Kadelé

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Kedelai
Klasifikasi ilmiah
Kingdom: Plantae
Phylum: Magnoliophyta
Class: Magnoliopsida
Order: Fabales
Family: Fabaceae
Subfamily: Faboideae
Genus: Glycine
(L.) Merr.
Spesies

Glycine max
Glycine soja

Siki Kadelé

Kadelé nya éta sarupaninh kacang, ilaharna sok dijieun témpé, tauco atawa tahu.[1] Kadelé sok disebut ogé kacang jepun atawa kacang gading, pédah warnana gading.[1]

Kandungan Kadelé[édit]

Saperti dilansir ti Times of India, kadelé miboga kandungan 13 nutrisi penting, nya éta protéin anu kualitasna alus, asam lemak omega 3, asam lemak omega 6, kalsium, magnésium, beusi, serat, asam folat, vitamin B1, B2, jeung B6, kalium, fosfor, jeung séng. Numutkeun The American Heart Association, kadelé mangrupa sumber protéin anu kualitasna alus pikeun vegetarian.[2] Kandungan kolesterol alami jeung bebas laktosa, sarta kandungan asam lemak esensial saperti oméga 3 jeung oméga 6, balukarna kadelé alus didahar ku jalma-jalma anu miboga gangguan dina jantung, diabetes jeung darah tinggi.[2] Kadelé miboga kandungan 45 persén protéin nabati anu kualitasna alus, dibandingkeun jeung protéin dina endog ka asup 18-20 persén lipid, mangrupa sumber utama lemak alus.[2] Kadelé ogé miboga kandungan asam amino esensial.[2] Lamun ngonsumsi 25 nepi ka 50 gram kacang kadelé unggal poé bisa ngurangan kadar kolésterol jahat dina getih jeung ngurangan résiko panyakit jantung. [2]

Olahan Kadelé[édit]

Aya sababaraha hasil olahan tina kacang kadelé :

  1. Rupa-rupa tahu saperti tahu bodas, tahu Bandung, tahu takwa, jeung topu.[3]
  2. PIkeun jadi sambara dina pasakan, contona kécap amis atawa soyu ti Jepang.[3]
  3. Bahan pokok pikeun nyieun témpé.[3]
  4. Susu kadelé, kandungana protéin sarua jeung susu sapi.[3]
  5. Tipung kadelé bisa dijieun pikeun nyieun roti.[3]
  6. Minyak kadelé dipaké pikeun nyieun sabun, plastik, kosmétik, resin, mangsi, krayon, pelarut, jeung biodiesel.[3]
  7. Bahan utama dina tauco jeung tausi tina kadelé hideung.[3]


catetan[édit]

  1. a b Danadibrata,R.A.(2006).Kamus Basa Sunda.Bandung: Kiblat Buku Utama.
  2. a b c d e http://kosmo.vivanews.com/news/read/210644-nutrisi-super-dalam-kacang-kedelai 13 Nutrisi Super dalam Kacang Kedelai] (Dicutat tanggal 17 November 2011)
  3. a b c d e f g Ragam Cara Olah Kacang Kedelai (Dicutat tanggal 17 November 2011)