Kacapian

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi

Kacapian mangrupa wangun kasenian nu ngagunakeun kacapi salaku waditra utama. [1] Di Majaléngka aya sababaraha ragam wangun seni kacapian, diantarana Kacapi Suling, Kacapi Celempungan, Kacapi Jenaka Sunda, Kacapi Pantun, jeung Kacapi Kolaborasi [1]


Ragam Kacapian[édit | sunting sumber]

1. Kacapi Suling

Kacapi suling mangrupa wangun kasenian nu dibarengan ku waditra suling. [1] Fungsi kacapi jeung suling dina kasenian ieu nya éta salaku pangiring tembang jeung kawih. Kacapi suling nu aya di Majaléngka diantarana Kacapi tembang jeung Kacapi Kawih. [1]


  • Kacapi Tembang

Dina kasenian ieu aya dua kacapi salaku pangiring, nya éta kacapi indung jeung kacapi rincik. [1] Kacapi indung biasana disebut kacapi parahu ku lantaran wangunna kawas parahu. [1] Jumlah kacapi indung aya 18 nu dijieun tina kuningan. Suling nu dipaké dina tembang sunda nya éta suling nu liangna aya genep, fungsina pikeun ngahasilkeun sababaraha laras, saperti pelog, madenda (sorog), jeung salendro. [1] Nalika dina pintonana, Kacapi indung dilengkepan ku Flute saperti waditra nu panjang jiga Rebab. [2] Salian salaku waditra, kacapi indug dipaké pikeun marengan acara Ngaras, siraman jeung Ngeuyeuk Seureuh dina acara nikahan, jeung acara-acara lianna. [2]

Pamaén kacapi tembang sunda diantarana saurang pamaén kacapi indung, saurang pamaén kacapi rincik, saurang pamaén suling, jeung juru mamaos boh lalaki boh awéwé. [1] Tembang nu dipaké dina tembang sunda aya opat golongan lagu, diantarana Rarancagan, Papantunan, Dedegungan, jeung Jejemplangan. [1] Kaopat golongan lagu ieu kaasup kana sekar irama merdika nya éta lagu nu teu kaikét ku birama. [1] Pikeun ngalengkepan tembang irama merdika, biasana make lagu tambahan nya éta kawih. [1]

Para pamaén kacapi tembang sunda biasana maraké raksukan taqwa nu sarua warnana jeung pamaén sejénna, maké bendo, jeung maké sorban. [1] Sedengkeun juru mamaos awéwé maké kabaya jeung sanggul. [1]

Di Majaléngka tembang sunda dimekarkeun ku para seniman, tokoh-tokoh seniman diwilayah Majaléngka diantarana Samsuri, E. Kusnadi, Oyo Suharja, Amin Choeruman, jeung Soni Supriatna. [1] Juru mamaos awéwé nu turut ngamekarkeun khasanah tembang sunda, diantarana Titin Supartini, Tati, Lia Marliani, jsb. [1]


  • Kacapi Kawih

Kawih nya éta wangun karawitan sekar (vokal) nu kaikét birama atawa ketukan. [1] Kacapi nu dipaké pikeun marengan kawih beda jeung kacapi nu dipaké pikeun marengan tembang. [1] Kacapi nu dipaké pikeun marengan kawih nya éta kacapi siter, jumlah kawatna 20. Vokalis dina kasenian ieu disebut juru sekar atawa juru kawih. [1]

Nepi ka ayeuna, di Majaléngka dipikawanoh sababaraha pamaén seni kacapi kawih di antarana E. Kusnadi, Oyo suharja, Wasman Rukmana, Daryono, Risnandar, Soni Supriatna (suling jeung rebab), Aceng Hidayat (suling), Dede Carmo, Rasma Sudrajat jeung Dadang. [1] Kasenian ieu dimekarkeun ngaliwatan media radio, nya éta siaran Haleuang Pasunjeung di Radika 100,3 FM Majaléngka ku Grup Panghegar. [1] Kelompok seni kawih sejénna diantarana Manik mekar Saputra (Cigasong), Tanjeung Mijeung (Munjul), jeung Kania Setra (Maja). [1]


2. Kacapi Cemplungan

Waditra nu dipaké dina kacapi cemplungan henteu ngan saukur kacapi jeung suling wungkul, tapi ditambah ku waditra sejénna saperti gendang jeung gong. Lagu nu dipaké nya éta sekar tandak atawa kawih. Pikeun nambah daya pangirut pamiarsa, biasana kasenian ieu dibarengan ku tari jaipong. Grup-grup kacapi cemplungan nu dipikawoh ku masarakat Majaléngka diantarana Manik Mekar Saputra, Sanggar Panghegar, Tandang Midang, jeung Kania Setra.


3. Kacapi Jenaka Sunda

Kacapi jenaka sunda mangrupa jenis seni kacapian nu make lagu-lagu lucu dina irama nu teu kauger. Jenis kacapian nu digunakeunna nya éta kacapi siter. Pamaénna nya éta saurang pamaén kacapi salaku panyanyi ditambah ku saurang atawa dua urang pamaén. Kacapi jenaka sunda di Majaléngka dimekarkeun ku kelompok kasenian PG Kadipatén (tahun 1970-an) nepi ka ayeuna masih aya, dalangna nya éta Edi Jubaedi. Pamaén sejénna nu terkenal nya éta Abah Duleh, Abah Bontot, Mang Uu Wahyu, jeung Mang Pentil. Generasi saterusna nya éta Karjo, Iwan Abok, Casma (Mang Cemeng), Ikin Sodikin (Mang jangkung).


4. Kacapi Pantun

Kacapi Pantun mangrupa kacapian pikeun marengan juru pantun nalika nyarita. Wangenan ‘’’pantun’’’ sacara harfiah numutkeun Saleh Danasasmita nya éta “ carita, balada, dongeng atawa sajarah buhun, umumna ngeunaan karajaan Pajajaran (dibarengan ku nyanyian, tarawangsa atawa kacapi). (Saleh, 1974). Sedengkeun numutkeun sababaraha juru pantun, pantun mangrupa wancahan atawa singketan ti kecap papan nu jadi panungtun. Artina ngaliwatan carita pantun pamiarsa miboga panutan atawa cecekelan hirup. Kasenian ieu mangrupa jenis kasenian nu dirojong ku unsur-unsur seni sastra jeung karawitan. Unsur sastra aya dina carita pantun, carita pantun nu mimitina dibawakeun sacara lisan ayeuna mah geus loba nu dibukukeun. Sedengkeun unsur seni karawitan aya dina iringan waditra kacapi nu dipetik nalika pintonan pantun.

Karakteristik pintonan pantun sacara tradisional nya éta :

  • Pamaén kasenian ieu ngan saurang.
  • Saacan pintonan, biasana dilakukeun upacara ritual saperti sasajén jeung maca mantra ku juru pantun sarta ngaduruk menyan.
  • Kacapi nu dipaké nya éta kacapi indung.
  • Nepi ka ayeuna kasenian ieu masih dianggap salaku kasenian sakral.

Numutkeun Ajip Rosidi (1983:32) nyebutkeun yén di daerah Cirebon kacapi pantun ngan dimaénkeun ku saurang. Tapi ayeuna mah sangkan kacapi pantun dipikaresep ku masarakat, ditambahan ku waditra sején, saperti piul (biola), saurang sinden, jeung gamelan. Ku kituna kacapi pantun teu beda jauh jeung wanu catur (Ajip Rosidi, 1983:33). Umumna alur carita pantun dimimitian ku Rajah Pamuka, dituluykeun ku nyarita, nataan karajaan jeung para tokoh carita. Dina akhir carita dipungkas ku nyanyikeun Rajah Pamunah atawa Rajah Panutup. Carita-carita pantun nu terkenal diantarana Mundinglaya Di Kusumah, Lutung Kasarung, Ciung Wanara, Nyi Sumur Bandung, Jaran Sari, Raden Deudeug Pati Jaya Perang, Panggung Karaton, Demung Kalagan, Nyi Pohaci Sanghiang Sri, jsb.

Tokoh-tokoh atawa juru pantun nu terkenal ti Majaléngka nya éta:


5. Kacapi Kolaborasi

Kacapi kolaborasi dimekarkeun ku para seniman Majaléngka seperti Oyo Suharja saparakanca. Dina kasenian ieu waditra nu dipaké nya éta, kacapi siter, gitar akustik, cuk, gitar bas, biola, suling, gendang, jeung gong. Jumlah pamaén na sakitar sapuluh urang. Lagu-lagu nu dipaké nya éta kowlli Sunda, pop Sunda, jeung Indonesia Populer. Kacapi kolaborasi di Majaléngka mimiti diwanohkeun nalika Gelar Seni Tradisi I tanggal 26 Desember 2004. Sanggar Panghegar (Radika FM Majaléngka) nu dipingpin ku Wasman Rukmana magrupa hiji-hijina kelompok kasenian nu mintonkeun jenis kasenian ieu. [1]


Nulis.jpg



Referensi[édit | sunting sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v (id)Kasenian
  2. a b (en) Indung Kacapi (Diakses tanggal 9 November 2011)