantungan | Ringinarum | Rowosari | Singorojo | Sukorejo | Weléri |
|